Miéling Hari Air Dunia Tingkat Jawa Barat di Kuningan

- 15 Maret 2023, 22:05 WIB
Sajumlah patugas pintu air jeung patugas operasional bendung (tukang) dipotret bareng
Sajumlah patugas pintu air jeung patugas operasional bendung (tukang) dipotret bareng /Humas Pemprov Jawa Barat/

GALURA-Kepala Dinas Sumber Daya Air (SDA) Provinsi Jawa Barat, Dicky Ahmad Sidik nyebutkeun, penjaga pintu air jeung patugas operasi bendung miboga peran penting.

Penting, dina nyumponan kabutuh masarakat patani enggoning nyaian lahan tatanen pare hususna di Jawa Barat.

Penjaga pintu air jeung penjaga bendung, ceuk Dicky gawena teu kasengker ku waktu, gawe dina lolongkrang waktu 24 jam. 

Baca Juga: Rp 30 Miliar Pikeun Ngabebenah Waduk Darma, Ridwan Kamil : Sing Jadi Objek Wisata Unggulan Kelas Internasional

Sajaba ti eta, ceuk Dicky, satuluyna, ngajaga pikeun salawasna aya cai pikeun nyebor lahan tatanen pare.

"Teu saukur ngajaga panto cai, tapi oge raket patalina sareng infrastruktur," ceuk Dicky, basa acara sarasehan di Waduk Darma, Kabupaten Kuningan, Rebo, (15/3/2023).

Eta acara teh ngalibetkeun 5000 urang patugas penjaga pintu cai jeung patugas operasi bendung ti 6 wilayah sungai di Jawa Barat, minangka runtuyan mieling Hari Air Dunia ka-31Tingkat Jawa Barat.

Baca Juga: Satpol PP Kabupaten Kuningan Dileler Dua Piagem, Pangajen Ti Gubernur Jawa Barat

Acara sarasehan diluuhan ku Gubernur Jawa Barat, Ridwan Kamil, Bupati Kuningan, Acep Purnama Jeung sababaraha urang pajabat boh pajabat tininstsnsi kabupaten boh propinsi.

Ceuk Dicky, Jawa Barat surplus pare 1,3 juta ton sapoena henteu pukah tina peran penting boh penjaga pintu air boh patugas operasional bendung.

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x