FFWI 2023 taun ieu masih rukun gawé jeung Direktorat Perfilman, Musik dan Media (PMM), Dirjen Kebudayaan, Kemendikbud Ristek RI. Direktur Perfilman, Musik, dan Media Baru, Ahmad Mahendra ngabagéakeun pisan ku diayakeunana (deui) ieu acara, sarta ngarojong kana tema FFWI “Gemilang Indonesia: Perfilman Kuat, Kebudayaan Unggul.”
Ceuk Ahmad Mahendra, film-film nasional lain baé hiji karya seni jeung produk industri hiburan, tapi ogé mangrupa sarana diplomasi kabudayaan anu paling efektif. Efektif pikeun ngawanohkeun cara hirup, cara pikir, jeung ragem budaya Indonesia keur panongtonna, utamana keur panongton internasional.
"Dipiharep, ayana FFWI téh sanés saukur nguatan pondasi perfilman Indonesia, tapi ogé sakalian ngajadikeun ekosistem film minangka tuan rumah di negeri sendiri tur jadi tamu agung di luar negeri," ceuk Ahmad Mahendra.***
Baca Juga: Prilly Latuconsina, Ngarasa Bungah Bisa Nyugemakeun Indung-Bapana