Yudi Guntara Umajak ka Bobotoh, Mere Rojongan Positif Malar Persiib Jadi Juara BRI Liga 1

- 28 Januari 2023, 14:30 WIB
Pamaen Persib Bandung manten Yudi Guntara miharep bobotoh di mana wae ayana, mere rojongan positif keur kleup kameumeut warga Jawa Barat Maung Bandung/persib.co.id
Pamaen Persib Bandung manten Yudi Guntara miharep bobotoh di mana wae ayana, mere rojongan positif keur kleup kameumeut warga Jawa Barat Maung Bandung/persib.co.id /

GALURA - Pamaen Persib Bandung manten Yudi Guntara miharep bobotoh di mana wae ayana, mere rojongan positif keur kleup kameumeut warga Jawa Barat Maung Bandung.

Rojongan positif teh dipibutuh sangkan perjoangan Persib Bandung jadi juara dina BRI Liga 1 2023/2023 kahontal.

Eta hal teh ditembrakkeun Yudi Guntara dina acara "Sampurasun" di markas Viking Distrik Dago, Jumaah kamari, kalawan diaping ku MC Echie Desi.

Baca Juga: Ngelehkeun Borneo FC 1-0, Persib Bandung Ngangsrod ka Puncak Klasemen Liga 1, Bobotoh : Luis Milla Hebat!

Sajaba ti Yudi Guntara, dina eta acara nu judulna "Isi Semangat Dukung Pesib", aya oge Airlangga (urut pamaen), Herru Joko (Raja Viking Persib Club), jeung tuan rumah Viking Distrik Dago, Ahmad Zaini Dahlan.

Nurutkeun Oji --nenehna Yudi Guntara, Persib teh ayeuna keur meujeuhna hade. Mangprang kacida.

Buktina, Persib nu asalna aya di papan handap, alon tapi pasti nerekel ka hambalan 4 klasemen saheulaanan BRI Liga 1 2022/2023.

Baca Juga: Patekadan Luis Milla dina Laga Persib vs Borneo FC : Meunang, Neruskuen Tren Positif, 'Mayar Hutang'

Ayeuna, sabada ngelehkeun Borneo FC 1-0 di Pakansari Bogor, Persib Bandung nyicingan puncak klasemen saheulaanan, aya di saluruheun Persija Jakarta jeung PSM Makassar.

Nurutkeun Oji, eta teh taya lian tina efektivitas kaputusan manajemen ngaganti palatih di tengah-tengah puteran kahiji.

"Eta teh bukti yen mangprangna Persib sabada dicekel ku Luis Milla. Eta teu bisa dipungpang deui, kitu kanyataanna. Luis Milla nyandak Persib ka jalur juara," pokna.

Baca Juga: Kick Off Persib vs Borneo FC Jadi Jam 15.30 WIB, Tanpa Panongton, Ieu Link Live Streaming Pertandinganana

Bari miharep pangalaman Luis Milla enggoning jadi palatih Timnas Indonesia jeung mante pamaen level dunya, dilarapkeun keur Persib, Oji miharep, bobotoh mere rojonhan positif.

"Nu diperyogikeun ayeuna, rojongan positif ti urang sadayana, bobotoh, malar Persib janten juara," cek Yudi Guntara nu kungsi nganteurkeun Persib jadi juara Perserikatan Perserikatan 1989/1990, 1993/1994 jeung Liga Indonesia (LI) I/1994-1995.

 

Kamandang nu sarua, ditembrakkeun ku Airlangga, manten senterpur atawa striker Persib  ti taun 2008/2009, mangsa liga disebutna Indonesia Super League (ISL).

Baca Juga: Ieu Jangji Henhen Persib Bandung Nalika Nyanghareupan Borneo FC Kemis 26 Januari, Sangkan Teu Tijalikeuh!

Cek Airlangga, Persib ayeuna aya jalur juara, tapi persainganna beurat jeung rapet, da bedana poin antara Persib jeung nu di handapna ukur hiji.

"Dina kaayaan sapertos kieu, pamaen mibutuh suport ti fans, bobotoh. Margina, yu urang rojong pisan Persib," pokna.

 

Ngeunaan eta hal, Raja Viking PERSIB Club, Herru Joko jeung Ketua Viking Distrik Dago, Ahmad Zaini Dahlan nyebutkeun yen soal rojongan mah geus pasti.

Baca Juga: David da Silva Persib Bandung Siap Makalangan Nyanghareupan Borneo FC, Geus Milu Latihan di Stadion Siliwangi

Pokna najan teu diperedih ge, bobotoh mah pasti bakal ngarojong tim kameumeutna, sangkan ngadongkrak motivasi pamaen.

Opatanana sapuk, baris ngarojong Persib, sangkan kabiruyungan jadi juara dina BRI Liga 1 ayeuna. ***

 

Editor: Aam Permana S

Sumber: persib.co.id


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x