Indra Budiaji, M.Pd.: Tarawangsa jeung Binih Paré

13 Juli 2023, 10:43 WIB
Indra Budiaji.* /Cecep KS/GLR

GALURA - Basa rék wawancara, Indra Budiaji, M.Pd. kacida ngabagéakeun Galura. Ieu nonoman nu gumelar di Bandung, 8 Januari 1980 téh, ngajak Galura ka rohangan tamu imahna nu pinuh ku alat-alat seni waditra Sunda, aya kendang, aya kacapi, aya tarawangsa, jeung pakakas seni Sunda séjénna.

Atuh di sakuriling rohangan tengah imahna, ngagarantung sawatara pangajén ka dirina minangka seniman petingan jeung sajumlah foto waktu dirina magelaran di sajumlah nagara deungeun.

"Ieu nuju magelaran di Jepang, ieu di Kualalumpur, ieu di Afrika," ceuk ieu lulusan Jurusan Karawitan Sekolah Menengah Karawitan Indonesia (SMKI, ayeuna SMKN 10) Bandung  taun 1995 téh, jeung S2 Prodi Seni Musik Universitas Pendidikan Indonésia (UPI) Bandung téh.

Baruk, magelaran seni tradisi Sunda, geus tepi ka Afrika?

"Leres," témbalna.

Baca Juga: Tatar Ukur jeung Dipati Ukur, Riwayat Priangan jaman Mataram

Indra, nu sapopoéna Guru PNS Kesenian di SMP Negeri 1 Lembang téh, ngarasa reueus, mun sakalieun milu Muhibah Budaya, pangajén masarakat luar negeri kana pintonan seni tradisi Sunda karasa pisan lelebna.

"Urang ditu mah daria pisan ngabandungan pagelaran seni tradisi Sunda téh," pokna.

Éta wé, cenah, nu matak ngangres jeung kagagasna téh tepi ka ngembeng ku cimata, pangalaman waktu magelaran di tujuh kota di Jepang. Pagelaran can anggeus, sawatara warga Jepang méré aplaus keprok panjang kana pintonan tarawangsa jeung tarompét katut waditra seni nu séjénna. Maranéhna naék ka panggung, tuluy ménta diajar cara ngagunakeun tarawangsa.  "Muhun, mangga, ké tos bérés pagelaran hoyong diajar tarawangsa mah," ceuk Indra ka maranéhanana.

Jeung enyana deuih, réngsé magelaran, para seniman tradisi di Jepang, katut papayungna, daria diajar cara nabeuh tarawangsa jeung cara niup tarompét. Warga nu séjénna, katangen diajar nabeuh kendang, diajar ngibing tari Sunda.

Baca Juga: Seren Taun di Tatar Sunda umumna dina Bulan Muharam

Rebab, tarawangsa, jeung tarompét, éta téh alat musik gésék jeung tiup spésialis Indra, saban manggung. Urang Jepang gedé katineungna kana tilu waditra éta, malah ménta diajarkeun. Malah deuih aya nu nawarkeun harga, keur tarawangsa, rebab, jeung tarompét.

"Sanés kanggo diical-galeuhkeun," ceuk Indra.

 

Éléh déét, antukna, Indra jeung rombongan mulang ka lemah cai, ngagilincing, ku sabab tarawangsa, rebab, jeung tarompét, kudu diteundeun di Museum Min-On, hiji museum di Jepang, nu neundeun sakumna pakakas seni tradisi ti saban nagara. Ti saban sélér bangsa, kaasup alat seni tradisi warga Sunda.

Minangka gagantina, Indra gé ku seniman tradisi Jepang dibéré suling tradisi Jepang, nu ngaranna Sakuhaci.

Keur di Jepang gé Indra katut rombongan disuguhan dahar. Ari béasna kacida garedéna. Ku Indra dipénta binihna, nya dibekelan 10 kg binih paré.

"Éta binih paré dipelakkeun di Dayeuhkolot, di lembur karuhun. Leres tiasa hirup, sawatara bulan mah dahar téh tina bahan béas nu garedé téa, di urang mah teu aya béas nu model kitu mah," pokna.

Baca Juga: Dogdog Lojor, di Tatar Sunda, keur Nganteur Nyi Pohaci ka Leuit dina Ritual Seren Taun

Uplek ngawangkong, dibaturan ku bojona, Yulia Hendrilianti, M.Pd., batur kuliahna mangsa di UPI Bandung, nu geus méré katurunan hiji budak awéwé, ngaranna Mayang Supraba, murid SMAN 1 Sukabumi.

"Nami Supraba téh paparin hiji aki-aki nu datangna dina ngimpi," ceuk Yulia, nu sapopoéna mancén tugas jadi Guru PNS di SMPN 5 Sukabumi.

"Wayahna wé, kasengker ku tugas, salami ieu pun lanceuk ngawulang di Lémbang, abdi jeung budak di Sukabumi, tepang téh dua minggu sakali. Abdi ka dieu atawa bapana ka Sukabumi," ceuk Yulia deui, nu babarengan jeung artis Hj. Dési Ratnasari ngokolakeun Paguyuban Panglawungan Seniman Sukabumi.

Tanah Sunda, ceuk Indra, kawentar éndah jeung subur alamna, beunghar ku poténsi seni tradisi jeung budayana nu ngeuyeuban déstinasi wisatana, contona di wewengkon Kabupaten Bandung Barat.

Ngan hanjakalna, ceuk Indra, kabeungharan seni tradisi Sunda nu rupa-rupa téh, can dipairan ku motékarna masarakat leuwih produktif dina ngahirup-huripkeun kamekaran seni tradisi.

"Masarakat kudu sanggup ngarobah orientasi pamikiraanna ngeunaan kahirupan seni tradisi, nu tadina pasif jadi leuwih aktif dina widang seni budayana," pokna.

Baca Juga: Puncak Karantenan Misteri Gunung Sawal Kabupaten Ciamis

Kabeungharan seni tradisi, gedé patalina jeung widang atikan. Kapapancénan jadi guru kesenian, kabeungharan seni tradisi, ku Indra dijadikeun sarana kreativitas katut inovasi dina numuwuhkeun ajén-inajén atikan katut kamekaran seni budaya, seni tradisi Sunda.

"Ulah tepi ka seni tradisi Sunda téh hirupna cul dogdog tinggal igel, ditinggalkeun ku wargana. Ari warga deungeun torojogan datang ka urang, neuleuman élmuna, tingkocéak, tinggéréwék, ngaulahkeun, ironis pisan," pokna.

Ngan, ceuk Indra, urang Afrika jeung urang Jepang mah gemet pisan neuleuman waditra tarawangsa. Duka naon alesanna. Ngan, saliwat nyarita sajarahna, tarawangsa mah seni buhun, minton dina kahirupan agraris, musim panén.

"Di urang mah puseurna di Rancakalong, Sumedang," pokna.

Nabeuh tarawangsa, carana digésék, adumanis jeung waditra jentréng, nabeuhna dipetik. "Sora tarawangsa melengking, aya ritualna, éta meureun di antarana katarikna urang Jepang, Afrika jeung sélér bangsa séjén katarik neuleumanna, pintonan seni tradisi hormateun," pokna.

Matakna, alam ka tukang mah, seni tarawangsa ngan minton di wewengkon Rancakalong, teu bisa minton ka luar daérah. Harita, kapentingan keur skripsina di S1 Seni Musik UPI Bandung, Indra, nepungan kokolotna nu ngaranna Bah Cécé, sangkan pintonan tarawangsa bisa dibawa ka luar ti Rancakalong.

Baca Juga: Head Line Galura Cetak Edisi Minggu II Juli 2023, Ngaguar Milangkala ka-243 Desa Ciparigi, Kabupaten Ciamis

Sanggeus aya gempungan adat para tokoh, antukna tarawangsa bisa minton di luar Rancakalong.

"Alhamdulillah, kiwari tarawangsa tiasa minton di mana-mana," pokna.

Kiwari, seni tarawangsa aya di mana-mana, lain baé di Sumedang. Di Kabupaten Bandung, seni tarawangsa hirup di Soreang, ngaranna Lingkung Seni Pangguyangan Soreang. Di Cibalong, Tasikmalaya, pidangan seni tarawangsa direumbeuy ku waditra séjén nu disebut calung rantéy.

"Ari di Rancakalong mah, maneuh jeung pageuh pintonan tarawangsa, instrumenna tarawangsa jeung jentréng," pokna

Kiwari, pintonan tarawangsa lain waé mapag panén. "Ayeuna mah dina musim hajat, panganténan atawa sunatan jeung miéling hajat lembur atawa hajat daérah sok dipéntaskeun," ceuk Indra.

Ngan, cenah, nyalusur tina sawatara sumber, tarawangsa kapanggih dina kitab kuno Sewaka Darma. Tarawangsa asalna tina kecap ta, ra, jeung wangsa. Ta, kecap akronim meta, tina basa Sunda, hartina pergerakan. Ra, akronim tina agung, sarua jeung kecap ra, dina basa Mesir, nu hartina panonpoe. Ari wangsa, sinonim tina kecap bangsa, hartina “manusa nu nganjrek di hiji daerah atawa di hiji wewengkon”.

Jadi, tarawangsa téh, hartina, “kahirupan bangsa panonpoé”.

Modél alat seni tarawangsa dijieun tina kai atawa kayu, beuheungna panjang, kawat dawaina dua atawa tilu, dieuyeuban ku motif ukiran nu mapantes sirahna tarawangsa.

Baca Juga: Juag Kurban Sapi

Indra Budiaji.* GLR

Rumawat kana seni tradisi, di SMPN 1 Lémbang, Indra ngajurung laku muridna parigel kana sakabéh waditra Sunda. Saban poé, utamana Saptu jeung Minggu atawa poé peré (libur), dimangpaatkeun Indra, ngajarkeun prakték seni nabeuh waditra seni Sunda.

"Alhamdulillah, barudak téh aya nu parigel kana tari, parigel nabeuh kendang, calung, nabeuh kacapi, nabeuh rebab jeung tarawangsa, nabeuh degung, jeung nu sanésna," pokna.

Nguatan budaya Sunda nu rageman, Indra gé ngalatih drama jeung teatér. Samalah, anyar kénéh, siswa SMPN 1 Lémbang mintonkeun drama kolosal, Radén Alit Prawatasari, pahlawan ti Cianjur nu ngalawan gangasna VOC.

"Urang Sunda gé boga pahlawan tanggoh, buktina Raden Alit Prawatasari, ulah wanoh ka pahlawan ti daerah séjén wungkul," pokna.

Pintonan drama Raden Alit Prawatasari matak ngageunjleungkeun komunitas seni tradisi di wewengkon Kabupaten Bandung Barat.

Atuh di imahna, Jalan Sukamaju, Gang Babakan 2, Désa Kayuambon, Lémbang, Indra mayeng ngalatih warga nu hayang bisa kana seni tradisi Sunda.

Indra gé ngingu dua kuda tunggang, nu sok dipintonkeun dina acara-acara nu tangtu.***

 

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler