Gelar Giat Jempol Cumeluk ka nu Arulin di Taman Dirgantara Pentingna Ngajaga Kamtibmas

- 5 Juni 2023, 14:15 WIB
Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto,S.I.K., ngalaksanakeun kagiatan Jempol (Jumat Edukasi Masyarakat dari Polisi) ka nu arulin di Taman Dirgantara Kabupaten Majalengka (02/06/2023).
Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto,S.I.K., ngalaksanakeun kagiatan Jempol (Jumat Edukasi Masyarakat dari Polisi) ka nu arulin di Taman Dirgantara Kabupaten Majalengka (02/06/2023). /Ayank/Galura

GALURA -Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto,S.I.K., ngalaksanakeun kagiatan Jempol (Jumat Edukasi Masyarakat dari Polisi) ka nu arulin di Taman Dirgantara Kabupaten Majalengka (02/06/2023). Jejerna ngeunaan kamtibmas.

Dina Jempol harita, Kapolres Majalengka dibarengan ku sakumna Pejabat Utama ngobrol jeung wisatawan asal Bekasi bari ngaedukasi pentingna masarakat dina ngajaga kamtibmas.

Kapolres Majalengka nyebutkeun, dina libur panjang, Polres Majalengka nurunkeun ratusan Personil di tempat-tempat wisata jeung di tempat karamean di wilayah Kabupaten Majalengka pikeun ngajaga kamtibmas, di antarana ngamangpaatkeun Jempol.

Baca Juga: Dina Pemilu 2024 Kuwu di Kabupaten Majalengka, Ngaleut jadi Bacaleg keur DPRD Kabupaten Majalengka

"Dina ieu kasempatan, Polres Majalengka nitenan tur nangtoskeun masarakat nu nuju liburan di wilayah Majalengka ngaraos aman tur merenah," ceuk AKBP Indra Novianto.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x