Dina Acara Milangkala ka-50 taun KSPSI, PUK FSP TSK R KSPSI PT LYG Garment Indonesia Diistrenan

- 1 Maret 2023, 10:47 WIB
PUK FSP TSK R KSPSI PT LYG Garment Indonesia diistrenan dina Milangkala ka 50 taun KSPSI  (25/02/2023).
PUK FSP TSK R KSPSI PT LYG Garment Indonesia diistrenan dina Milangkala ka 50 taun KSPSI (25/02/2023). /Ayank R Sambara/Galura

GALURA -PUK FSP TSK R KSPSI PT LYG Garment Indonesia diistrenan dina Milangkala ka 50 taun KSPSI (Konfederasi Serikat Pekerja Seluruh Indonesia) di LYG Garment Indonesia, Kasokandel Majalengka, Saptu (25/02/2023).

Milangkala ka 50 taun KSPSI nu oge bari ngalantik PUK FSP TSK R KSPSI PT LYG Garment Indonesia diluuhan ku Bupati Majalengka Dr.H.Karna Sobahi, M.MPd., Kapolres Majalengka, diwakilan ku Kapolsek Kasokandel IPTU Wahid Rodise, wawakil Dinas Tenaga Kerja Propinsi Jawa Barat, wawakil BPJS Ketenagakerjaan Majalengka.

Dewan Pimpinan Pusat KSPSI nu hadir dina Milangkala ka 50 taun KSPSI jeung pelantikan PUK FSP TSK R KSPSI PT LYG Garment Indonesia Majalengka di antarana Bibit Gunawan (Sekjen), Siti Nur Azizah Azis (Bendahara Umum), Agung Nugroho (Wakil Ketua Umum).

Baca Juga: Milangkala ka-50 KSPSI, Door Prize Motor 2 ti Bupati Majalengka

Anu sejenna, Arnod Sihite (Wakil Ketua Umum), Sudirman Hamidi (Ketua Bidang Koordinator Wilayah Tengah II), Hendi Purnomo (Wakil Ketua Umum), Royanto Purba (Wakil Sekjen) jeung Dalton Munthe (Wakil Sekjen).

Dina kasempatan eta, Bupati Majalengka, Dr. H. Karna Sobahi, M.M.Pd., ngaparesiasi ka panitia. Hiji kahormatan pikeun Kabupaten Majalengka jadi tuan rumah Hari Pekerja Nasional (HUT ka-50 KSPSI).

Dipiharep mampuh mawa citra Kota Majalengka nu leuwih hade khususna citra sakumna pagawe Majalengka. Pemerintah Kabupaten Majalengka tangtu bakal sagemblengna ngarojong acara eta nu utama Dinas Ketenagakerja KUKM.

"Wilujeng Milangkala ka-50 taun KSPSI, pamugi di yuswa ka lima puluh taun ieu langkung sinergi tur kondusif. Tangtosna tiasa mayungan sakumna pekerja 9 hade deui, oge KSPSI tambih ageung deui" ceuk Bupati.

Baca Juga: Ketua Askab PSSI Kabupaten Bandung : Piala Dunia U 20 Luang Ngaronjatkeun Kamampu

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x