Carita Lambang Kodam III/Siliwangi, Konsep Gambarna Didesain ku Pelukis Barli

- 1 Februari 2023, 16:55 WIB
Lambang Kodam III/Siliwangi nu konsep dasarna didesain ku pelukis Barli Sasmitawinata/ siliwangi.tniad.mil.id
Lambang Kodam III/Siliwangi nu konsep dasarna didesain ku pelukis Barli Sasmitawinata/ siliwangi.tniad.mil.id /

 

GALURA - Carita lambang Kodam III Siliwangi gurat badagna mah ditepikeun ku Kompol (Purn) HR Daddy S Wirakusumah.

Waktu mapag Milangkala 56 taun Kodam III Siliwangi nu meneran 20 Méi 2002, manehna ngaguar satukangeun carita lambang Kodam III Siliwangi.

HR Daddy S Wirakusumah ngadadarkeun carita lambang Kodam III Siliwangi, nu horeng didésain ku pelukis kahot Barli Sasmitawinata.

Baca Juga: Ngajarkeun Kamandirian, Siswa SDIT Persis Tarogong Garut Ngalaksanakeun 'Edu Staycation' di Nangewer

Sakumaha nu kaunggel dina buku “Kehidupanku Bersama Barli” (Nakisbandiah, Bale Seni Barli Kota Baru Parahyangan, 2004), carita lambang Kodam III/Siliwangi téh kieu caritana :

Basa Kolonél AH Nasution kakara datang ti Jogja dina raraga ngabentuk Divisi I, laju ngayakeun rapat staf pikeun nangtukeun ngaran keur Divisi I.

Létkol Doejéh Soeharsa ngusulkeun sangkan Divisi I téh dingaranan “Siliwangi”, dumasar carita nu patali jeung Prabu Siliwangi, lambangna gé “Macan Lodaya.”

Baca Juga: Cek PP Muhammadiyah, 1 Ramadhan 1444 Hijriah 23 Maret 2023, Ieu Sihoreng Alesanna

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah