Baheula alam Tatar Sunda Mere kahirupan jeung Huripna, Ayeuna...

31 Januari 2023, 10:30 WIB
Alatan alamna geus rusak, turug-turug iklim dunia barobah, cinyusu di Tatar Sunda ngocorna usum hujan wungkkul. Bareto alam Tatar Sunda mere kahirupan jeung huripna.* /

GALURA Bareto mah di Tatar Sunda melak tangkal sampeu padu ceb oge, bakal jadi kalayan hade lantarana tanahna henteu angar.

Kitu deui tanah pasawahan. Keur Tatar Sunda gemah ripah loh jinawi, cai curcor, jadi tempat melak lauk uusuman.

Ti mimiti rěngsě paněn, nepi ka rěk dibaladah atawa sabada tandur, nepi ka gedě pare, pasawahan di Tatar Sunda dipelakan lauk.

Baca Juga: Pranatamangsa Sunda, Usum Hujan Panen Suung Cirina Siraru Rabeng

Melak lauk di sawah, minangka “pěling”. Bonus nu bisa diaala gancang. Běda jeung melak lauk di balong.

Lauk di balong mah biasana alaeun sataun sakali, ari lebaran atawa nyanghareupan hahajatan. Cohagna, melak lauk di sawah, lain perkara sakatiga.

Tapi geus jadi tradisi budaya balarěa nu hirup di pakampungan. Utamana para patani nu sapopoě ngolah tanah tur katelah “bulu taneuh”.

Lambang kajayaan patani jaman běh ditu digambarkeun ku rupa pakaya: imah, leuit, balong, saung lisung tempat panutuan, jeung pipir nu dipelakan lalab rumbah.

Baca Juga: Bedana Hujan dina Pabaru Masehi jeung dina Pabaru Cina, ieu mah Baheula

Sawah sakotak dua kotak nu jadi sumber pangan poko nu ngahasilkeun protěin nabati, parě katut pepelakan sějěn atawa nu tumuwuh ku sorangan, dina galeng.

Protěin hěwanina lauk pelak, jeung lauk linghas bangsaning belut, paray, rarong, lělě, cingok, beunteur, jeung rěa-rěa deui. Gambaran kahirupan “patani sugih mukti, raweuy beuweungeun rambay alaeun.

Loba pangabutuh pangan nu bisa dicumponan bari teu kudu ngaluarkeun duit, hasil usaha bisa dikamalirkeun kana hal-hal produktif jeung nganteur kasenangan.

Ayeuna alam Tatar Sunda nu hějo lěmbok, jadi garing ngahgar. Alatan rěa leuweung dibukbak keur kapentingan “ěkonomi’ badag, bet matak nyangsarakeun balarěa.

Baca Juga: Lawang Bledheg Masjid Agung Demak, Lambang toleransi di Karajaan Demak

Atuh sawah jeung kebon, rěa nu ngahaja diandih ku pabrik, industri, paimahan, pakantoran, jeung sajabana, anu hara-hareun oge dirarata.

Lain baě sawah guludug nu teu produktip, dalah sawah lěndo subur nu ditangtayungan ku Undang-Undang No.42 Taun 2009, nu mangrupa “kawasan lahan pertanian berkepanjangan” ogě, rěa nu salin jinis.

Nasib patani, geus teu sugih mukti deui. Ayeuna mah estuning “ngan kari daki.

Alam tatar Sunda “jaman now” matak ngangres. Matak ngenes.
Pabaru, usum suung, oge kari panineungan nu nungtut laleungitan.***

 

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler