Mundi Ing Laya Hadi Kusumah, Salawasna Tapa, Manusa bakal Bisa ka Jagat Jabaning Langit

8 Februari 2023, 12:30 WIB
Situs Arca Domas di Desa Cibalay, Kecamatan Tenjolaya, Kabupaten Bogor, di lelewek Taman Nasional Gunung Halimun Salak, dipercaya tempat mujasmedi Prabu Siliwangi sangkan deuheus jeung Nu Murbeng Alam.* /

GALURA -Dina hal religiusitas urang Sunda ngudag manusa nu Mundi Ing Laya Hadi Kusumah: manusa nu deuheus jeung Nu Maha Kawasa. Beutina nyamuni dina carita pantun Munding Laya Dikusumah.

Salahsahiji carita pantun nu sakral, juru pantun nu medar ieu carita nu geus bener-bener asak dina kabatinana: Munding Laya Dikusumah, anu geus Mundi Ing Laya Hadi Kusumah.

Saha atuh ari tokoh Munding Laya Dikusumah? Ceuk sakaol Munding Laya Dikusumah teh ti dituna mah ditulis Mundi Ing Laya Hadi Kusumah. Lain ngaran asli tapi gelar.

Baca Juga: Batu Kalde Tempat Disumarekeunana Prabu Linggawisesa, Pamingpin nu Kacida Mikanyaahna ka Rahayat

Tacan kaungkab saha-sahana nu boga gelar Mundi Ing Laya Hadi Kusumah teh.

Dina carita pantun Munding Laya Dikusumah ukur nyebutkeun Munding Laya Dikusumah teh seuweuna Prabu Siliwangi (Sri Baduga Maharaja).

Munding Laya Dikusumah diidentikeun jeung Surawisesa, seuweu Sri Baduga Maharaja nu diutus nepungan Portugis di Malaka pikeun ngayakeun hubungan bilateral.

Anis Jati Sunda suwargi nyebutkeun saestuna Mundi Ing Laya Hadi Kusumah teh ngandung mana filosofis hiji tokoh anu geus aya dina tingkatan hirup anu geus marifat.

Asupna sang tokoh ka Jagat Jabaning Langit, di luar alam fisik, nepungan Sang Hyang Tunggal, nandakeun tokoh ieu teh lain jalma samanea.

Baca Juga: Batu Kalde di Pananjung Pangandaran, Titinggal Jaman Prasejarah jeung Jaman Sejarah

Percaya pangeran ngan hiji
Jagat Jabaning Langit teh “Mandala Agung”, mun make istilah urang Baduy mah disebutna teh Buana Nyungcung, tempat cicingna Sang Hyang Wenang, Sang Rumuhung, Sang Hyang Tunggal Nu Maha Agung.

Tina kituna bisa disebutkeun ti baheula urang Sunda geus nganut faham monotheisme, percaya nu kawasa teh ngan hiji. Maha Esa.

Dina Pantun Bogor, Nu Mawa Kawasa, Gusti Anu Maha Agung, digambarkeun kieu:

Nga inyana anu muhung di ayana, aya tanpa rupa aya tanpa waruga, hanteu kaambeu-ambeu acan, tapi wasa maha kawasa disagala karep inyana.”

Ngandung harti Pangeran (bs.Indonesia: Tuhan) teh taya nu nyaruaan, kaasup dina kakawasaanana.

Baca Juga: Babarit, Hajat Tujuh Bulan Kakandungan, Leubeut ku Simbul jeung Siloka

Sahadat Pajajaran dina ngeceskeun sipat pangeran nyoko kana Tunggalna Sang Murbeng Alam:

Hyang Tunggal tatwa panganjali, ngawandawa di jagat kabeh alam sakabeh, haling giya disaniskara, hung tatiya ahung. “

Ieu oge ngebrehkeun Pangeran teh moal aya nu bisa nyaruaan, moal aya nu nandingan.

Manusa nu geus bener-bener percaya pangeran teh ngan hiji, esa, maha tunggal, taya nu nyaruan, sarta ngestokeun ajaranana salilana “tapa”.

Tapa di dieu hartina salawasna migawe kahadean kaasup ka mahluk sejen, boh mahluk nu hirup boh mahluk nu teu hirup.

Ku tapa, manusa jadi Mundi Ing Laya Dikusumah: manusa nu sampurna, geus deuheus jeung Nu Maha Kawasa, geus bisa tepi ka Jagat Jabaning Langit.***

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler