Ngalantarankeun Macet, Warga Meredih Sasak Luhureun Tol Padaleunyi Cigondewah Hilir Margaasih Dilegaan

28 Maret 2023, 05:20 WIB
Sasak nu meuntasan Jalan Tol Padaleunyi ukur kurang ti 3 méter.* /(SOPANDI/Galura Pikiran Rakyat. com)./

GALURA - Warga Desa Cigondewah Hilir, Kecamatan Margaasih, Kabupaten Bandung, meredih ka pamarèntah sangkan jambatan wates Kota jeung Kabupaten Bandung nu perenahna di RW 03 jeung 04 éta désa dilegaan.

Kituna tèh ku lantaran sasak nu panjangna kana 20 meter meuntasan Jalan Tol Soroja, legana mah teu leuwih ti 3 mèter, ngalantarankeun kajadian macèt.

Ieu jambatan ukur bisa diliwatan ku kendaraan roda dua. Sedengkeun kendaraan roda opat mah mun pareng perewis kudu ngèlèhan salah sahiina nungguan giliran diatur ku juru parkir. Balukarna, mun kendaraan keur loba, macet teu kaampeuh deui.

Pameredih warga ieu geus ditepikeun ka kepala desa satempat jeung dina saban reses anggota DPRD Kabupaten Bandung.

Baca Juga: Dintep ku Pamarentah, Jalan Cirahayu Ruksak Parna, Warga Desa Srirahayu Kelak ka DPRD Kabupaten Bandung

"Tos lami warga meredih éta jambatan dilegaan, ti kepala desa periode kapungkur, sateuacan nu ayeuna tos jalan dua periode. Nanging, ku margi lintas kewenangan, ieu jambatan dugi ka danget ayeuna teu acan dikukumaha," ceuk anggota DPRD Kabupaten Bandung H. Uya Mulyana, di Margaasih, Saptu (25/3/2023).

Pihakna, ceuk  Uya Mulyana, terus ngarojong pamarèntah sangkan nyumponan pameredih warga.

"Saleresna, éta jambatan téh tanggung jawab jalan tol atanapi Jasa Marga. Sim kuring saparakanca tos narèkah aya komunikasi,” ceuk ieu anggota Fraksi PKB téh.

Uya nyebutkeun, pantesna di sagigireun éta jambatan diwangun deui hiji jambatan minimal ukuranna sarua. Tèhnik ngagunakeunana tiap jambatan saarah tepi ka moal kajadian macèt.*** Sopandi

Baca Juga: Kadus jeung Kolektor Milu Nangtukeun Ngaronjatna PAD di Kabupaten Bandung

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler