Lokasi Salat Idulfitri di Kota Bandung, Saptu, 22 April 2023, katut Imam jeung Khatib-na

- 21 April 2023, 16:56 WIB
Masjid Raya Agung Bandung anu perenahna di Jl. Asia-Afrika (Alun-alun) Bandung.*
Masjid Raya Agung Bandung anu perenahna di Jl. Asia-Afrika (Alun-alun) Bandung.* /tourbandung.id/

 

GALURA - Réana 1.736 lokasi geus ditetepkeun jadi tempat pelaksanaan Salat Idulfitri 1 Syawal 1444 Hijriah di sakuliah Kota Bandung dina poé Saptu 22 April 2023. Jumlah sakitu téh diwengku ku 1.314 lokasi di masjid, jeung 422 lokasi di lapangan.

Kitu ceuk Kepala Bagian Kesejahteraan Rakyat Setda Kota Bandung, Momon Ahmad Imron Sutisna.

"Ieu data téh diolah ti Kemenag Kota Bandung katut para camat," pokna.

Momon Ahmad satuluyna nandeskeun, Salat Idulfitri 1 Syawal 1444 Hijriah tingkat Kota Bandung baris dipuseurkeun di Masjid Agung Al-Ukhuwah, Jalan Wastukencana, Babakan Ciamis, Kecamatan Sumur Bandung.

Pelaksanaan Salat Id 1 Syawal 1444 H. di Masjid Agung Al Ukhuwah téh baris dihadiran langsung ku Pelaksana Harian (Plh) Wali Kota Bandung, Ema Sumarna katut Forkopimda.

 Baca Juga: Salat Id 1 Syawal 1444 Hijriah Tingkat Jawa Barat, ti Lapangan Gasibu Dipindahkeun ka Masjid Raya Al Jabbar

Ieu dibéréndélkeun daftar sawatara tempat Salat Idulfitri 1 Syawal 1444 H. di Kota Bandung dina poé Saptu, 22 April 2023, katut ngaran imam jeung khatib-na.

 

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x