Dandim 0612 Tasikmalaya Ngaresmikeun Masjid Al Gandara, Jamaah Mingkin Tumaninah

- 2 Februari 2023, 17:30 WIB
Dandim 0612/Tasikmalaya Letkol Inf R Henra Sukmadjidibrata, waktu ngaresmikeun Masjid Al Gandara di Desa Padawaras, Cipatujah, Kab. Tasikmalaya, Salasa 31 Januari 2023/ Dok. PENDAM III/Slw
Dandim 0612/Tasikmalaya Letkol Inf R Henra Sukmadjidibrata, waktu ngaresmikeun Masjid Al Gandara di Desa Padawaras, Cipatujah, Kab. Tasikmalaya, Salasa 31 Januari 2023/ Dok. PENDAM III/Slw /

GALURA - Dandim 0612 Tasikmalaya Letkol Inf R Henra Sukmadjidibrata, ngaresmikeun Masjid Al Gandara di Desa Padawaras, Kacamatan Cipatujah, Kabupaten Tasikmalaya, Salasa, 31 Januari 2023.

Ngaresmikeun Masjid Al Gandara teh kalawan neken prasasti ku Dandim 0612 Tasikmalaya.

Ceuk Dandim 0612 Tasikmalaya, samemeh direhab tur ngaresmikeun Masjid Al Gandara, kaayaan masjid mungguh pikahariwamgeun.

Baca Juga: Burayot, Kuliner Has Garut Ayeuna 'Ngapung' ka Mancanagara, Lapakna Sumebar di Jawa Barat

Tihang kaina loba nu geus bobo, kaasup material sejenna dina wangunan masjid nu geus ruksak tur matak pibahayaeun ka jamaah.

Eta kaayaan Masjid Al Gandara teh karoris waktu Dandim 0612/Tasikmalaya ngadongdon ka Desa Padawaras, bulan November 2022.

Satuluyna Kodim 0612/Tasikmalaya rukun gawe jeung Gandara Group pikeun ngarehab Masjid Al Gandara.

Baca Juga: Ayah Lapidin Kungsi Dijieun Naskah Oratorium jeung Dijieun Karya Tari ku Mahasiswa ISBI

Ayeuna mah alhamdulilah, Masjid Al Gandara leuwih tohaga, leuwih lega, sarta mingkin tumaninah.

Dina eta kagiatan ge aya bakti sosial ngabagikeun 200 paket sembako keur warga Desa Padawaras.

"Kagiatan bakti sosial Kodim 0612/Tasikmalaya bareng jeung Gandara Group teh geusan ngabantu masarakat Desa Padawaras sangkan miboga masjid nu leuwih tumaninah, ibadah mingkin husu," pok Letkol Inf R Henra Sukmadjidibrata.

Baca Juga: Ayah Lapidin, Nyantri, di Subang bari Bajuang Ngelingan jeung Ngageuing Rayat ku Lagu Kembang Gadung

Program ngarehab eta masjid ge minangka ketak enggoning ngabantu pamarentah daerah dina raraga mencerdaskan bangsa.

Da masjid ge lian ti tempat ibadah solat, oge mibanda fungsi kagiatan pangajaran tur pangajian neuleuman ajaran Islam.

Ku kituna, Dandim 0612/Tasikmalaya nganuhunkeun ka pingpinan Gandara Group nu geus ngarojong kana program ngarehab katut bakti sosial.

Baca Juga: Kembang Gadung Lagu Sakral di Pantura Jabar, Ngahaleuangkeun jeung Mirigna Ulah Lalawora

"Kahareupna kuring miharep malar ieu kagiatan bakti sosial teh sing terus dilaksanakeun di wilayah sejenna," ceuk Letkol Inf R Henra Sukmadjidibrata.

Sajeroning kitu, Owner Gandara Group, H Cahya Gandara, ngeceskeun, ti beh ditu mula pausahaan satekah polah milu aub kalawan aktif ngayakeun aksi sosial saperti ngabagikeun paket sembako katut ngabantu rehab masjid di wilayah Priangan Timur.

"Moga ieu kagiatan Bakti Sosial Kodim 0612/Tasikmalaya bareng jeung Gandara Group teh mawa mangpaat pikeun balarea, hususon warga Desa Padawaras,” pok H Cahya. ***

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x