Dandim 0612 Tasikmalaya Ngaresmikeun Masjid Al Gandara, Jamaah Mingkin Tumaninah

- 2 Februari 2023, 17:30 WIB
Dandim 0612/Tasikmalaya Letkol Inf R Henra Sukmadjidibrata, waktu ngaresmikeun Masjid Al Gandara di Desa Padawaras, Cipatujah, Kab. Tasikmalaya, Salasa 31 Januari 2023/ Dok. PENDAM III/Slw
Dandim 0612/Tasikmalaya Letkol Inf R Henra Sukmadjidibrata, waktu ngaresmikeun Masjid Al Gandara di Desa Padawaras, Cipatujah, Kab. Tasikmalaya, Salasa 31 Januari 2023/ Dok. PENDAM III/Slw /

"Kagiatan bakti sosial Kodim 0612/Tasikmalaya bareng jeung Gandara Group teh geusan ngabantu masarakat Desa Padawaras sangkan miboga masjid nu leuwih tumaninah, ibadah mingkin husu," pok Letkol Inf R Henra Sukmadjidibrata.

Baca Juga: Ayah Lapidin, Nyantri, di Subang bari Bajuang Ngelingan jeung Ngageuing Rayat ku Lagu Kembang Gadung

Program ngarehab eta masjid ge minangka ketak enggoning ngabantu pamarentah daerah dina raraga mencerdaskan bangsa.

Da masjid ge lian ti tempat ibadah solat, oge mibanda fungsi kagiatan pangajaran tur pangajian neuleuman ajaran Islam.

Ku kituna, Dandim 0612/Tasikmalaya nganuhunkeun ka pingpinan Gandara Group nu geus ngarojong kana program ngarehab katut bakti sosial.

Baca Juga: Kembang Gadung Lagu Sakral di Pantura Jabar, Ngahaleuangkeun jeung Mirigna Ulah Lalawora

"Kahareupna kuring miharep malar ieu kagiatan bakti sosial teh sing terus dilaksanakeun di wilayah sejenna," ceuk Letkol Inf R Henra Sukmadjidibrata.

Sajeroning kitu, Owner Gandara Group, H Cahya Gandara, ngeceskeun, ti beh ditu mula pausahaan satekah polah milu aub kalawan aktif ngayakeun aksi sosial saperti ngabagikeun paket sembako katut ngabantu rehab masjid di wilayah Priangan Timur.

"Moga ieu kagiatan Bakti Sosial Kodim 0612/Tasikmalaya bareng jeung Gandara Group teh mawa mangpaat pikeun balarea, hususon warga Desa Padawaras,” pok H Cahya. ***

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x