Prediksi Persib vs PSS Sleman, Luis Milla Gede Hate, Seto Nurdiantoro Muji Maung Bandung

- 5 Februari 2023, 14:00 WIB
Persib Bandung ditaksir meunang lawan PSS Sleman di Stadion GBLA sore ayeuna/persib.co,id
Persib Bandung ditaksir meunang lawan PSS Sleman di Stadion GBLA sore ayeuna/persib.co,id /

Sajaba ti lantaran hayang naekkeun deui posisi dina klasemen, oge hayang ngabungahkeun  bobotoh nu datarang ka Stadion GBLA.

"Bobotoh ka stadion margi hoyong ngarojong Persib. Tah Persib oge baris tandang daria, supados bobotoh bingah," pokna. Ngabungahkeun bobotoh teh taya deui, nya ku cara ngelehkeun PSS Sleman.

 

Di sejen pihak, palatih PSS, Seto Nurdiantoro ngaku teu bisa ngabohongan fakta Persib ayeuna.

Baca Juga: Di Palabuan Karajaan Sunda, Kapal-Kapal Niaga ti Mancanagara Larsup

Cek inyana, kualitas Pesib ayeuna beda ti samemehna. Lain wae hade dina keur ngagempur musuh, tapi oge hade dina unggal lini.

"Persib ayeuna sanes wae sae panyerangna, tapi nu sanesna oge. Tim Persib ayeuna weweg oge di unggal lini. Mudah-mudahan wae PSS Sleman tiasa konsentrasi," pokna.

PSS Sleman ayeuna aya dina ka-12 klasemen saheulaanan kalawan nyakuan 25 poin, tina 7 kali meunang, 4 imbang jeung 10 eleh.

Baca Juga: Karajaan Sunda Kagolongkeun Karajaan Agraris tapi Dideudeul ku Maritim nu Kuat

Sedengkeun Persib nyakuan poin 42, tina hasil 13 kali meunang, 3 gedeg jeung 4 keok.

Halaman:

Editor: Aam Permana S

Sumber: persib.co.id


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x