Patekadan Luis Milla dina Laga Persib vs Borneo FC : Meunang, Neruskuen Tren Positif, 'Mayar Hutang'

- 26 Januari 2023, 13:45 WIB
Luis Milla hayang mawa Persib unggul lawan Borneo FC
Luis Milla hayang mawa Persib unggul lawan Borneo FC /Instagram @sport.indosiar

"Sim kuring oge miharep, Persib maen kalawan sprint nu sae, tarungna maksimal deuih," cek palatih asal Spanyol teh.

Di sejen pihak, palatih Borneo FC, Andre Gaspar ngaku teu gimir nyanghareupan Persib Bandung nu ayeuna keur moncorong.

Manehna ngaku, geus marentahkeun pamaenna keur bajoang bebeakan supaya bisa metik hasil nu maksimal, ngungkulan Persib.

Baca Juga: Magrib Mengaji Shalat Berjamaah Solusina, Bupati Ciamis: Masjid Agreng, tapi nu Solat Barjamaah Corengcang

 

Cek Andre Gaspar, laga antara Persib jeung timna engke teh minangka pertandingan dua tim kuat nu ayeuna aya di "papan atas".

"Mudah-mudahan Borneo FC tiasa maksimal sareng naklukeun deui Persib," cenah. ***

Halaman:

Editor: Aam Permana S

Sumber: persib.co.id


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x