Satpol PP Kabupaten Kuningan Dileler Dua Piagem, Pangajen Ti Gubernur Jawa Barat

- 10 Maret 2023, 19:30 WIB
Kepala Satuan Polisi Pamong Praja (Ka Satpol PP) Kabupaten Kuningan, Agus Basuki.
Kepala Satuan Polisi Pamong Praja (Ka Satpol PP) Kabupaten Kuningan, Agus Basuki. /Dok Satpol PP/

GALURA-Satuan Polisi Pamong Praja (Satpol PP) Kabupaten Kuningan, dileler dua piagem  pangajen ti Gubernur Jawa Barat.

Eta pangajen teh, ngait kana sual ngungkulan kahuruan jeung media sosial minangka sarana pikeun sosialisasi pancen gawe ieu instansi.

 

Enya, kaasup pangajen pikeun instansi nu ngahontal Sub Urusan Kahuruan Tahun 2022, kategori Tuntas Paripurna 100 Persen 

 Piagem pangajen,  katampa basa   Milangkala  Upacara Milangkala Damkar Ke-73 jeung Milangkala ka- 61 Satuan Perlindungan Masyarakat,  Gedong Budaya Soreang Kabupaten Bandung, anyar-anyar ieu.

Baca Juga: Damkar Kuningan, Ngawanohkeun Bahaya Kahuruan ka Murid-Murid TK

Piagem anu hiji deui, pangajen Gubernur Jabar minangka Aktifis Medsos Satpol PP Kreatif Tahun 2022.

Ka Satpol PP Kabupaten Kuningan,  Drs. Agus Basuki, M.Si, miharep dua piagem pangajen anu katampa jadi panghudang sumanget jajaranna pikeun  leuwih hade dina enggoning ngalakonan pancen gawe.

 

Baca Juga: Ngamarudahkeun Warga, Monyet Liar Ditewak Ku Patugas Damkar

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah