Turnamén Voli Bal Dadan Konjala Cup, Cara Anggota DPRD Abah Deka Mageuhan Silaturahmi

- 2 Februari 2023, 05:58 WIB
Anggota DPRD Kabupaten Bandung ngayakeun Turnamen Voli Bal Dadan Konjala Cup.*
Anggota DPRD Kabupaten Bandung ngayakeun Turnamen Voli Bal Dadan Konjala Cup.* /(SOPANDI//Galura PIkiran Rakyat. com)

GALURA - Anggota DPRD Kabupaten Bandung H. Dadan Konjala ngayakeun Turnamén Bola Voli Dadan Konjala Cup, di Perumahan Batu Reok  Cipinang Indah, Kecamatan Cimaung Kabupaten Bandung.

Ceuk Abah Deka, nenehna Dadan Konjala, SH, ieu turnamén gawé bareng perusahaan Konjala Wahidin jeung Fajar Terbit Line, diiluan ku 32 klub putra jeung 12 klub putri nu didominasi ku klub asal daérah pamilihan (dapil) 7.

Abah Deka téh anggota Fraksi PDIP DPRD Kabupaten Bandung ti dapil 2, nu ogé bacaleg DPRD Provinsi Jawa Barat. Inyana nétélakeun,  ieu turnamén dibuka 27 Januari 2023, dijadwalkeun bérés tengah-tengah Pebruari 2023.

Abah Deka ngajénlasken, ieu turnamén voli ba digelar di Cimaung lantaran perumahan nu inyana wangun lokasina di dieu. "Lahan fasos fasum-na pikeun warga masarakat. Nya dijieunkeun lapang voli bal nu representatif keur outdoor mah," pokna.

Baca Juga: Palasapah Silat jeung Gaya Maen Persib, Salamet jeung Nyalametkeun

Abah Deka nyebutkeun, komplek kasebut ogé mibanda klub Voli Bal BRC "Kaleresan pausahaan téh ulang taun nu ka-5, sim kuring sareng para direksi tos marger rukun gawé antara Konjala Wahidin sareng Pajar Terbit Line, " pokna.

Numutkeun Abah Deka, ieu turnamén diayakeun sabab aya pameredih ti Karang Taruna sareng RT/ RW satempat tur pangurus IVO pikeun ngayakeun  turnamén. "Ku pihak pausahaan dibagéaken hadé. Jadi hadiah ditanggung pausahaan," pokna.

Sajaba pikeun mageuhkeun tali silaturahmi, ieu turnamén ogé keur ngayak bibit-bibit pamaén voli bal. "Kanggo turnamén munggaran ieu patandang ti dapil 7 diutamikeun. Ké panginten ka payunna aweuhanana langkung lega, muga-muga aya milikna sareng kaayaanana ngamungkinkeun,” ceuk Abah Deka.***

Anggota DPRD Kabupaten Bandung ngayakeun Turnen Voli Bal Dadan Konjala Cup.*
Anggota DPRD Kabupaten Bandung ngayakeun Turnen Voli Bal Dadan Konjala Cup.* Galura PIkiran Rakyat. com)

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x