Eddy Jusuf, ti Walungan Citarum Nataharkeun Universitas Pasundan

6 Februari 2023, 08:18 WIB
Rektor Unpas Eddy Jusuf.* /Dok. Pribadi/

GALURA - “Ngojay di Walungan Citarum,” ceuk Prof.Dr.Ir.H. Eddy Jusuf Sp.,M.Si.,M.Kom, basa ditalék ku Galura, panineungan naon mangsa keur budak nu hésé kapopohokeun tepi ka kiwari.

Ngobrol nyalsé di rohangan gawéna, ieu Guru Besar Teknik Industri Universitas Pasundan (Unpas) Bandung nu geus katilu periode cepeng kalungguhan Rektor Unpas téh mulangkeun panineungan mangsa keur budak. Ulin kokojayan jeung papada baturna di Walungan Citarum nu harita caina ngagulidag, ngagenclang hérang.

“Resep wé harita mah, ngojay teuteuleuman jero cai, jeung babaturan ngadu kaparigelan ngala lauk ku ramo leungeun,” ceuk Eddy Jusuf, nu ngaréngsékeun sakola di SD Sekepeuris I-II, SMPN 8 Margahayu (kiwari SMPN I) jeung SMAN 9 Margahayu, Kabupaten Bandung téh.

Lauk nu diala téh, kayaning lauk beunteur, lauk tagih, hampal, balidra, jungjulung, jrrd.

Éta lauk nu ditataan téh, kiwari naha masih kénéh aya?

“Yakin Akang mah, éta lauk téh geus langka, boa geus punah, geus euweuh, kari waasna,” pokna.

Baca Juga: Papalidan di Walungan Citanggulun, Lukman : Pikeun Malidkeun Kabingung

Leungitna lauk jungjulung, gabus, tawés, jeung sawatara lauk séjén nu geus langka, bisa jadi alatan Walungan Citarum ka ayeunakeun geus keumeuh, kotor, jeung bau balukar pabrik miceun limbah sangeunahna ka walungan. Pamustunganna, habitat di Citarum jadi ruksak, lauk paraéh karacunan.

Bawirasa, Eddy Jusuf kawilang ngarojongna, Pemprov Jabar katut unsur pamaréntah séjénna, aya tarékah ngawujudkeun deui Citarum Harum, kondisi walungan ditata, dibebenah deui.

Kotorna Walungan Citarum nu leubeut ku carita sajarah, dina panitén putra H. Édy Momo suargi jeung Hj. Iyolatipah suargi, ku lantaran sawatara warga hirupna geus teu miroséa kana atikan literasi humanis, nu ti heula mah sok disebut kaarifan lokal téa.

Eddy Jusuf moal poho, mangsa keur leutik deukeut jeung salasaurang tentara anggota PGT AURI Lanud Margahayu (kiwari Lanud Sulaiman).

“Tah, jeung éta tentara mah, ngojay di walungan bari ngala lauk téh maké granat, atuh lauk téh mancawura, Akang jeung nu séjén giak paboro-boro néwakan lauk, awak pinuh ku leutak mah geus teu ditolih,” pokna ditungtungan ku seuri.

Eddy Jusuf.*

Baca Juga: Panen Pare Munggaran di Desa Kertawangunan, Acep : Patani Kudu Leuwih Motekar

Bumetah ulin di walungan, cacap tepi ka adan Asar, Eddy jeung batur-baturna gesat-gesut mandi beberesih di pancuran, tuluy asup ka mushola, salat disambung ku ngaji di madrasah.

“Kabeneran, harita Akang mah aya kénéh aki, jenenganna H. Tobi suargi, mangsa jumenengna ngogo pisan ka anak-incu téh. Tapi, dina lebah bag-bagan agama, elat salat atawa elat ngaji, alamat bitis garalang digebug ku sapu nyéré,” cenah.

Nu ngawuruk ngajina, lain nu séjén, tapi nu jadi pamanna pituin. Diajar ngaji, diajar salat, neuleuman élmuning agama Islam, kawilang dipupujuhkeun pisan.

“Ku nu jadi sepuh, utamina ku pun biang, hasil ngaji di nu jadi emang téh, di kontrol ku anjeunna, naha maca Qur’an téh geus fasohah atawa acan, disiplin jeung tulatén pisan ngatik agama jeung darigama téh,” pokna.

Temahna tina atikan nu jadi kolot, disiplin kana ibadah, salat jeung ngaji, jadi kabiasaan nu napel pageuh tepi ka kiwari, tara tinggaleun najan umur geus tunggang gunung.

“Atikan Islam kudu dipupujuhkeun ti keur leutik kénéh, ngarah jadi kabiasaan, malar hirup salamet dunya-ahérat,” ceuk Eddy.

Baca Juga: Mikawanoh Kabuyutan Ciburuy Garut, Situs Budaya nu Neundeun Banda Titinggal Prabu Siliwangi 

Pentingna literasi

Nyabit sual literasi, ieu nonoman nu gumelar di wewengkon Katapang, Kab. Bandung, 10 April 1954, nu lemburna tepi ka kiwari saampar samak jeung Walungan Citarum, di lingkungan kampusna para mahasiswa nu jadi binaanna katut sakumna civitas akademik Universitas Pasundan, kudu eungeuh kana pentingna numuwuhkeun literasi.

Dina ngungkulan pangaruh era globalisasi, ceuk ieu tokoh Perbakin Jawa Barat, para mahasiswa kudu miroséa kana tilu literasi, kayaning literasi bigdata, literasi teknologi nu disurahan ku literasi humanis.

“Tah, teu kudu beurat-beurat nyalusur kahirupan mah, tilu literasi ieu wé cekel pageuh, insya Alloh, ngagolontorna kahirupan panéka jaman nu meuweuh ku sasalad era globalisasi, urang moal kabawakeun hirup teu bener,” ceuk Eddy.

Nyabit sual paneka jaman, najan kumaha waé ge, kalangan paguron luhur, hususna civitas akademik jeung mahasiswa Unpas, moal bisa nyingkahan tina pameredih jaman nu ka ayeunakeun mingkin tarik waé paméntana.

Baca Juga: Kabuyutan Pamager Nagara, Ngageuing Pamingpin nu Sakira Rek Mengpar tina Kamanusaan

Paménta éta, ceuk Eddy, luyu jeung tantangan era globalisasi, taya lian tina kasanggupan urang mekelan SDM ku saniskara kamampuh, saniskara kaparigelan.

“Robahna paradigma pamikiran jeung paripolah enggoning ngaronjatna ajén-inajén SDM, koncina aya dina literasi pendidikan. Literasi pendidikan adumanis jeung literasi bigdata, literasi téknologi nu disurahan ku literasi nu humanis, hiji katangtuan keur invéstasi jangka panjang pikeun bekel diri hirup jadi pinter jeung binékas, pameredih jaman malar hirup mingkin produktif jeung kompetitif,” pokna.

Matakna, ceuk ieu Ketua Umum Pencasilat Nampon Kabupaten Bandung téh, kaselir dirina jadi pingpinan paguron luhur, taya reureuhna ngamekarkeun kahirupan kampus sangkan leuwih maju, préstasi widang akademikna bisa cumarita di tingkat nasional tepi ka tingkat internasional. 

Salasahiji léngkah rancagé nu mayeng disorang ku Eddy Yusuf geusan Unpas mampuh cumarita dina najeurkeun kualitas pendidikanna, nyaéta ngayakeun rukun gawé jeung 47 paguron luhur di 36 nagara.

Naon pentingna ngawangun rukun gawé jeung paguron luhur di sawatara nagara?

“Kapentingan jeung mangpaatna mah loba pisan,” ceuk Eddy Jusuf, nu ngaréngsékeun sakola di SD Séképeuris I-II, SMPN 8 Margahayu (Kiwari SMPN I) jeung SMAN 9 Margahayu, Kabupaten Bandung téh.

Di antarana, cenah, pikeun kapentingan mahasiswa bisa milu program kuliah internasional, rukun gawé panalungtikan jeung rukun gawé ngaronjatkeun ajén akademik.

Ku ayana hubungan gawé antar paguron luhur, udagan nu utama nyaéta numuwuhkeun jaringan (networking), tarékah positif ngawangun rukun gawé malar ngahasilkeun program-program kamekaran akademik.  

Baca Juga: Gala Premiere-na Poé Ieu, ‘Gita Cinta dari SMA’ Difilmkeun deui bari teu Mopohokeun 'Originalitas'

Wujud rukun gawé nyoko kana pendidikan, mahasiswa Unpas bisa kuliah di hiji paguron luhur di sawatara nagara nu ngayakeun rukun gawé, sarta dosen Unpas bisa ngajar di éta paguron luhur.

Lian ti éta ngayakeun kagiatan panalungtikan (panalitian), tulisan karya ilmiah jeung gawé rancagé ilmiah séjénna.

Dina pangbaktina ka nagara jeung masarakat, tepi ka kiwari 165 staf dosen geus mibanda gelar doktor.

“Opat belas dosen Unpas geus ngantongan sertifikat IPM jeung IPU widang teknik, 16 dosen ngantongan sertifikat Reviewer Penelitian Internasional, jeung 42 dosen ngantongan sertifikat Kompetensi Internasional,” pokna reueus.

Lian ti dosen nu nyangking gelarna doktor, Unpas gé kiwari ngabogaan 27 guru besar nu gelarna profésor, jeung 416 magister.

Prof. Eddy Jusuf jeung Presiden Jokowi.*

Préstasi séjénna, 14 program studina geus ngahontal akreditasi A, peringkat “10 Besar Perguruan Tinggi Se-Indonésia” versi Kemristék Dikti, peringkat ka-10 PTS versi 4ICU/Unirank, peringkat ka-33 International Colleges and Universities jeung peringkat ka-4.490 PTS sa-dunya versi Webomerrics.

Udagan Unpas ka hareupna, ceuk Eddy, kudu mampuh ngantongan 20 prodi akreditasi internasional katut ngaadaptasi tilu literasi keur kapentingan bigdata téa, téknologi jeung humanis, pembelajaran jarak jauh, hilirisasi panalitian jadi unit bisnis, panalitian klaster mandiri jeung ngaronjatkeun désa binaan.

Udagan séjénna, ngaronjatkeun ajén kasundaan katut syiar Islam, ngahangkeutkeun panalungtikan jeung PPM nu saluyu jeung visi-misi Paguyuban Pasundan, globalisasi pusat studi jeung kréasi kamekaran budaya Sunda jeung atikan Islam, katut kamekaran Akademi Budaya Sunda.***

 Baca Juga: Haji Hasan Mustapa; Birokrat, Sastrawan Sufistik, jeung Ulama “Mahiwal” nu Sosobatan jeung Snouck Hurgronje

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler