Disdamkar Kabupaten Bandung Nyumponan Kabutuh APD, Saban Taun Dianggerkeun

28 Januari 2023, 21:30 WIB
Kepala Dinas Pemadam Kebakaran Kabupaten Bandung, Hilman /SOPANDI/

GALURA- Dinas Pemadam Kebakaran (Disdamkar) Kabupaten Bandung  nganggarkeun deui alat perlindungan diri (APD) katut pakakas Damkar séjénna tina APBD taun 2023.

 Baca Juga: Tina Silaturahmi Bacaleg PAN, Thoriqoh: Nargetkeun 1 Kursi rer Dapil

Kepala Disdamkar Kabupaten Bandung, Hilman Kadar, nyebutkeun pihakna narékahan sangkan saban taun aya anggaran pikeun nyumponan  APD personil Damkar.

Baca Juga: Bank Kuningan Ngayakeun Undian Tabungan Berhadiah, Dian : Kudu Bisa Ngigelan Zaman


Ceuk Hilman, taun ieu pihakna nganggarkeun deui pikeun nyumponan  APD, lantaran dina taun 2022 tina 90 urang personil anu aya kakara kacumponan setengahna. Tina 90 urang personil nu aya," ceuk Hilman di Mako Damrker, Soreang.


Hilman netelakeun, APD tina  anggaran taun 2022 geus dibagikeun ka sakumna anggota  di 9 Pos Damkar.

Baca Juga: Denpom III/5 Bandung Gelar Opsgaktib di Kodim 0618/Kota Bandung, Nanjeurkeun Kataatan Hukum Prajurit jeung PNS

Diantarana 40 pasang sapatu jeung 40 helem pemadam,  selang pemadaman ukuran 1/2 , jumlahna 20 rol jeung ukuran 2 1/2  reana 20 rol.


"Pangahirna  pangayaan APD Damkar taun anggaran 2020 jeung anyar ieu dianggarkan deui taun 2022, kaasup di 2023. Pangayaan satahap-satahap luyu jeung kamampuan anggaran," ceuk Hilman. 

Baca Juga: Tina Silaturahmi Bacaleg PAN, Thoriqoh: Nargetkeun 1 Kursi rer Dapil

 

Pihakna ogé keur narékahan pikeun  meunang  hibah ti Pemprov DKI Jakarta, jeung hibah armada Damkar katut APD-na ti Jepang.

 

"Direalisasikeunna  APD teu sakaligus téh, sabab APD Damkar mah wedel, teu gancang ruksak. Tapi mun kurang mah enya.*** Sopandi

 

 

Editor: Ajun Mahrudin

Tags

Terkini

Terpopuler