GALURA-Dinas Perhubungan (Dishub) Kabupaten Bandung, taun 2023 nargetkeun Rp 2 miliar tina sektor parkir asup kas daerah.
Sajaba nargetkeun tina sektor parkir, oge nargetkeun Rp 5 miliar tina sektor pengujian.
Taun 2022, sektor parkir anu asup kana kas daerah badagna Rp 1,2 miliar, bisa ngahontal target 100 persen.
Baca Juga: Bupati Bandung Nyangking Gelar Doktor, Uya Mulyana : Kudu Jadi Tuladeun
Ari tina pengujian kandaraan ngahontal Rp 4 miliar.
Kepala Dishub Kabupaten Bandung, Drs. Imam Irianto, nyebutkeun nepika triwulan munggaran boh Tina sektor parkir boh pengujian geus asup 25 persen.