Jalan Santai jeung Khitanan Massal Ngagumebyarkeun Hari Jadi ka 533 Kabupaten Majalengka

5 Juni 2023, 15:00 WIB
Pemkab Majalengka ngagelar Jalan Santai jeung Khitanan Massal di wilayah Selatan Majalengka dina raraga mieling Hari jadi ka 533 Kabupaten Majalengka. /Ayank/Galura

GALURA -Mieling Hari Jadi ka 533 Kabupaten Majalengka ka-533 taun 2023, Pemkab Majalengka ngagelar jalan santai jeung khitanan masal di wilayah Selatan Majalengka: Kecamatan Cikijing, Maja, Banjaran, Argapura, Talaga, Cingambul, Malausma, Bantarujeg, jeung Lemahsugih.

Kagiatan jalan santai jeung khitanan masal dina raraga mieling Hari Jadi ka 533 Kabupaten Majalengka dibuka langsung ku Bupati Majalengka, tempatna di Lapangan Desa Kasturi, Kecamatan Cikijing, Ahad (04/06/2023)

Dina jalan santai jeung khitanan masal dina raraga mieling Hari Jadi ka 533 Kabupaten Majalengka di Desa Kasturi, rawuh Sekda, Ketua DPRD Kab.Majalengka, ibu Ketua TP-PKK Kab.Majalengka, Ketua Dharmawanita Persatuan Kab.Majalengka.

Baca Juga: Gelar Giat Jempol Cumeluk ka nu Arulin di Taman Dirgantara Pentingna Ngajaga Kamtibmas

Anu sejenna: unsur Forkopimda Kab.Majalengka, sakumna Kepala OPD, sakumna Camat di salapan wilayah Kecamatan, sakumna Kepala Desa da-Kecamatan Cikijing, sarta sakumna pamilon Jalan Santai jeung Khitanan massal.

Bupati Majalengka, Dr. H. Karna Sobahi,M.M.Pd., nyebutkeun, mieling Hari Jadi ka 533 Kabupaten Majalengka ka-533 taun ayeuna jejerna "Rempeg Gawe Lanjutkeun Majalengka Raharja".

Dina mieling Hari Jadi ka 533 Kabupaten Majalengka ka-533 kiwari jadi pokus utama kudu dirasakeun ku sakumna masarakat Majalengka di sakumna wilayah nu aya di Kab. Majalengka, kaasup di wilayah Selatan Majalengka.

Baca Juga: Hari Jadi Kabupaten Majalengka Dumasar Mitos jeung ukur Dilelebah

Dina jalan santai disadiakeun hadiah sapeda motor 3. motor listrik 1, sapedah gunung jeung puluhuan doorprize sejenna.

"Majalengka kagungan rayat, kabagjaan kagungan rayat, ku kituna hayu urang ngucap syukur dina gumebyarna mieling Hari Jadi ka 533 Kabupaten Majalengka. Ieu sadayana ieu kangge masarakat di Kab.Majalegka," ceuk Bupati Majalengka.

"Dinten ieu dikawitan ku gerak Jalan Santai di wilayah Selatan, saterasna kaping 14 Juni di wilayah Tengah, kaping 25 Juni di wilayah utara. Ieu kagiatan kangge mieling sareng ngareuah-reuah mieling Hari jadi ka 533 Kabupaten Majalengka," ceuk Bupati Majalengka.

Ketua Panitia Hari Jadi ka 533 Kabupaten Majalengka, H. Agus Susanto nu oge Kadinkes Mahalengka, rengse miluan acara khitanan masal di RSUD Talaga, nyebutkeun runtuyan kagiatan Hari Jadi ka 533 Kabupaten Majalengka, panitia geus ngalaksanakeun sababaraha kagiatan boh bakti sosial, pelayanaan kasehatan boh palombaan.

Baca Juga: Dina Pemilu 2024 Kuwu di Kabupaten Majalengka, Ngaleut jadi Bacaleg keur DPRD Kabupaten Majalengka

"Dinten ieu khitanan masal haratis sareng jalan santai kanggo warga di wilayah selatan. Nu ngiring khitanan masal aya 163 murangkalih nu sumebar di 8 Kecamatan wilayah selatan. Dina khitanan masal ngaubkeun tim medis ti 8 Puskesmas di wilayah selatan ," ceuk H Agus.

Nu miluan khitanan masal dibere bingkisan hadiah, panyecep, sarung, baju koko, kopeah jeung sajabana. “Pamugi murangkalih nu disepitan janten murangkalih nu soleh," ceuk H. Agus.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler