Milangkala 73 Taun Kavaleri, Yonkav 4/Kijang Cakti Meresihan Tank M3A3 Stuart

- 2 Februari 2023, 08:00 WIB
Prajurit Batalyon Kavaleri (Yonkav) 4/Kijang Cakti meresihan tur ngecét Tank M3A3 Stuart di Jalan Burangrang, Kota Bandung, Rebo, 1 Pebruari 2023.*
Prajurit Batalyon Kavaleri (Yonkav) 4/Kijang Cakti meresihan tur ngecét Tank M3A3 Stuart di Jalan Burangrang, Kota Bandung, Rebo, 1 Pebruari 2023.* /Dok. YONKAV 4/KIJANG CAKTI/

GALURA – Dina raraga milangkala 73 taun kavaleri, Batalyon Kavaleri (Yonkav) 4/Kijang Cakti meresihan tur ngecet Tank M3A3 Stuart di Jalan Burangrang, Kota Bandung, Rebo, 1 Pebruari 2023.

Meresihan éta Tank M3A3 Stuart nu dipokalan ku Yonkav 4/Kijang Cakti téh lian ti ngareuah-reuah milangkala 73 taun kavaleri, ogé minangka wujud pangabdian jeung miéling kajayaan éta kendaraan tempur.

Yonkav 4/Kijang Cakti minangka pasukan nu kendaraan tempur utamana téh tank, dina milangkala 73 taun kavaleri miduli sarta ngajénan Tank M3A3 nu kungsi boga ketak lagu TNI merangan pemberontakan.

Baca Juga: Carita Lambang Kodam III/Siliwangi, Konsep Gambarna Didesain ku Pelukis Barli

Baréto, ieu Tank M3A3 Stuart téh jadi senjata tempur Belanda mangsa Agresi Militer Belanda I jeung II, laju dihibahkeun ka TNI taun 1949.

Dina ketakna di Indonesia, Tank M3A3 Stuart makalangan dina rupaning operasi militer saperti numpes pemberontakan RMS (1950), pemberontakan DI/TII di Aceh, Jawa Barat, Jawa Tengah (1950), merangan PRRI di Sumatera jeung Permesta Sulawesi Utara (1958), sarta numpes G30S/PKI (1965).

Tank M3A3 Stuart gé remen dipaké dina film-film perang bangsaning Janur Kuning, Ketulusan Kartika, Emerald, katut Darah Garuda.

Sabada boga jasa dina sababaraha operasi TNI, minangka bukti kana ketakna, loba Tank M3A3 Stuart nu dijadikeun monumén, antarana di Ambarawa, Museum Satria Mandala, Pussenkav, Mako Yonkav 4/Kijang Cakti, tur nu aya di Jalan Burangrang, Kota Bandung.

Baca Juga: Putri Anjungsari (15)Baca Juga: Panday ti Sunda, Sanggeus Paj Bajaran Runtag, Sumebar ka Sakuliah Nusantara, pada Ngambeuan

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x