Kasidah Cinta Al Kubra, Gambaran Cinta Zainab ka Allah jeung Rasul-Na

- 18 April 2023, 07:54 WIB
SALASAHIJI adegan dina drama réligi Sunda “Kasidah Cinta Al-Kubra” karya sutradara Rosyid E Abby nu dipagelarkeun di GK Rumentang Siang, Bandung, 7 – 8 April 2023 nak.*
SALASAHIJI adegan dina drama réligi Sunda “Kasidah Cinta Al-Kubra” karya sutradara Rosyid E Abby nu dipagelarkeun di GK Rumentang Siang, Bandung, 7 – 8 April 2023 nak.* /Joko Kurnain/ISBI/

 

 

WARGA Bandung jeung sabudeureunana nu mikaresep kana pagelaran tèater, bisa jadi pagelaran drama réligi Sunda Kasidah Cinta Al Kubra karya/sutradara Rosyid E Abby jadi ubar kasono kana pagelaran tèater nu kungsi reureuh.

Enya, disebut reureuh téh pédah Teater Senapati Bandung nu ti taun 2006 kénéh biasa magelarkeun drama réligi “Kasidah Cinta” saban bulan Ramadan, tilu taun ka dieunakeun mah geus tara magelaran deui. Magelaran pamungkas téh taun 2019, dina épisodial Kasidah Cinta Sang Muazin.

Naha ka mana salila tilu taun téh?

“Aya. Tapi ku margi aya sasalad Covid-19, nya teu tiasa magelaran di tempat umum. Paling ngadamel karya-karya kanggo tayangkeuneun virtual. Dina taun 2020, sasih Maret, pas Senapati badé latihan pisan kanggo garapan ‘Kasidah Cinta’, éh… kabujeng aya wawaran ti pamaréntah tong waka aya kagiatan nu sipatna ngabaud jalma réa di tempat umum. Tétéla geuning éta téh manjang dugi ka 2022. Tah, salami 2020, 2021, sareng 2022, Teater Senapati teu magelarkeun ’Kasidah Cinta’,” ceuk Rosyid E Abby, Pembina/Sutradara Teater Senapati, anu oge Pamingpin Redaksi SKM Galura jeung Penanggung Jawab Galura Online.  

Tapi Jumaah – Saptu, 7 – 8 April 2023 ka tukang, Teater Senapati témbong deui kétakna, aya deui karyana. Magelaran di tempat nu sarua jeung taun-taun méméhna, di Gedong Kasenian Rumentang Siang, Jalan Baranangsiang (Kosambi), Bandung, Teater Senapati magelarkeun deui drama religi Sunda Kasidah Cinta Al-Kubra.

Baca Juga: Kasidah Cinta Al-Kubra, Konsistensi Teater Senapati Ngagarap Pintonan Réligi, Miara Regenerasi Drama Sunda 

 

Adegan drama réligi Sunda “Kasidah Cinta Al-Kubra” karya sutradara Rosyid E Abby.*
Adegan drama réligi Sunda “Kasidah Cinta Al-Kubra” karya sutradara Rosyid E Abby.*

Utamana pikeun Rosyid E Abby mah, suksés pintonan Kasidah Cinta Al-Kubra téh satutas  suksés pagelaran drama Panggil Aku Uwi, dina milangkala ka-67 Persatuan Artis Film Indonesia (Parfi) nu diayakeun 10 Maret 2023 di Pusat Perfilman Haji Usmar Ismail (PPHUI) Jakarta. Enya, kapan Panggil Aku Uwi anu disutradaraan ku Irwan Guntari téh, anu nyaritakeun kahirupan jeung perjuangan Raden Dewi Sartika dina ngadegkeun Sakola Kaoetamaan Istri, naskahna karya Rosyid E Abby. Ari nu jadi Dewi Sartika-na, taya lian artis Paramitha Rusady.

 

Kasaksian di Karbala

Péntas drama réligi Kasidah Cinta Al-Kubra digarap semi-kolosal, ngabaud teu kurang ti 50 pamaén. Konsép garapanana ngadumaniskeun seni drama, seni musik, jeung seni tari (gerak/koréo).

Rosyid nyebutkeun, perlu waktu sabulan pikeun nyiapkeun ieu pintonan. Iwal Rosyid nu nulis naskah jeung nyutradaraan, aya sutradara II nyaèta Dadan Darto Ramdani.

Ceuk Rosyid, Kasidah Cinta Al-Kubra nu taun ieu dipintonkeun téh minangka “daur ulang” tina drama musikal réligi Sunda Kasidah Cinta Zainab Al-Kubra dina taun 2012 jeung 2018. Péntas ieu mangrupa runtuyan tina péntas drama musikal réligi Sunda “Kasidah Cinta”, nu dipagelarkeun saban taun dina bulan Ramadan ti taun 2026 ku kelompok Teater Senapati SMA Pasundan 3 Bandung.

Kasidah Cinta Jilid I judulna Kasidah Cinta Jalma-jalma nu Iman (2026), disusul Kasidah Cinta jilid-jilid satuluyna; Kasidah Cinta Sang Muadzin (2007 & 2019), Kasidah Cinta Sang Abid (2010), Kasidah Cinta di Palagan Karbala (2011), Kasidah Cinta Al-Kubra (2012 & 2018), Kasidah Cinta Al-Faruq (2014), Kasidah Cinta Shahabiyah (2016), jeung Kasidah Cinta  Hamzah Asadullah (2017).

 Baca Juga: Abah Awie, Resep Maca Sajak, Remen Kapeto Jadi Narator

 

Abah Awie merankeun Mush'ab ibn Zubair, carogé Sukainah binti Husain nu diperankeun ku Rinrin Candraresmi.dina pagelaran drama "Kasidah Cinta Al-Kubra, ".*
Abah Awie merankeun Mush'ab ibn Zubair, carogé Sukainah binti Husain nu diperankeun ku Rinrin Candraresmi.dina pagelaran drama "Kasidah Cinta Al-Kubra, ".*

Péntas Ramadan Teater Senapati taun ayeuna diwedelan ku para aktor senior, kayaning Abah (Heri) Awie, Rinrin Candraresmi, Apip Catrixs, Dian Hendrayana, Dado Tisna, Candra N. Cengs, Superjonesia, Dadan Darto Ramdani, Untung Wardoyo, jeung nu lianna. Para aktor lianna ti Teater Lima Wajah, Toneel Bandung, jeung Barak Teater gé, milu makalangan.

Dina Kasidah Cinta Al-Kubra, Heri Awie merankeun Mush'ab ibn Zubair, carogé Sukainah binti Husain nu diperankeun ku Rinrin Candraresmi. Ari Sukainah téh putra Husain bin Ali (Imam Ali) anu salamet tina tragédi Karbala. Heri Awie jeung Rinrin Candraresmi minangka narator, ngariwayatkeun nu karandapan ku kulawarga Sukainah jeung para ahlul-bait séjénna nalika dipergasa di Palagan Karbala.

Ieu drama téh minangka kasaksian Mush'ab ibn Zubair jeung Sukainah binti Husain ngeunaan kajadian di Karbala, di mana bibina, Zainab binti Ali bin Abi Thalib, bajoang tanggoh lir Srikandi Padang Karbala, ngalawan musuh-musuhna. Di dieu témbong pisan kapahlawanan Zainab dina mulihkeun deui wawangi ngaran kulawargana nu kungsi dianggap barontak ku musuh utamana, Khalifah Yazid bin Muawiyah.

Kasidah Cinta Al-Kubra tèh gambaran jeung bukti cinta Zainab binti Ali bin Abi Thalib ka Allah Azza wa Jalla sareng Rasul-Na, Muhammad Saw nu ogè éyangna,” ceuk Rosyid.

Pesen nu ditepikeun dina drama ieu, ceuk Rosyid, masih tetep sakumaha ti munggaran drama ieu dipagelarkeun taun 2012 kalarung, jeung 5 taun satutasna (2018). “Témana kacida kontékstual jeung jaman kiwari. Agama dijadikeun kedok pikeun nyangking kakawasaan. Ieu téma téh mungguh kontékstual, lantaran agama teu weléh jadi tamèng, utamana dina kancah politik di sakuliah dunya, di jaman iraha baé ogè,” pokna deui.

 Baca Juga: Abah Awie, Nanjeurkeun Basa Sunda ku Jadi ‘Youtuber’ Ngadongéng

 

Nasib para ahlul-bait dina pagelaran drama "Kasidah Cinta Al-Kubra".*
Nasib para ahlul-bait dina pagelaran drama "Kasidah Cinta Al-Kubra".*

 

Srikandi Karbala

Sayyidah Zainab téh putra katilu Fatimah Az-Zahra (putri Rasulullah Saw) jeung Ali bin Abi Thalib. Raka-rakana nyaéta Sayyidina Hasan jeung Sayyidina Husain. Zainab Al-Kubra –kitu Rasulullah maparin gelar ka anjeunna, anu hartina “anu agung”— teu béda ti ramana (Ali bin Abi Thalib), resep neuleuman élmu pangaweruh. Malah, Rasulullah ogé kungsi sasauran, “Ana Madinah al-‘ilm wa ‘Aliy babuha.” (Kami téh kota élmu pangaweruh, sedengkeun Ali pantona).

Ku kapinteranana, Zainab ogé meunang jujuluk “Aqilah Bani Hasyim” anu hartina ”wanita cerdas ti Bani Hasyim”.

Hiji waktu, Husain bin Ali jeung para ahlul-bait séjénna miang rék nohonan ondangan masarakat Kufah, bari jeung rék ngayakinkeun ku anjeun sual kasatiaan masarakat ditu. Harita Kufah téh digubernuran ku Ubaidillah bin Ziyad, antékna Khalifah Yazid bin Mu’awiyah bin Abu Sufyan anu geus ngarampas hak kakhalifahan ti kaom Bani Hasyim (kulawarga Nabi). Zainab Al-Kubra harita milu marengan rakana.   

Dina lalampahanna ka Kufah, di hiji tempat nu katelah Karbala, rombongan Imam Husain nu réana 72 urang dicegat tur ditingker ku 40 rébu tentara/pasukan Yazid bin Mu’awiyah. Harita kénéh lumangsung perang rongkah anu éstu henteu imbang, tepi ka tuluyna ti pihak Imam Husain réa nu perlaya, kaasup Imam Husainna nyalira. Rombongan nu sawaréhna deui, kaasup Zainab Al-Kubra jeung Ali Zainal Abidin Al-Sajjad putra Al-Husain, jaradi tawanan kaom biadab, digiringkeun diabring-abring rék dijagragkeun ka Gubernur Ubaidillah bin Ziyad jeung Khalifah Yazid bin Mu’awiyah.

 Baca Juga: Sastrawan Ajip Rosidi (1938 – 2020): Antara Masyitoh, Jante Arkidam, jeung Bagus Rangin

Salasahiji adegan drama réligi Sunda “Kasidah Cinta Al-Kubra” karya sutradara Rosyid E. Abby.*
Salasahiji adegan drama réligi Sunda “Kasidah Cinta Al-Kubra” karya sutradara Rosyid E. Abby.*

Darajat kaélmuan Zainab ngabukti pisan nalika inyana debat jeung Gubernur Ibnu Ziyad katut Khalifah Yazid bin Mu’awiyah, sabadana tragédi Karbala. Omongan Ibnu Ziyad jeung Yazid teu weléh ditémpas ku Zainab kalawan ngasongkeun argumén anu teu bisa dibantah deui, tepi ngadatangkeun amarah ti duanana.

Di hareupeun para pamingpin dolim dinasti Umayyah, Zainab Al-Kubra, Sang Srikandi Karbala ieu teu gimir ngutuk kalakuan Gubernur Ibnu Ziyad jeung Khalifah Yazid bin Mu’awiyah. Zainab meunteun Imam Husain as katut para ahlul-bait séjénna jalma nu unggul. Pidatona nu tandes di istana Yazid jeung di hareupeun Gubernur Ibnu Ziyad, banget mangaruhan hadirin, nu ngalantarankeun maranèhanana nineung ka nu jadi bapana, Imam Ali as.

Sawaréh sejarawan (Islam) aya nu nyebutkeun, Sayyidah Zainab téh Pahlawan Karbala, sarta disebut-sebut minangka “Ummu Hasyim”, lantaran perjuanganna dina nyalametkeun kulawarga Hasyim (kulawarga Nabi, para ahlul-bait) sabada tragédi Karbala, écés pisan.

Sakabèh adegan diseukeutan ku narasi tokoh Mush'ab ibn Zubair nu diperankeun ku Abah Awie jeung Sukainah binti Husain nu diperankeun ku Rinrin Candraresmi. Basa Sunda nu puitis  leuwih nguatkeun éksprési tur nimbulkeun daya émpati kana kajadian mangsa harita.*** Sopandi

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x