Teu Meunang Nanggap Kasenian nu Ngalalakon Di Wilayah Budaya Cariu Ciamis

18 Desember 2023, 16:42 WIB
Di Kampung Ciparay Desa Ciparigi, Kecamatan Sukadana, Kabupaten Ciamis, teu meunang nanggap wayang. /Nanang S/galura.co.id

 

 

GALURA.CO.ID -Di Kecamatan Sukadana Kabupaten Ciamis aya  wilayah urut Desa Cariu nu kiwari kampung-kampungna dikatiludesakeun. Di lembur urut Desa Cariu pantrang nanggap kesenian nu aya lalakonna.

Ari pantranganana mah nanggap wayang golek di lembur Cariu, Sukarasa, Cikancah, Salegok jeung Kampung Ciparay teh. Jaman Pajajaran ieu lima lembur tadina wilayah Cariu nu ceuk jaman ayeuna mah wilayah Desa Cariu. Ngan kiwari lembur-lemburna dibagikeun ka tilu desa di Kecamatan Sukadana Kabupaten Ciamis.

Kampung Cariu asup ka Desa Sukadana, Sukarasa ka Desa Salakaria, Cikancah ka Desa Bunter, Salegok jeung Ciparay ka Desa Ciparigi. Najan misah desa saenyana lima lembur masih kabeungkeut tina wewengkon budaya nu sarua. Ukur administrasi pamarentahan nu beda teh, lantaran sumebar di tilu desa.

Baca Juga: Keris Mpu Gandring jeung Keris Mergopati, Ngalantarankeun nu Bogana Telenges

“Leres di Ciparay pantrang nanggap wayang golek,” ceuk Agus nonoman urang Kampung Ciparay, Desa Ciparigi. Dipercaya mun aya nu nanggap wayang golek, bakal keuna musibah. Agus nyebutkeun ieu teh geus kabuktian, tepi ka warga tepi ka danget ieu taya nu wanian mun hajat nanggap wayang golek.

Kitu deui di lembur urut Desa Cariu –urang sebut wae budaya Cariu,  di Salegok, Cikancah, Cariu, jeung di Sukarasa. Tapi mun urang lembur wewengkon budaya Cariu pindah daerah sejen di luar  budaya Cariu, moal nanaon nanggap wayang golek oge, moal aya matakna teu kawas nanggap wayang golek di wewengkon budaya Cariu.

Ceuk Iwang  Rusniawan Aditya, nonoman Desa Sukadana nu neuleuman sejarah jeung budaya di Kecamatan Sukadana, dumasar kana legenda, sasakala di wilayah budaya teu meunang nanggap wayang golek teh aya patalina jeung kedal ucapna Prabu Sirnaraja, raja di Rajadesa, nu kungsi moro di Gunung Cariu.

Prabu Sirnaraja teh seuwu Sri Baduga Maharaja, ngaran aslina mah Guru Gantangan, biangna ngaranna Dewi Nawangsih. Ku sabab leungeun katuhuna kengkong, Guru Gantangan ngalalana. Anjog ka wewengkon Rancah. Ku Dalem Rancah dititah tatapa di Hulu Cirancah. Sanggeus 12 bulan tatapa, leungeunna henteu kengkong deui.

Baca Juga: Keris Naga Siluman jeung Keris Setan Kobar, Keris ti Tatar Sunda  Masih Diteteangan ku Kolektor Keris Pusaka

Waktu keur tapa di Hulu Cirancah, Guru Gantangan ngimpi didatangan ku bajing bodas. Eta bajing bodas teh sababaraha kali metot leungeun katuhuna. Barang lillir leungeun katuhuna geus henteu kengkong deui. Guru Gantangan kawin ka siwi Dalem Rancah. Memehna, siwi Dalem Rancah teh gering sarta diubaran ku Guru Gantangan.

Teu lila sanggeus Guru Gantangan jatukrami (kawin), datang 4 utusan Sri Baduga Maharaja seja  neangan Guru Gantangan. Atuh puguh wae Dalem Rancah bungaheun pisan, minantuna seuweu Sri Baduga. Waktu Dalem Rancah rek nyerenkeun daerah kakawasaanana ka Guru Gantangan, Guru Gantangan nolak kalayan alesan hayang neangan daerah anyar.

Dibarengan ku opat urang utusan Sri Baduga Maharaja, Guru Gantangan meunang daerah di Samida nu ayeuna kabawah ka Desa Sirnajaya Kecamatan Rajadesa, Kabupaten Ciamis. Di Samida saenyana dumuk Danuwarsih, ngan saterusna sabada nyerenkeun Samida ka Guru Gantungan, pindah ka Gunung Marapi teu jauh ti Samida.

Utusan Sri Baduga Maharaja sanggeus sawatara lila maturan Guru Gantangan, mulang ka Pajajaran seja bebeja ka Sri Baduga Maharaja. Teu lila utusan Sri Baduga Maharaja teh balik deui, bari mawa barang pamahanan Sri Baduga Maharaja. Guru Gantangan ku  Sri Baduga dibere gelar Prabu Sirnaraja.

Baca Juga: Lawang Bledheg Masjid Agung Demak Jawa Tengah

Daerah kakawasaan Rajadesa harita ngawengku budaya Cariu. Hiji mangsa, Prabu Sirnaraja moro kidang di Gunung Cariu nu aya di wilayah Desa Cariu. Anu ngaranna moro tangtu wae henteu sapoe dua poe. Pikeun ngahibur Prabu Sirnaraja, cenah, dipintonkeun kasenian. Ngan henteu nanggap wayang.

Naha? Dina carita wayang Mahabrata aya tokoh nu ngaranna Resi Dorna, leungeunna kengkong alatanana kungsi disiksa ku urut sobatna pedah waktu ditepungan Resi Dorna narah narima. Mun urang Cariu nanggap wayang heg ngamaenkeun Resi Dorna bisi nyigeung Prabu Sirnaraja, lantaran leungeu katuhu Prabu Sirnaraja kungsi kengkong. 

Ngan lamun disalusur deui, dipatalikeun jeung munculna wayang nu lahir jaman Walisongo kurang keuna mun sasakala di budaya Cariu teu meunang nanggap wayang dipatalikeun jeung Prabu Sirnaraja. Jaman Prabu Sirnaraja tacan aya pagelaran wayang, komo wayang golek mah, di tatar Sunda, wayang golek karek dipiwanoh taun 1900-an.

Carta wayang samemeh Walisongo oge saenyana geus dipiwanoh, bareng jeung datangna agama Budha jeung Hindu ti India. Ngan apan wayang versi India jeung versi urang mah aya nu beda. Upamana wae Resi Dorna dina versi India mah leungeunna henteu kengkong, jeung karakterna oge hade, teu kawas Resi Dorna versi Walisongo.

Baca Juga: Penasehat Pepadi Kabupaten Ciamis, Deden Tirayana Sunandar: Ciamis Krisis Sinden Wayang

Tina kituna kasang tukang di wilayah budaya Cariu kawasna pantrang nanggap wayang lain pedah bisi Prabu Sirnaraha kasigeng. Caritana kieu: sabada meunang kidang ti Gunung Cariu, Prabu Sirnaraja jeung rombonganana reureuh di Pasir Pantun nu ayeuna asup ka Kampung Salegok, Desa Ciparigi.

Di Pasir Pantun ngahaja dijieun pasanggrahan keur  Prabu Sirnaraja. Bari nungguan daging kidang asak, Prabu Sirnaraja dihibur ku pagelaran  pantun  sarta juru pantunna Eyang Wijayakusumah nu dijulukan Aki Pantun. Pantun sakumaha ceuk naskah Siksa Kandang Karesian geus aya ti jaman Pajajaran.

Aki Pantun mantunna dina batu nu ayeuna disebut Batu Kacapi. Waktu keur pagelaran pantun, kajadian musibah alam, korbanna rea, kaasup Aki Pantun, tilar, sarta dimakamkeun di ponclot Pasir Pantun. Ari Prabu Sirnaraja mah salamet. Memeh mulang ka Rajadesa, Prabu Sirnaraja kedal ucap nu tepi ka kiwari dijadikeun pantrangan.

Pantrangan nu tepi ka danget ieu dicekel pageuh ku masarakat nu dumuk di wilayah budaya Cariu teh: teu meunang ngadahar daging kidang jeung teu meunang magelarkeun kasenian nu ngalalakon atawa nu medar carita. Kasenian nu aya lalakonna teh, salian ti pantun, di antarana wayang golek, jeung sandiwara.

Pantrangan-pantrangan tadi teh ceuk Prabu Sirnaraja cara ciri urang. Lila ti lila cara ciri urang disingget jadi Cariu sarta dijadikeun ngaran tempat. Ku saban beh dieu kasenian nu midangkeun lalakon nu pangpolerna mah wayang, kaasup wayang golek, nya di budaya Cariu aya pantragan nanggap wayang golek.***

 

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler