Prilly Latuconsina, Keur Syuting, Dua Kali Gering jeung Asup Rumah Sakit

- 7 Maret 2023, 14:38 WIB
Prilly Latuconsina.*
Prilly Latuconsina.* /Dok. Starvision/

Maén dina film Gita Cinta dari SMA, pikeun Prilly Latuconsina mah hiji kahormatan dibarung kareueus nu taya papadana.

"Ieu ogé hiji kahormatan pikeun abdi. Abdi tiasa maén dina ieu film, reueusna dua tikeleun. Terus terang, Gita Cinta dari SMA téh tongtonan pun bapa sareng pun biang, tur aranjeunna ngefans pisan ka sosok Galih sareng Ratna, ngefans pisan ka Ibu Yessy Gusman sareng Bapa Rano Karno," ceuk ieu béntang film, penyanyi, présénter, modél, pangusaha, aktivis, penulis, jeung produser nu gumelar di Tangerang, Banten, 15 Oktober 1996 téh, basa ngobrol dina sela-sela “Gala Premiere Film Gita Cinta dari SMA” di Ciwalk XXI, Bandung, sawatara waktu ka tukang.

Basa Prilly meunang tawaran jadi Ratna, cenah, manéhna langsung sasadu ka bapana. "Pa, aku dapat tawaran memerankan karakter Ratna di ‘Gita Cinta dari SMA’,” ceuk Prilly, nyaritakeun deui pok-pokanana waktu manéhna bébéja atawa sasadu ka bapana.

 Baca Juga: Milu Makalangan dina Serial ‘The Last of Us’, Christine Hakim Kapeto Jadi Ilmuwan Indonesia 

Biasana, ceuk Prilly, mun manéhna bébéja meunang peran dina hiji garapan, bapana ukur ngaréspon, “Oh gitu, oke, good luck.” Ieu mah teu kitu, cenah. Nampa béja kitu téh, bapana ukur olohok semu teu percayaeun, tapi tuluyna némbongkeun kabungahna.

Hah? Serius? Ya ampun, Papa senang banget dan bangga sama kamu bisa kayak gitu,” ceuk Prilly, nyetakeun omongan bapana.

Bakating sumangetna syuting Gita Cinta dari SMA, Prilly Latuconsina tepi ka geringna bari satuluyna kudu dirawat di rumah sakit. Malah tepi ka ngalaman dua kali gering, cenah. Tapi indung bapana tuluy nyumangetan Prilly supaya geuwat-geuwat cageur deui sabihari.  

Sakit dua kali dibawa ke rumah sakit, tapi Papa Mama aku tetap tenang. Papa bilang, tenang tahanin ya, buat produksi Gita Cinta dari SMA,” ceuk Prilly.

 Baca Juga: Ngahirupkeun deui Galih jeung Ratna, ‘Gita Cinta dari SMA’ Ngahudang ‘Baper’ nu Lalajo

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x