Ngareuah-reuah HPN 2023 di Sumut, Karya Urang ‘Galura’ Asup Buku Antologi Puisi Wartawan

- 7 Februari 2023, 10:32 WIB
Dua buku nu diterbitkeun keur ngareuah-reuah HPN 2023 di Medan, Sumut.*
Dua buku nu diterbitkeun keur ngareuah-reuah HPN 2023 di Medan, Sumut.* /Tim Buku HPN/Humas HPN 2023/

GALURA - Tina sawatara buku nu dicitak pikeun ngareuah-reuah Hari Pers Nasional (HPN) Sumut 2023, aya antologi puisi Tiba-Tiba Sunyi jeung kumpulan cerita pendek (cerpen) Menembus Pintu Langit.

Éta buku nu dua téh ngamuat karya-karya puisi jeung cerpen beunang nulis para wartawan ti sababaraha media di sakuliah Indonesia. Dua urang di antarana ti Galura, nyaéta Rosyid E. Abby (Penanggung Jawab/Pemimpin Redaksi) jeung Sopandi (wartawan).   

“Ieu buku antologi nu dua katut sababaraha buku sanésna bakal dipasrahkeun ka Presiden Joko Widodo sareng sawatara pihak dina acara puncak HPN 2023 di Medan, Kemis, 9 Februari 2023,” ceuk koordinator tim buku HPN 2023, Ismet Rauf, Saptu (4/2/2023).

Buku séjénna nu dicitak, ceuk Ismet Rauf, di antarana, Anugerah Jurnalistik Adinegoro, Siwo Jaya, Kejayaan dalam Kebersamaan, Pengelolaan Program Uji Kompetensi (UKW) PWI Meningkatkan Standar Kompetensi Wartawan Indonesia karya Dr. H. Firdaus Komar, S.Pd, M.Si,, Usmar Ismail – Dari Wartawan ke Pahlawan Nasional karya Wina Armada Sukardi, Peranan Pers dalam Meningkatkan Pariwisata di Sumatera Utara ku Idris Pasaribu, Poek – Refleksi Pemikiran tentang Interaksi Sosial, Jurnalisme dan Politik – catetan Syamsuddin Haesy.

Baca Juga: Putri Anjungsari (20)

Editor Tiba-Tiba Sunyi, A.R. Loebis, nyebutkeun, ti taun ka taun, wartawan penulis puisi alias penyair (panyajak) wartawan, mingkin réa nu ngirimkeun karyana pikeun diterbitkeun dina antologi puisi HPN.

“Antologi puisi wartawan munggaran pisan diterbitkeun taun 2017, nalika acara HPN  diayakeun di Maluku. Judul antologina Sajak Kepada Presiden & Presiden Bebek, puisi-puisina dieusian ku genep wartawan,” ceuk Loebis.

Dina HPN Padang 2018, judul antologina Wajah Tua Menikam Malam (13 penulis), dina HPN 2019 judulna Negeri yang Tercabik (lima penulis), dina HPN 2020 Menatap Tubuhmu di Belukar Bakau (aya 121 puisi ti 10 wartawan), sarta dina HPN 2022 judulna Pintu Langit (121 puisi ti 18 wartawan).

Dina HPN Sumut 2023 ayeuna, iwal Rosyid E. Abby jeung Sopandi, para penulis puisi nu dimaruat dina Tiba-Tiba Sunyi téh, nyaéta, Akhmad Zailani, Asep Budi Heryanto, Amir Machmud, A.R. Loebis, Bachtiar Adamy, Djoko Tetuko, Djunaedi Tjunti Agus, Hendro Basuki, Gusfen Khairul, Hadi Effendi, Hendry Ch. Bangun, Ki Agus N. Fattah, Rita Sri Hastuti, Maria D. Adriana, Syarifuddin Arifin, Syam Irfandi, Temu Sutrisno, Teuku Maimun Umar, jeung Zul Ali Marbun.

Baca Juga: Seni Pantun Sunda keur Ngahornat Nyi Pohaci, Beda jeung Pantun Melayu

Taun ieu, ceuk Rauf, anu narulis puisi kaitung réa dibanding jeung taun-taun saméméhna (ti 21 penulis kakumpulkeun 137 puisi).

“Ku margi taun ieu téma puisina bebas, karya nu lalebet téh éstu majemuk, tapi sadayana gé mangrupa ekspresi diri nu muasal tina lenyepan natural katut batin, jadi sipatna simbolik tina pagedrugna konflik eksternal katut internal nu aya di diri manusa,” ceuk Loebis.

“Antologi puisi HPN Sumut 2023 téh karaos pisan aya maknaan tur miboga harti. Aya nu cumarita di satukangeun kekecapan (beyond the words), dugi ka kedah mikir dina maca tur neuleumanana, tapi aya ogé nu saukur nuliskeun kekecapan atawa kalimah sapertos nu keur orasi atawa nyaritakeun hasil pandang, sarta aya ogé anu sapertos mapatkeun atawa mantengkeun  du’a,” ceuk Loebis deui.

 Baca Juga: Gala Premiere-na Poé Ieu, ‘Gita Cinta dari SMA’ Difilmkeun deui bari teu Mopohokeun 'Originalitas'

 

Antara fakta jeung fiksi

Séjén jeung antologi puisi, nu dimuat dina kumpulan cerpen Membuka Pintu Langit mah leuwih saeutik, nyaéta ngan 45 judul.

Nu narulis dina ieu buku, nyaéta, Hendry Ch. Bangun, Maria D. Andriana, Fakhrunnas MA Jabbar, Hendro Martono, Djoko Tetuko, Abdul Latif, A.R. Loebis, Adhi Wargono, Ismet Rauf, jeung Djunaedi TA.

Editor Cerpen HPN 2023, Djunaedi Tjunti Agus, ngajéntrékeun, para penulis cerpen dina antologi Membuka Pintu Langit, umumna geus mahér ngulinkeun carita, boh masalah percintaan, boh kahirupan, malah misteri.

“Para penulis mampuh ngagabungkeun misi nu nyampak di diri aranjeunna, sapertos umajak, ngiritik, maparin conto ka sakumna nu maca. Naha éta téh anu pakait sareng kahirupan sapopoé, gaul di masarakat, malah dina kahirupan darigama,” ceuk Djunaedi.

Najan cerpen téh kasebutna fiksi, ceuk Djunaedi kénéh, teu nutup kamungkinan carita nu dipidangkeun mangrupa fakta, saperti kagambar dina sababaraha judul, malah aya anu maké ngaran sorangan minangka nu jadi tokoh utama.

“Bisa jadi di antara cerpen sanésna ogé aya anu kasangtukangna fakta, tur teu acan kagambar minangka fiksi. Naha éta téh riil, walahualam, cohagna anu maraca anu bakal ngajénna,” pokna.***

Baca Juga: Haji Hasan Mustapa; Birokrat, Sastrawan Sufistik, jeung Ulama “Mahiwal” nu Sosobatan jeung Snouck Hurgronje

Baca Juga: Hari Pers Nasional 2023 di Medan, Direuah-reuah ku Rupa-rupa Kagiatan

Editor: Rosyid E.Abby

Sumber: Humas HPN


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x