Dina lalampahanna ka Kufah, di hiji tempat nu katelah Karbala, rombongan Imam Husain nu réana 72 urang dicegat tur ditingker ku 40 rébu tentara/pasukan Yazid bin Mu’awiyah. Harita kénéh lumangsung perang rongkah anu éstu henteu imbang, tepi ka tuluyna ti pihak Imam Husain réa nu perlaya, kaasup Imam Husainna nyalira. Rombongan nu sawaréhna deui, kaasup Zainab Al-Kubra jeung Ali Zainal Abidin Al-Sajjad putra Al-Husain, jaradi tawanan kaom biadab, digiringkeun diabring-abring rék dijagragkeun ka Gubernur Ubaidillah bin Ziyad jeung Khalifah Yazid bin Mu’awiyah.
Baca Juga: Sastrawan Ajip Rosidi (1938 – 2020): Antara Masyitoh, Jante Arkidam, jeung Bagus Rangin
Darajat kaélmuan Zainab ngabukti pisan nalika inyana debat jeung Gubernur Ibnu Ziyad katut Khalifah Yazid bin Mu’awiyah, sabadana tragédi Karbala. Omongan Ibnu Ziyad jeung Yazid teu weléh ditémpas ku Zainab kalawan ngasongkeun argumén anu teu bisa dibantah deui, tepi ngadatangkeun amarah ti duanana.
Di hareupeun para pamingpin dolim dinasti Umayyah, Zainab Al-Kubra, Sang Srikandi Karbala ieu teu gimir ngutuk kalakuan Gubernur Ibnu Ziyad jeung Khalifah Yazid bin Mu’awiyah. Zainab meunteun Imam Husain as katut para ahlul-bait séjénna jalma nu unggul. Pidatona nu tandes di istana Yazid jeung di hareupeun Gubernur Ibnu Ziyad, banget mangaruhan hadirin, nu ngalantarankeun maranèhanana nineung ka nu jadi bapana, Imam Ali as.
Sawaréh sejarawan (Islam) aya nu nyebutkeun, Sayyidah Zainab téh Pahlawan Karbala, sarta disebut-sebut minangka “Ummu Hasyim”, lantaran perjuanganna dina nyalametkeun kulawarga Hasyim (kulawarga Nabi, para ahlul-bait) sabada tragédi Karbala, écés pisan.
Sakabèh adegan diseukeutan ku narasi tokoh Mush'ab ibn Zubair nu diperankeun ku Abah Awie jeung Sukainah binti Husain nu diperankeun ku Rinrin Candraresmi. Basa Sunda nu puitis leuwih nguatkeun éksprési tur nimbulkeun daya émpati kana kajadian mangsa harita.*** Sopandi