GALURA-Sintrén asal kecap sesantrian, nyaéta niru santri dina waktuna santri maén lais, debus, rudat atawa ubrug.
Aya ogé nu nyebut asal kecap tina sinatria, hartina niru sinatria boh dina gerak gerikna boh cara maké pakéan.
Seni Sintren aya di sabaraha daerah, di Jawa Barat diantarana wae Majalengka, Cirebon Indramayu jeung wewengkon Kabupaten Kuningan. Aya ogé di sabaraha daerah Jawa Tengah.
Baca Juga: Pantun, Seni Tradisional Sunda nu Sakral, Teu Sagawayah Dipintonkeun
Di daerah Jawa Barat, masih keneh hirup di Desa Dukuhbadag, Kecamatan Cibingbin, tapel Wates Provinsi Jawa Barat-Jawa Tengah.
Nyaritakeun seni sintrén di Désa Dukuhbadag geus aya ti mimiti taun 1930, dipingpin ku Warjiah.
Ieu kasenian diduga dibawa warga ti luar daérah nu datang ka Désa Dukuhbadag pikeun buburuh ngala paré atawa dibuat.
Baca Juga: Gunung Galuh Ciamis, Tempat Ngabungbang Bupati Ciamis Jaman Baheula, Ayeuna Dipopohokeun
Nu biasa buburuh ngala paré téh katelahna kukurung.
Ceuk Punduh Sintren di Dukuhbadag, Sahrudin (82), dumasar carita lisan ieu kasenian baheula sok dimaénkeun ku kukurung dina mangsa reus tina kagiatan ngala paré.
Biasana peuting, minton di pakarangan imah warga, henteu make panggung.
Dina pagelaran sintrén mangsa harita, ceuk Sahrudin, kukurung-kukurung nu mintonkeun sintrén téh henteu di hiji tempat.
Hartina pindah-pindah ti hiji pakarangan imah warga ka pakarangan imah warga séjénna.
Saban ngayakeun pagelaran, maranéhna henteu nampa buruh, semet disuguhan kadaharan ti nu boga imah atawa warga séjén.
Baca Juga: Buah Gedong Gincu, Dipelak di Jatigede, Sumedang, Ku Bandar Disebut ti Majalengka
Sahrudin nétélakeun, kukurung-kukurung téh jolna ti daérah tapel wates Kecamatan Cibingbin, Kabupaten Kuningan, Provinsi Jawa Barat, jeung Kecamatan Banjarharja, Kabupatén Brebes, Provinsi Jawa Tengah.
Diantarana ti Désa Cibendung, Cikakak, Cigadung, Karangjunti, Pandé, Dukuhjeruk, jeung Désa Randegan.
Sajaba ti éta, ceuk Sahrudin, satuluyna, aya ogé nu jolna ti tapel wates Cirebon-Kuningan, diantarana ti Désa Tonjong, Karoya, Ciléngkrang, Ciledug, Pabuaran, Pamosongan, Cikulak, Leuweunggajah jeung désa-désa séjénna.
Baca Juga: Jaman Ciamis-Cirebon keur Werit, Ngakalan Begal Disingsieunan ku Bangkong Pabeasan
Kukurung-kukurung ti sababaraha daérah kasebut, henteu semet aya di Désa Dukuhbadag, tapi ogé nguriling ka désa-désa sejen di wilayah Kecamatan Cibingbin.
Diantarana Désa Bantarpanjang, Cisaat, Citénjo, Cibingbin, Cibeureum, jeung Désa Tarikolot. Désa Cibeureum jeung Désa Tarikolot kiwari kaéréh wewengkon Kecamatan Cibeureum.
Samalah nepika ka Désa Sukasari, jeung Desa Tanjungkerta, Kecamatan Karangkancana kiwari.