Peribahasa Sunda, Harti Kecap jeung Conto Ngalarapkeunana dina Kalimat

- 30 Maret 2023, 17:40 WIB
Salahsahiji sasajen dina hiji ritual kasundaan. Dina ritual kasundaan dina biantara pupuhuna mindeng diselappan peribahasa Sunda.
Salahsahiji sasajen dina hiji ritual kasundaan. Dina ritual kasundaan dina biantara pupuhuna mindeng diselappan peribahasa Sunda. /Nanang S/Galura

GALURA -Peribahasa Sunda teh salasahiji bentuk sastra Sunda. Teu beda jeung peribahasa Indonesia, peribahasa Sunda eusina amanat, papatah, pepeling, papagon, palsapah jeung tuntunan. Di handap ieu diterangkeun harti 10 peribahasa Sunda, diterangkeun harti kecap sarta conto makena dina kalimat.

1.Asa ngadéngé gelap tengah poé éréng-éréngan: kagét pisan lantaran teu disangka-sangka acan saméméhna; Ngadéngé béja manéhna ditahan ku pulisi pédah kabaud ku narkoba asa ngadéngé gelap tengah poé éréng-éréngan. Atuda katempona téh bageur jeung lungguh..
Déngé, ngadéngé, nyaksian sarta merhatikeun sora ku ceuli.
Gelap, guludug, sora nu ngajegér sabada aya kilat.
Tengah poé éréng-éréngan, wanci jam 12 beurang waktu keur meumeujeuhna panas panonpoé .

2.Ati mungkir beungeut nyanghareup: ari di hareupeun mah siga nu enya bageur, nurut, unggeuk-unggeukan, tapi tukangeun ngomongkeun atawa ngagogoréng; Tong kitu ka dunungan téh, di hareupeun mah siga enya bageur, nurut, tapi ari tukangeun mah ngutruk, ati mungkir beungeut nyanghareup manéh mah.
Ati, haté.
Beungeut, bagéan hareup sirah.
Nyanghareup (harti injeuman), nurut, ngéstokeun.
Pungkir, mungkir (tina basa Arab), nolak, teu narima, ngangles.

3.Aya nu dianjing cai: remen ngalaksanakeun hiji hal kalayan boga maksud atawa boga tujuan nu tangtu, aya nu dihéroan; Pangna ayeuna remen balanja ka warung Bi Enok teh tuda aya nu dianjing cai, hayang wawuh jeung anakna nu mencrang.
Anjing cai (wawangsalan), hartina séro, sato nu kadaharanana lauk, carana néwak lauk sok ngadodoho heula.

4.Ayakan tara meunang kancra: modal leutik moal mungkin meunang kaantungan badag nu sarua jeung modal gedé; Emang mah dagang leuleutikan, batina ogé ukur cukup keur dahar, tuda ayakan mah tara meunang kancra.
Ayakan, anyaman carang tina hinis awi, bentukna buleud, diwengku, biasana dipaké ngala lauk nu laleutik.
Kancra, ngaran lauk sajenis jeung lauk emas.
Tara, singgetan tina teu ara, moal bisa, moal mungkin kajadian.

5.Balungbang timur jalan gedé sasapuan: ihlas, rido, beresih haté, teu ngunek-ngunek; Emang mah balungbang timur jalan gedé sasapuan, éstu ngahampura kana kasalahan hidep.

Balungbang, kamalir atawa solokan gedé jeung jero.
Sapu, alat paranti ngumpulkeun runtah, kalakay jeung sabangsana; Sasapuan, mindeng jeung maneuh disapuan, lalening.
Timur (basa Melayu), wétan.

6.Balung kulit kotok meuting: henteu beresih pisan haténa, masih kénéh ngunek-ngunek; Sahenteuna kabogoh direbut batur, balung kulit kotok meuting, najan diihlaskeun ogé angger seuseuitan jeung ngunek-ngunek kénéh.
Balung, 1. jawér hayam jago nu aya diluhureun huluna, 2. tulang.
Kotok (basa Jawa), hayam.
Meuting, ngéndong, saré di tempat atawa di imah séjén.

7.Banda sasampiran nyawa gagaduhan: boh banda boh nyawa anging Pangéran nu kagungan, ulah boga angkuhan atawa mastikeun umur jeung banda bisa diatur ku manusa supaya bisa lana kapibogana; Rék lunta ka peuntas téh éstu teu keueung teu ringrang, sagala rupana dipasrahkeun ka Mantenna, manusa mah banda sasampiran nyawa gagaduhan.
Banda (basa Sansakerta), kaboga, harta.
Gagaduhan, teu ngaboga-boga, lain nu sorangan, lantaran ukur katitipan.
Nyawa, umur.
Sasampiran, sasampayan.

8.Bisa ngeureut neundeunna: bisa ngatur pangasilan atawa rejeki, apik henteu boros, manajemén keuangan rumah tanggana merenah tepi ka tara kakurangan duit, malah mah bisa nabung; Ku sabab pamajikana bisa ngeureut neundeunna, dua taun rumah tangga ogé geus boga imah gedong.

Bisa, mampuh.
Keureut, ngeureut, 1. ngalaan saeutik atawa sapotong maké péso, 2.nyunatan.
Teundeun, neundeun, merenahkeun barang di tempat anu sakira merenah.

9.Batok bulu eusi madu: dilarapkeun jalma nu tina tangtungan, rupa, ucap, siga jalma basangal, tapi sabenerna mah bageur, atawa siga bodo tapi pinter; Najan papakéanana kawas préman, buuk gondrong, manéhna mah batok bulu eusi madu, bageur pisan geura, ulah sieun!.
Batok, cangkang nu teuas saperti cangkang kalapa atawa kanari.
Bulu, buuk; kalapa dipésék tapasna, batokna téh tara limit, aya bulu tapas nu teu kabawa.
Eusi, 1.sakur nu aya dina jero wadah, buku, kitab jeung sajabana, 2.beubeunangan, hasil biasana dilarapkeun kana itungan.
Madu, cairan kentel nu aya dina sayang tiwuan, nyiruan, odéng, jeung teuweul, rasana amis.

10.Bengkung ngariung bongkok ngaronyok: kajeun hirup ripuh, asal tetep teu pajauh jeung anak incu; Tong nyaba jauh, sagawé-gawé di lembur waé, Bapa téh hayang bengkung ngariung bongkok ngaronyok.
Bengkung, rada melengkung, henteu ajeg.
Bongkok, tonggong jalma nu teu bisa ajeg alatan geus kolot pisan.
Ngariung, ngumpul.
Ngaronyok, ngumpul padeukeut tepi ka saperti gundukan.

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x