Sastrawan Ajip Rosidi (1938 – 2020): Antara Masyitoh, Jante Arkidam, jeung Bagus Rangin

14 Februari 2023, 18:22 WIB
/Dok. KIBLAT/REA/

GALURA - Ajip Rosidi (saterusna disingget AR) téh sastrawan sarwabisa. Sagala ditulis, jeung tulisanana gé dina rupa-rupa wangun, ti nu mangrupa fiksi jeung puisi tepi ka nu mangrupa non-fiksi, boh dina basa Sunda boh basa Indonésia.

Wajar baé mun AR gé lain saukur dipikawanoh minangka sastrawan Sunda wungkul, tapi ogé sastrawan nasional. Malah jenenganana geus ngamancanagara sagala, kapan. Ngeunaan éta, kabéh geus pada terang.

Atuh kapasitasna minangka sastrawan/budayawan tanggoh nu taya duana, anu gedé katineungna kana sastra daérah, teu kudu dipihangham deui.

 Baca Juga: Haji Hasan Mustapa; Birokrat, Sastrawan Sufistik, jeung Ulama “Mahiwal” nu Sosobatan jeung Snouck Hurgronje

 

Katauhidan Ajip

Aya hiji dramana anu dikarang ku AR dina dua vérsi basa: Sunda jeung Indonésia, nyaéta Masyitoh. Numutkeun sawatara katerangan, Masyitoh téh mimitina mah mangrupa karya péntas, tuluy munggaran pisan diterbitkeun jadi buku ku Pustaka Jaya taun 1962 tepi ka citakan IV taun 2008. Taun 1968 jeung 1976, kungsi ogé diterbitkeun di Jakarta ku Gunung Agung.

Drama Masyitoh, mimiti pisan dipagelarkeun di Gedong Kasenian (GK) Pasar Baru, Jakarta, 21 Maret 1965. Anu ngayakeunana nyaéta Yayasan Kebudayaan Indonésia kalawan bantuan Studiklub Téater Bandung (STB) jeung Akademi Téater dan Film (ATF) Bandung dina raraga “Malam Drama” Konférénsi Islam Asia—Afrika (KIAA) 1965. Éta pagelaran téh diayakeun ogé di Bandung (Maret 1956) jeung Cirebon (di Alun-Alun, Juni 1965).

Numutkeun katerangan, éta karya drama Islami téh, justru saméméhna mah ditulis dina basa Sunda (1963). Ditarjamahkeun ku nu ngarangna (AR) kana basa Indonésia pikeun kaperluan pagelaran "Malam Drama" KIAA 1965. Édisi basa Sunda citakan I medal taun 1963 ku Cupu Manik, citakan II ku Pustaka Dasentra (1984), jeung citakan III ku Kiblat Buku Utama (2005).

Ngeunaan pagelaranana, alhamdulillah, nu nulis kungsi ogé nyaksian. Anu dina basa Indonésia mah, waktu dipagelarkeun ku STB taun 1990-an, disutradaraan ku Suyatna Anirun (suwargi). Ari dina basa Sunda mah, ka béhdieunakeun –2012-an— ku kelompok sandiwara Sunda Padépokan Ringkang Gumiwang, sutradara Wa Kabul. Duanana magelaran di GK Rumentang Siang, Bandung.

Drama karangan AR, sakaterang mah mémang “ukur” aya hiji (dina dua vérsi basa), nyaéta Masyitoh téa. Éta gé saenyana mah ditulis dina gaya konvénsional tur dina wangun novél, henteu kawas naskah drama umumna (anu biasana sok aya “pituduh laku” ngeunaan kaayaan, suasana, peristiwa, atawa laku pamaén). Ieu naskah drama dina “wangun novél” téh méh sarua baé jeung anu kungsi kapanggih dina sawatara drama Utuy Tatang Sontani, di antarana Awal dan Mira (1952), Sangkuriang – Dayang Sumbi (1953), Manusia Iseng (1953), Selamat Jalan Anak Kufur (1956), Di Muka Kaca (1957), jeung Si Kabayan (1959).

Drama Masyitoh diangkat tina hiji tradisi Islam jaman Fir'aon ngawasa Mesir, anu ceuk AR mah (dina kateranganana): “... diperenahkeun kajadian di Mesir sabada jaman Nabi Yusup a.s. tapi saméméh Nabi Musa a.s. gumelar.” Masyitoh téh hiji emban urang Israél nu ngawulaan putrina Fir’aon, anu ditibanan hukuman pati (diasupkeun kana godogan timah nu keur ngagolak) ku lantaran henteu daék ninggalkeun kapercayaanana ka Alloh swt. Masyitoh milih tumpur-lebur sapiri-umpi manan kudu mangéran ka Fir’aon papada jelema. Kitu sinopsis nu kabaca dina jilid-tukang buku Masyitoh terbitan Kiblat Buku Utama, 2005.

Masyitoh téh paling copél mangrupa gambaran Ajip dina nyindekkeun sikep hirupna: tegas dina ngabéla jeung nanjeurkeun bebeneran, bari teu lésot tina katauhidanana. Kapan AR gé kitu pisan, tegas dina sagala rupana!

 Baca Juga: Ngareuah-reuah HPN 2023 di Sumut, Karya Urang ‘Galura’ Asup Buku Antologi Puisi Wartawan

 

 “Laku dramatik” sajak Ajip

Najan naskah drama AR téh “ukur” hiji-hijina, aya sababaraha sajakna anu justru remen pisan dipidangkeun dina “laku dramatik” lantaran éta sajak téh mangrupa sajak balada, di mana pengkarakteran (tokoh) jeung konflik anu diwangunna kacida kuatna kagambar. Sebut baé sajak Janté Arkidam:

 

Panonna beureum siki saga

Leungeunna seukeut lalancip gobang

Niplasan badan palapah gedang

Arkidam, Janté Arkidam

 

Di pangaduan di kalangan ronggéng

Ngan hiji jagoan

Arkidam, Janté Arkidam

 

Atuh dina basa Indonésia, teu kurang kuatna ngagambarkeun sosok jeung karakter Janté Arkidam téh. Lain saukur “mindahkeun” basa tina Sunda ka Indonésia, atawa sabalikna, tapi éstu “dinyawaan” deui:

 

Sepasang mata biji saga

Tajam tangannya lelancip gobang

Berebahan tubuh-tubuh lalang dia tebang

Arkidam, Jante Arkidam

 

Di penjudian di perhelatan

Hanyalah satu jagoan

Arkidam, Jante Arkidam

Baca Juga: Karajaan Ragaluh nu Diadegkeun ku Dewa Niskala, ceuk Kuncen Leuweung Prabu Siliwangi, Lain Dongeng

Baca Juga: Putri Anjungsari (27). Prajurit Cirebon nu ngakaya Hasan Ditenung, Warung jeung Sabudeureunana Disumputkeun

Éta sajak Jante Arkidam téh –anu basa Indonésiana—geus sababaraha kali dibacakeun ku aktor Iman Soléh. Ku lantaran sajakna kuat, tur anu mawakeunana aktor petingan, karasa pisan éta sajak téh mingkin “nyawaan”, “laku dramatik”-na beunang.

Lain dina sajak Janté Arikidam baé anu ajén dramatikna kuat téh, tapi ogé dina sajak Bendara Ikin jeung Bagus Rangin (duanana aya dina kumpulan sajak Janté Arkidam, 1989).

Ku kuat-kuatna “laku dramatik”-na, sajak nu nyaritakeun perjoangan Bagus Rangin ngalawan Belanda dina jaman Perang Cirebon (1805-1812) téh, kungsi ogé didramatisasi ku sutradara Asép Supriatna, dipagelarkeun dina acara 67 taunna Ajip Rosidi di GK Sunan Ambu – Sekolah Tinggi Seni Indonésia (STSI), ayeuna Institut Seni dan Budaya Indonésia (ISBI) Bandung, 31 Januari 2005 kalarung.   

Boh pidangan maca sajak Janté Arkidam-na Iman Soléh, boh pintonan dramatisasina Asép Supriatna, teu weléh kalandep ku Kang Ajip. AR mémang jalma nu ngajénan pisan kana karya seni, lain baé kana karya sastra, tapi ogé karya seni rupa (utamana lukisan).

Dina sastra, sakabéh karya sastra ku anjeunna teu weléh diajénan, kaasup ngajénan karya (naskah) drama. Kacinta jeung ngajénan kana drama, bisa kabaca nalika anjeunna (Pustaka Jaya) aya tarékah nerbitkeun (deui) buku-buku drama Utuy Tatang Sontani (Bunga Rumah Makan, Awal dan Mira, Si Kabayan, Selamat Jalan Anak Kufur, Sang Kuriang, jrrd) katut téori maén drama nu dikarang ku WS Réndra (Tentang Bermain Drama jeung Drama untuk Remaja).    

Ajip Rosidi kaasup satrawan anu gede perhatianna kana naskah drama reliji basa Sunda, tepi ka aya kereteg nerbitkeunana jadi buku. Salasahijina, “Kasidah Cinta Al-Kubra”, anu waktu medalna ieu buku ku Ready Soesanto (Kiblat Buku Utama), Ajip Rosidina geus teu aya.*

Malah, sawatara taun kaliwat, nalika Kang Ajip jumeneng kénéh, nalika diasongan hasil print-out sabebed naskah drama karya Rosyid E Abby, Kasidah Cinta (aya salapan épisode), anu saban bulan Ramadan sok dipagelarkeun ku Rosyid jeung Téater Sénapati Bandung, Kang Ajip mani giak rék nerbitkeun. Hiji di antarana geus medal (terbit) ku pokalna Penerbit Kiblat Buku Utama, nyaéta Kasidah Cinta Al-Kubra. Sarua jeung Pustaka Jaya, Penerbit Kiblat Buku Utama ge kagungan AR.

Ngan hanjakal, ieu buku drama Sunda réliji nu terbit Maret 2022 téh, taun ieu "kaliwat" pikeun diajén ku Juri Hadiah Sastra Rancagé. Malah teu asup kana daftar buku nu terbit taun 2022 nu ditulis dina "Keputusan Hadiah Sastera Rancage Tahun 2023" (Béjér Pangajén Juri).  

Kang Ajip Rosidi ayeuna parantos teu aya. Ieu sastrawan nu mokalan ayana Hadiah Sastra “Rancage” téh geus tilar 29 Juli 2020 dina yuswa 82 taun (gumelar di Jatiwangi, Majalengka, 31 Januari 1938). Alfatihah. Mugia bagja di alam kalanggengan, Kang.***

Baca Juga: Dilélér Hadiah Sastra Rancagé 2023, Hadi AKS: Sastrawan Sunda Kudu Lampar!

Baca Juga: Hadiah Sastra Rancagé 2023, Ieu Béréndélan nu Kasinugrahan Hadiah ti Yayasan Kebudayaan Rancagé

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler