Palakiah Miara Ucing, Jenis Persia, Siam jeung Bengal

1 Maret 2023, 21:30 WIB
Tetela, ku miara atawa ngarawat ucing di imah, mawa pangaruh psikologis pikeun nu miarana, jadi matak tingtrim jeung tumaninah. /

GALURA – Rea warga di Indonesia  anu resep miara ucing di imah,  boh ucing nu buluna panjang boh nu buluna pondok.

Ucing nu dipiara di imah teh lir jadi nu maturan kulawarga sapopoe.

Tetela, ku miara atawa ngarawat ucing di imah, mawa pangaruh psikologis pikeun nu miarana, jadi matak tingtrim jeung tumaninah.

 

Ucing meh geus jadi bagean nu maturan kahirupan sapopoe kulawarga di Indonesia.

 

Ampir 45 peresen rumah tangga di Indonesia miara ucing, boh ucing nu buluna panjang boh nu buluna pondok.

 

Aya sababaraha jenis ucing nu populer jeung nu sok dipiara ku warga.

 

Tah, lagu miara ucing teh aya sababaraha hal nu kudu diperhatikeun.

 

Ku kituna, ieu berendelan jenis-jenis ucing nu populer di Indonesia, kaasup karakterna, sarta palakiah cara ngarawatna.

 

Ucing nu Buluna Panjang

 

Persia: Ieu ucing boga ciri has nyaeta irungna pesek, sarta pipina nu montok.

 

Ucing jenis persia ge minangka ucing nu paling populer dipiara, utamana di Amerika, Eropa jeung Asia.

 

 

 

Maine Coon: Sok dilandi "raksasa berhati lembut", kaasup salasahiji jenis ucing panggedena kalawan beuratna bisa tepi ka 8 kilogram.

 

Ucing Maine Coon ge loba dipiara ku warga, alatan sipatna nu tenang sarta bisa ngahiji jeung jenis ucing lianna.

 

 

 

Ragdoll: Ieu ucing kawilang jenis nu unik, sabab uratna sok jadi leuleus liat nalika diangkat-dipapangku, jadi tembong siga boneka floppy najan awakna kuat.

 

Ucing Ragdoll mibanda bulu nu kandel jeung lemes. Mingkin nambah umurna, mingkin kandel buluna.

 

 

 

Tah, eta rupaning jenis ucing teh ilaharna mikabutuh nutrisi pikeun ngajaga kasehatan kulit jeung buluna.

 

Lian ti eta, ucing ge kudu dirawat kalawan tulaten. Ucing nu kandel buluna mah kudu rajin disisir buluna teh.

 

 

 

Ucing nu kandel buluna leuwih babari katerap hairball (buluna murudul) sabab leuwih loba buluna batan jenis ucing lianna. Hawa cuaca nu leuwih panas ge jadi matak babari murudulna bulu ucing.

 

 

 

Ucing nu Buluna Pondok

 

Siamese: Ucing Siam, awakna ramping, salasahiji jenis ucing nu geus ti babaheula sok dipiara. 

 

 

 

Ucing nu Sok Dikerem di Imah

 

Bengal: Ucing Bengal jenis ucing nu aktif jeung atletis.

 

Loba warga nu miara ucing Bengal, sabab kaasup jenis nu langka.

 

Ucing Bengal kalintang aktifna, lir nu taya kacape.

 

Sangkan ucing saperti nu jenis Bengal tetep sehat, kudu dilatih kalawan noron.

 

Parabna ge kudu diatur jumlah kalori katut formula gizina sangkan ngaronjat metabolismeuna sarta nyehatkeun ususna, jeung ulah ieuh mere parab nu kaleuleuwihi porsina. ***

 

 

 

Editor: Ajun Mahrudin

Tags

Terkini

Terpopuler