Antisipasi Tawuran Pelajar jeung Perang Sarung, Kapolres Majalengka, Umajak Kepala Sekolah Ngaroris Siswa

28 Maret 2023, 14:28 WIB
Kapolres Majalengka, AKBP Edwin Affandi, S.I.K., M.H., ngadadarkeun ngeunaan tawuran pelajar, kaasup perang sarung dina bulan Ramadhan jeung cara ngungkulanana. /Ayank R Sambara/Galura

GALURA –Dina gempungan para kepala sekolah sakabupaten Majalengka, di Gedong Yudha Karya Pemkab Majalengka, Senen (27/03/2023), Kapolres Majalengka, AKBP Edwin Affandi, S.I.K., M.H., ngadadarkeun ngeunaan tawuran pelajar, kaasup perang sarung dina bulan Ramadhan jeung cara ngungkulanana.

Ka para kepala sekolah, Kapolres Majalengka nepikeun sababaraha kajadian tawuran pelajar ti bulan Oktober 2022 nepi Maret 2023. Kaasup perang sarung di bulan Ramadhan taun ayeuna. Biasana perang sarung kajadian sanggeus solat tarawih atawa bada solat subuh.

Kapolres Majalengka, umajak sakumna guru, kepala sekolah sangkan ngaantisipasi tawuran pelajar jeung perang sarung. Hal eta pikeun ngajaga harkamtibmas di wilayah Kabupaten Majalengka. Anu teu kuramg-kurang pentingna: ngajaga sangkan siswa teu ngagunakeun narkoba.

Baca Juga: Perang Sarung nu Tadina Kalangenan dina bulan Ramadhan Robah Jadi Kriminal

"Peran sakumna guru, oge kulawarga kawilang penting dina tarekah pencegahan sangkan murangkalih urang sadayana teu kalibet dina tawuran. Murangkalih kedah disalurkeun kanja hal positip, boh di widang akademis boh non akademik," ceuk Kapolres Majalengka.

Kapolres Majalengka nyebutkeun Polres Majalengka bakal terus ngalaksanakeun tarekah-tatekah nyinglar tawuran pelajar kalayan ngoptimalkeun patrol isuk-isuk jeung beurang nu dilaksanakeun ku Satuan Lalu Lintas katut Bhabinkamtibmas.

“Dipiharep pihak sakola, kitu deui dinas pendidikan sarta sakumna guru, supados ngaroris siswa, boh nuju di sakola boh luar sakola," ceuk Kapolres Majalengka.

Kapolres Majalengka umajak sakumna pihak sabeungkeutan dina nyiptakeun situasi kamtibmas di wilayah Kabupaten Majalengka.

Baca Juga: Dina Operasi Pekat Lodaya 2023 jeung Mapag Ramadhan Polres Majalengka Ngamankeun Ratusan Ulon-Ulon Kajahatan

Gempungan kepala sekolah harita diluuhan ku Bupati Majalengka Dr. H. Karna Sobahi M.M.Pd, Sekda Kabupaten Majalengka Drs. H. Eman Suherman, Kepala Dinas Pendidikan Kabupaten Majalengka Dr. Hj. Lilis Yuliasih, M.Pd.

Wawakil KCD IX Dinas Pendidikan Jawa Barat, Kasat Intelkam Polres Majalengka diwakali KBO Sat. Intelkam Iptu Agus Wahyudin, Sekretaris Dinas Pendidikan Kabupaten Majalengka Sukiman, S.Sos.

Para Pejabat Struktural Dinas Pendidikan Kabupaten Majalengka, para Kepala Sekolah tingkat SLTP MTs sakabupaten Majalengka (124 sakola), katut sakumna MKKS SLTP/MTs sakabupaten Majalengka.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler