Pamujaan, Tempat Ngaraketkeun Diri ka Nu Maha Kawasa, Agama Sunda Jaman Pajajaran

18 Februari 2023, 12:30 WIB
Punden undak di Desa Bunter Kecamatan Sukadana, Kabupaten Ciamis, Jawa Barat. Diduga jaman Pajajaran pamujaan dina agama Sunda. /

GALURA -Jaman Pajajaran, dina agama Sunda dipikawanoh pamujaan, tempat keur ngadeukeutkeun diri ka Nu Maha Kawasa jeung keur ngaharmoniskeun antara manusa jeung bangsa lelembut.

Dina agama Sunda dina jaman karajaan Pajajaran pamujaan aya tilu: Balay Pamunjungan, Babalayan Pamujaan, jeung Saung Sajen (Pancak Saji).

Eta tilu tempat pamujaan agama Sunda dina jaman Pajajaran misah-misah ngan nu utama mah Balay Pamunjungan. Di dieu munjung lain dina harti muja ka siluman sangkan loba harta, tapi dina harti tempat babakti ka Nu Maha Kawasa.

Baca Juga: Wangsit Siliwangi, Di mana Perlu Sakabeh Turunan Ngaing Bakal Dilanglang Tapi nu Hade Hatena

Balay Pamunjungan teh punden nu undakna 12 tingkat. Di ponclot Balay Pamujaan dipernahkeun 400 arca  nu dijieun tina emas atawa dilapisan ku emas.

Di tingkat dua jeung tilu disahandapeunana nu disebut babalayan dipasang arca batu nu lobana 400 arca. Arca-arca bieu nu jumlahna 800 siki, biasa disebut Arca Domas.

Balay Pamunjungan anu pangtohagana nu dibangun Prabu Siliwangi di Kihara Hyang, di Leuweung Songgom diperkirakeun  mun ayeuna mah di lebah Kampung Bantar Kemang Bogor.

Wangunan Punden tohaga kieu ngan aya dipuser dayeuh Pakuan, minangka paranti munjung ka Hyang Maha Agung dina acara Seren Taun Guru Bumi (taunan).

Baca Juga: Bagus Rangin Baruntak ka Hindia Belanda dimimitian ti Palimanan Cirebon

Dina Seren Taun Guru Bumi (taunan) jeung upacara Seren Taun Tutug Galur (Kuwera Bakti) saban dalapan taun sakali, digelar oge upacara lainna nu leuwih basajan.

Pamingpim agama anu mingpin upacara disebut Brahmesta nu dibantu ku para Ganidri, Marakangsa, Puun Meuray,Puun Sari,para Puun jeun para Pangwereg Punjung.

Paranti mandi sucina dipernahkeun di Talaga Rena Mahawijaya nu pernahna di Cihaliwung anu disebut oge Leuwi Sipatahunan. Balay Pamunjungan jeung Talaga Rena Mahawijaya sakumaha dina prasasti Batu Tulis Bogor dijieun ku Sri Baduga Maharaja:

ya siya nu nyiyan sakakala gugunungan ngabalay, nyiyan samida, nyiyan talaga rena mahawijaya….”

Baca Juga: Teologi Proses Whitehead: Antara Iman jeung Rasio

Bangunan Balay Pamunjungan jeung Talaga ieu dijieun ku Prabu Siliwangi pikeun gaganti talaga Sang Hyang Rancamaya anu dirurug ku Sang Haluwesi adina Raja Sunda Sang Susuk Tunggal.

Kituna teh lantaran di Rancamaya geus kaancikan roh jahat anu ngaganggu sakumaha pedaran kitab Carita Parahyangan:

 “…Sang Hyang Haluwesi nu nyaeuran Sang Hyang Rancamaya. Mijilna ti Sang Hyang Rancamaya: Ngaran kula ta Sang Udubasu,Sang Pulunggana, Sang Surugana, ratu hyang banaspati…

Dina Pantun Bogor episode “ Pangna disaeur: gaib jahat eta tiap taun sok menta wadal (pimatarameun) tujuh pasang nonoman awewe-lalaki nu disebut “ Sekar Manah”.

Baca Juga: Prabu Aji Putih, Raja Karajaan Tembong Agung Cikal Bakal Karajaan Sumedang Larang, Saulas Catetanna

Tina eta katerangan bisa dicindekkeun ti jamanna raja Sunda Sang Susuk Tunggal (1382-1482) mertuana Prabu Siliwangi, Talaga Sang Hyang Rancamaya jeung Pasir Badigul atawa disebut oge Sang Hyang Padungkulan nurutkeun Rajah Pakuan mah Balay Pamunjungan duanana geus teu dipake deui.

Babalayan Pamujaan oge punden berundak,  diadegkeun di luar puseur dayeuh, pernahna di kapuunan-kapuunan. Jumlah undakna paling loba 9 saeutikna 7. Taya arcana.

Gaganti arca dipasang batu-batu gede unggal undakna. Fungsi Babalay Pamujaan sarua: paranti upacara muja karuhun atawa Sanghyang anu dipingpin ku para Puun atawa Kokolot.

Ari Saung Sajen atawa Pancak Saji bangunan husus paranti nyimpen sasaji dina upacara “nyajen”.

Baca Juga: Carita Purwaka Caruban Nagari Karya Pangeran Arya Carbon, Nganteur Drs Aca ka Pangeran Wangsakerta

Bentuk bangunanana imah panggung leutik teu make kamar-kamar, ngan disalahsahiji tempat dipasang meja altar keur neundeun sasajen. Saung aya di mamana, di imah warga, imah Puun, imah Bupati atawa di karaton.

Wangunan tempat pamujaan dina Pantun Bogor  ditataan aya sababaraha hiji. Balay Pamunjungan Rancamaya-Pasir Badigul, pupuhuna Resi Tugu Perbangsa.

Balay Pamunjungan Kihara Hiyang-Sipatahunan, pupuhuna Bramesta Tunda Pura, Balay Pamujaan Mandalawangi- Talaga Wana, pupuhuna Resi Handeulawangi.

Babalayan Pamujan Genter Bumi Cisakawayana, pupuhuna Resi Tutug Windu, Balay Pamunjungan Mandala Parakanjati (SBR) Sang Hyang Tampian Dalem, pupuhuna Sang Hyang Resi Kumarajati, jeung rea-rea deui.  

Di pusat-pusat karajaan Galuh, Pajajaran, Talaga, Singaparna,  Kawali anu jadi cicirenna lain candi. Tapi punden berundak, warisan jaman Megalitikum nu terus dipake tepi ka jaman karajaan.*** Luki M.

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler