Tamat SMP, Ancrub Usaha Rongsokan, Omsetna H. Ackmal Rijal Ayeuna Ngaratus Juta Sapoéna

- 28 Februari 2023, 08:03 WIB
H. Ackmal Rijal, di tempatna usaha rongsokan di Jalan Cihanjuang, Karangsari, Desa Cihanjuang, Parongpong, Kab. Bandung Barat. Naratas usaha taun 2004, ayeuna omsét sapoéna ngaratus juta rupia.*
H. Ackmal Rijal, di tempatna usaha rongsokan di Jalan Cihanjuang, Karangsari, Desa Cihanjuang, Parongpong, Kab. Bandung Barat. Naratas usaha taun 2004, ayeuna omsét sapoéna ngaratus juta rupia.* /Rameli Agam/

GALURA – Nilik kana pait-peuheur kahirupan kulawargana, jadi matak patékadan manéhna satekah polah ngabantu kolotna.

Ti mangsa SD tepi ka SMP, balik sakola téh sok bari tuluy ngadadagangkeun és atawa lauk meunang ngala di walungan.

Sakola ukur tepi ka SMP, manéhna laju milu gawé jeung dahuanana di Gunung Batu, Kota Bandung, nya jadi kuli di tempat rongsokan kalawan digajih 10 rébu rupia sapoéna.

Meunang 3 taun milu gawé jeung dahuanana, awal 2004 manéhna gilig muka usaha sorangan, tetep kana rongsokan.

Baca Juga: Ngigelan Sasalad Korona, tina Usaha Roti kana Tani Saledri, Hasilna Mucekil

Manéhna téh H. Ackmal Rijal (36), teureuh Sidareja, Cilacap, nu ngumbara ka Cihanjuang, tur muka usaha rongsokan.

Waktu dikolongan di tempat usahana, di Jalan Cihanjuang, Kampung Karangsari, Desa Cihanjuang, Parongpong, Kabupaten Bandung Barat, Senén (27/2/23), H Ackmal nétélakeun, saenyana mah hayang sakola téh tepi ka saluhur-luhurna.

“Ngan nya kitu, kaayaan paékonomian kulawarga sakitu répotna. Pun bapa patani nu teu weléh ngajarkeun disiplin. Ti bubudak, kuring geus biasa jualan és atawa lauk, hasilna sok dipaké mayar SPP sakola,” pokna.

Muka usaha rongsokan sorangan, modal awal 10 juta rupia, meunang nginjeum ti emangna. Dipaké mayar séwa tempat 3 juta rupia, meuli timbangan, tur roda hiji, sarta sésana digolangkeun.

Baca Juga: Dijurung ku Hayang Jadi Wirausaha Taunan Milu jeung Dulurna, Anto Muka Usaha Ngaput Sorangan

Pait peuheur dialaman ku H. Ackmal waktu ngamimitian usaha rongsokan téa. Tétéla teu babari nyiar tukang rongsokan, ngahiap pelanggan, tepi ka lagu ngajual deui barang rongsokan.

Sababaraha kali ngalaman ditipu. Kieu modusna téh, tukang rongsokan nu kana roda téa ménta dimodalan heula, tapi tepi ka waktuna kudu setor, manéhna teu ngelol-ngelol deui.

“Ngamodalan maranéhanana aya kalana tepi ka 1,5 juta rupia. Modal ledis, barang teu aya, jinisna gé lir nu ngahiang,” pokna.

Ti dinya, manéhna mingkin ati-ati, najan sok aya kalana katipu deui waé. Bari nu nipuna téh jalma anyar panggih.

“Keun, rido ihlas. Ngan, insyaalloh kuring mah moal ieuh nipu, yakin hasil nipu mah moal berekah tur jadi matak ngaheureutan jalan rijki,” ceuk H Ackmal, nu boga anak dua.

Baca Juga: Tina Tamba Kesel, Usaha Jual Pupuk jeung Obat Pertanian Hasilna Mucekil

Lian ti éta, manéhna ge kungsi ngalaman urusan jeung nu wajib, pédah dianggap narima barang meunang maling atawa tukang tadah téa. Padahal mah éstu teu nyaho nanaon, ukur rasa percaya wé ka nu ngajual barang ka manéhna.

Kadieunakeun, alhamdulillah, usahana mingkin mekar. Satadina di Kampung Cibaligo, tuluy pindah ka Karangsari, ngontrak lahan di tempat nu leuwih lega, kira 1.040 méter pasagi, nu diséwa 50 juta rupia sataunna.

Kitu deui, lian ti dua gudang di Cihanjuang, ogé aya nu di Cibeureum. Nu di Cihanjuang pikeun rongsokan beusi-perlogaman katut bangsaning palastik, nu di Cibeureum mah husus keretas jeung kardus.

Dibarung niat babagi lolongkrang usaha bari ngagolangkeun modal, manéhna gé ngabina puluhan mitra rongsokan di sakuliah tempat, saperti di Cimahi, Padalarang,Cipatat, Lembang, jeung di daérah séjénna.

Barang-barang rongsokan kayaning beusi, tambaga, kuningan, rupaning palastik, katut keretas jeung kardus téh, dikirim ka pabrik-pabrik atawa nu arusaha pangolahan tina barang rongsokan.

“Masarkeun barang rongsokan nu ditampa ku pabrik-pabrik téh lian di budeureun Bandung Raya, Subang, ogé tepi ka Serang, Banten,” ceuk H Ackmal, anak katilu ti opat sadulur téh.

Baca Juga: Putri Anjungsari (41) Lalakon Suba Leungit Dibawa Maung nu Disambatna

Harga éta barang-barang rongsokan téh variatif, ti mimiti nu ngarébu sakilona tepi ka nu ngaratus rébu sakilona, nu kawilang pangmahalna mah tambaga atawa kuningan nu mun keur hadé hargana bisa tepi ka saratus rébu rupia sakilona.

Usaha rongsokan H. Ackmal kiwari diwengku ku 30 karyawan, nu bagéan téknisi, bagéan armada, bagéan administrasi, katut nu séjénna. Parakaryawan aya nu urang Majalengka, Majalaya, Garut, Cilacap, jeung budeureun Bandung.

Tina mimiti boga saroda jeung hiji timbangan 500 kg, ayeuna geus aya 3 treuk, 5 mobil kolbak, jeung deuih boga nu ngaranna timbangan mobil.

Kurang leuwih geus 19 taun manéhna ngaleukeunan usaha kana rongsokan. “Alhamdulillah, ayeuna omsét sapoéna rata-rata 300 juta rupia atawa kira samilyar sabulanna. Tina éta omsét téh, 10 persén beubeunanganana dipaké keur operasional, gajih karyawan, sarta ngarésikoan dapur,” pokna.

Pikeun H. Ackmal Rijal, kagiatan usaha lian ti ibadah geusan nganapkahan kulawarga, ogé sing bisa karasa mangpaatna keur balarea tur maslahat keur lingkungan.

“Konci dina usaha rongsokan mah nyaéta katalitian. Taliti lagu milihan atawa nyortir barang-barang rongsokan nu ditampa ku urang, ulah ieuh pacampur jeung barang-barang séjénna nu teu payu dijual deui,” pokna, mungkas obrolan.***

Baca Juga: Sastrawan Ajip Rosidi (1938 – 2020): Antara Masyitoh, Jante Arkidam, jeung Bagus Rangin

 

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x