Grup Hadroh Stasiun Kenyamanan Hati (SKH) Sukamandi, Numuwuhkeun Lingkungan Resep Solawatan

- 23 Maret 2023, 05:33 WIB
Réngréngan Grup Hadroh Stasiun Kenyamanan Hati (SKH) BDA Sukamandi Kementerian Kelautan dan Perikanan, saméméh minton di Cijambe, Kab. Subang.*
Réngréngan Grup Hadroh Stasiun Kenyamanan Hati (SKH) BDA Sukamandi Kementerian Kelautan dan Perikanan, saméméh minton di Cijambe, Kab. Subang.* /Dok. Grup Hadroh SKH/

GALURA - Grup Hadroh Stasiun Kenyamanan Hati (SKH) ti Sukamandi, Subang téh, ngadeg kalawan didasaran syiar dakwah dina wangun pidangan seni.

Dipokalan ku réngréngan Balai Diklat Aparatur (BDA) Kementerian Kelautan dan Perikanan (KKP) di Sukamandi, Kec. Patokbeusi, Kabupaten Subang.

Kawilang anyar cikénéh, Grup Hadroh SKH téh ngadeg 3 Februari 2023.

Demi nu jadi kasang tukang, sabab saméméhna di lingkungan budeureun kompleks BDA KKP di Sukamandi téh tacan aya majelis solawat jeung ratib al kubro.

Sesepuh Grup Hadroh SKH, Ustadz Ahmad Zayadi, mértélakeun, ku ngadegna ieu grup hadroh téh dipiharep malar di lingkungan tumuwuh karesep maca solawat.

Baca Juga: Pangajaran di MTs Cisasawi Bandung Barat Dibarung Palaksanaan Dakwah tur Syiar Islamiyah

Ku maca solawat, éta baris meunang pahala kahadéan ti Allah Swt.

Solawat gé minangka wujud salam jeung rasa hormat ka Kanjeng Rasulullah Saw.

"Maranéhanana nu sok maca solawat, insyaallah bakal meunang syafaat ti Nabi Muhammad Saw, tur dijadikeun catetan amal kahadéan," pokna, Salasa, 21 Maret 2023.

Personil Grup Hadroh SKH diwengku ku para pagawé BDA Sukamandi KKP, pagawé Balai Riset Pemuliaan Ikan (BRPI) KKP, katut warga budeureun Patokbeusi, Subang.

Alat-alat musik atawa waditra nu aya nyaéta bas, darbuka, rebana, jeung kecrékan.

Anapon jadwal latihanana unggal malem Jumaah sabada kagiatan majlis ta'lim.

Baca Juga: Jadwal Imsakiyah Kota Bandung - Ramadan 2023

Najan anyaran ngadeg, Grup Hadroh SKH kawilang kerep diondang dina acara-acara pangajian, boh di kantor lingkungan KKP boh ku warga, ka Bandung, Jakarta, katut Karawang.

Lian ti macakeun solawat bari dipirig ku hadrohan téa, maranéhanana gé sok ngahaleuangkeun lagu-lagu nasyid populér kayaning Shil Ya Nabi, Solawat Burdah, jeung sajabana.

"Muga waé ku sering maca solawat Nabi téh baris ngaronjatkeun darajat urang, mingkin deukeut ka Allah, mingkin tingtrim pikiran katut haté, sarta dihampurana dosa-dosa urang," ceuk Ahmad Zayadi.***

 Baca Juga: Hasil Sidang Isbat: Poé Ieu 23 Maret 2023 Mimiti Saum Ramadan  

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x