Seniman jeung Politik, Satria Seni Bhinekas Kabupaten Majalengka Ngadukung Karna Sobahi Jadi Bupati Deui

24 Juni 2024, 09:01 WIB
Seniman nu ngagabung dina "Satria Seni Bhinekas" ngarojong H. Karna Sobahi jadi deui Bupati keur nuluykeun pangwangunan di Kabupaten Majalengka jilid II. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Ratusan komunitas seni jeung budaya di Kabupaten Majalengka anu aya dina auban "Satria Seni Bhinekas" ngarojong H. Karna Sobahi jadi deui Bupati keur nuluykeun pangwangunan di Kabupaten Majalengka jilid II.

Ieu rojongan diikrarkeun nalika acara silaturahmi akbar ratusan komunitas seni budaya sakabupaten Majalengka anu tempatna di Tourist Information Center & Store Panyaweuyan, Kecamatan Argapura, Saptu, 22 Juni 2024.

Ketua Satria Seni Bhinekas, Ocky Sandi, netelakeun kagiatan silaturahmi akbar diiluan ku leuwih 130 pingpinan sanggar seni.

"Aya 130 grup langkung tos aub di Satria Bhinekas, kangge mengkuhkeun komitmen ngarojong Bapa H. Karna Sobahi majeng deui Bupati Majalengka periode 2024-2029," ceuk Ocky, nalika ditepungan ku wartawan, Ahad (23/06/2024).

"Satiap pingpinan seni ngaluuhan tur sadayana komitmen ngarojong ka bapa Karna Sobahi supados janten deui Bupati Majalengka 2024-2029," ceuk Ocky.

Disebutkeun Ocky, munggaran dina sajarah Pilkada Majalengka aspek seni jeung budaya bakal diperjoangkeun sacara spesifik ku bakal calon bupati.

"Kapamingpinan Bapa Karna Sobahi dina 5 taun kapengker kawilng luar biasa. Bewarakeun iber hade ieu ka sakumna masarakat Majalengka aspirasi seni budaya bakal diperjoangkeun deui," ceuk Ocky.

Inyana oge boga itikad hade bakal berjoang babarengan nepi ka Tempat Pemungutan Suara (TPS), kalayan cangkingan soara minimal 50% keur kaunggulan Karna Sobahi.

Karna Sobahi kawilang ngapresiasi kagiatan anu dipokalan ku sakumna pingpinan tur seniman anu dina Silaturahmi Akbar Komunitas Seni Budaya.

Bupati manten Majalengka periode 2018-2023 oge ngadadarkeun waktu kapamngpinanna harita. Kawijaksanaanana harita merhatikeun tur berjoang pikeun seni jeung budaya. Di antarana misahkeun Dinas Pendidikan dan Kebudayaan Majalengka, adi 2: Dinas Pendidikan Majalengka jeung Disparbud Majalengka.

Karna Sobahi oge ngawangun gedong Majalengka Creative Center (MCC). Kiwari Kabupaten Majalengka geus mibanda gedong anu mangpaatna keur tempat unjuk kreatif generasi ngora ti mimiti ti seni, budaya nepi kuliner di Gedong Kreative Center.

"Kangge Satria Seni Bhinekas, cobi damelan komitmen. Kapayun naon wae anu diperyogikeun, program naon anu bakal didamel kawijakan sapertos naon kangge seni," ceuk Karna Sobahi.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler