Lokasi Salat Idulfitri di Kota Bandung, Saptu, 22 April 2023, katut Imam jeung Khatib-na

21 April 2023, 16:56 WIB
Masjid Raya Agung Bandung anu perenahna di Jl. Asia-Afrika (Alun-alun) Bandung.* /tourbandung.id/

 

GALURA - Réana 1.736 lokasi geus ditetepkeun jadi tempat pelaksanaan Salat Idulfitri 1 Syawal 1444 Hijriah di sakuliah Kota Bandung dina poé Saptu 22 April 2023. Jumlah sakitu téh diwengku ku 1.314 lokasi di masjid, jeung 422 lokasi di lapangan.

Kitu ceuk Kepala Bagian Kesejahteraan Rakyat Setda Kota Bandung, Momon Ahmad Imron Sutisna.

"Ieu data téh diolah ti Kemenag Kota Bandung katut para camat," pokna.

Momon Ahmad satuluyna nandeskeun, Salat Idulfitri 1 Syawal 1444 Hijriah tingkat Kota Bandung baris dipuseurkeun di Masjid Agung Al-Ukhuwah, Jalan Wastukencana, Babakan Ciamis, Kecamatan Sumur Bandung.

Pelaksanaan Salat Id 1 Syawal 1444 H. di Masjid Agung Al Ukhuwah téh baris dihadiran langsung ku Pelaksana Harian (Plh) Wali Kota Bandung, Ema Sumarna katut Forkopimda.

 Baca Juga: Salat Id 1 Syawal 1444 Hijriah Tingkat Jawa Barat, ti Lapangan Gasibu Dipindahkeun ka Masjid Raya Al Jabbar

Ieu dibéréndélkeun daftar sawatara tempat Salat Idulfitri 1 Syawal 1444 H. di Kota Bandung dina poé Saptu, 22 April 2023, katut ngaran imam jeung khatib-na.

 

1. Masjid Agung Al-Ukhuwah, Jl. Wastukencana, Babakan Ciamis, Kecamatan Sumur Bandung.

Imam & khatib: KH Saiful Islam Mubarok

2. Masjid Raya Agung Bandung, Jl. Asia Afrika, Balonggede, Kecamatan Regol (Alun-alun Bandung).

Imam & khatib: Ust. Anang Suryana & KH A. Hasyim Asy'ari

3. Masjid Raya Al Jabbar (MRAJ), Jl. Ciméncrang No. 14, Gedebagé

Imam & khatib: KH. Rif'at Aby Syahid & Prof Mahmud

4. Masjid Agung Trans Studio Bandung, Jl. Gatot Soebroto

Imam & khatib: Ust. Ucu Najmudin

5. Masjid Besar Cipaganti, Jl. RAA Wiranatakusumah No. 85

Imam & khatib: KH Muhtar Gandaatmaja

6. Lapang Sepak Bola KPAD,  Jl. Gegerkalong Hilir, Kec. Sukasari

Imam & khatib: Ust. Agil Husin Munawar & Prof. Dr. Yayan Nurbayan

7. Daarut Tauhid, Jl. Gegerkalong Girang No. 38

Imam & khatib: KH Abdullah Gymnastiar

8. Masjid Besar Kaum Ujungberung, Jl. Alun-alun Barat No. 183, Cigending, Ujungberung

Imam & khatib: Ust. H. Cecep Firdaus Muttaqin

Baca Juga: Solat Id, Jumaah, 21 April 2023, di SMK Muhammadiyah Kawali Kabupaten Ciamis, Lain ukur Anggota Muhammadiyah

9. Masjid Agung Buahbatu, Jl. Margacinta No. 02, Cijaura

Imam & khatib: Ust. H. Ayep Komar MF

10. Masjid Besar Al Ihsan

Imam & khatib: KH Asep Totoh Gozali

11. Lapangan Peti Kemas Gedebage

Imam & khatib: H. Dadang Nandi

12. Gerbang Biru GBLA, Kelurahan Rancanumpang, Kecamatan Gedebagé

Imam & khatib: Iwan Setiawan

13. Masjid Al-Miftah, Jl. Sukahaji No. 04, Kel. Sukarasa, Kec. Sukasari

Imam & khatib: Ust. Drs. Irfan Shohib

14. Masjid Nurul Masriq,  Jl. Segar Raya No.12, Cigending, Ujungberung,

Imam & khatib: Ust. Jafar Sidiq

15. Apartemen Jardin Cihampelas Bandung

Imam & khatib: Ust. Nurhaji Hadayatullah & Prof. Dr. Jaja Jahari.***

Baca Juga: Sangkan Arus Mudik jeung Arus Balik Lancar, Bupati Majalengka Ngaroris Pos Pam Lebaran 1444 H

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler