Cek Bobotoh, Persib Kudu Meunang Meh Aya di Puncak Klasemen Deui, Ieu Link Live Streaming Persib vs PSIS

- 31 Januari 2023, 14:30 WIB
Ilustrasi bobotoh Persib Bandung
Ilustrasi bobotoh Persib Bandung /Pikiran Rakyat/Armin Abdul Jabbar/

Harepan nu sarua, ditembrakkeun ku Yuni Ani, hiji mahasiswa di Jatinangor nu ngaku anggota Viking Bandung.

Cek Yuni, basa ningali posisi Persib dipuncak klasemen direbut Persija Jakarta, manehna ngaku hanjelu pisan.

Eta teh basa ningali hasil Persija vs Persikabo 1973, 1-0 jeung PSM Makassar vs RANS Nusantara 3-1, nu ngalantarankeun Persib kudu turun deui ka urutan 3. Sabab posisi kahiji jeung kadua dieusian ku Persija jeung PSM Makasar. 

Baca Juga: Rekomendasi 2 Tempat Wisata di Bogor, Ngopi di Sawah, Kukudaan di Gunung Mas, Healing keur Kulawarga

"Nya dina laga engke, Persib kedah kenging ti PISS supados aya deui di puncak," cek Yuni.

Ngajawab taksiranna, cek Yuni, nurutkeun feeling mah enya Persib bakal meunang.

"2-1 kanggo Persib lah," cek Yuni.

Baca Juga: Ningali jeung Dipoto Latar Kembang Sakura Teu Kudu ka Jepang, di Bogor Gé Aya, Rékomendasi Wisata Peré Imlék

Boh Dedi boh Yuni ngaku rek manco lalajo Persib vs PSIS engke, tapi moal lalajo dina TV. Maranehna rek lalajo via streaming ti Video.

Akur akur.

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x