Hadiah Sastra Rancagé 2023, Ieu Béréndélan nu Kasinugrahan Hadiah ti Yayasan Kebudayaan Rancagé

2 Februari 2023, 07:40 WIB
Buku-buku nu dilélér Hadiah Sastra Rancagé 2023.* /rancage.id/

GALURA – Hadiah Sastra Rancagé 2023 minangka pangajén geusan kamajuan kabudayaan daérah jeung Nusantara.

Béwara nu narampa Hadiah Sastra Rancagé 2023 diumumkeun 31 Januari 2023.

Lian ti karya sastra Sunda, Hadiah Sastra Rancagé gé pikeun karya sastra Jawa, Bali, Lampung, Batak, Banjar, tur Madura.

Hadiah Sastra Rancagé nu dimimitian taun 1989 téh dipokalan ku sastrawan Ajip Rosidi (alm).

Anapon Hadiah Sastra Rancagé 2023, keur sastra Sunda nu ka-35 kalina, keur sastra Jawa nu ka-29, sastra Bali nu ka-25, katut nu katujuh kalina pikeun sastra Lampung jeung sastra Batak.

Sedengkeun pikeun sastra Banjar jeung Madura, taun ayeuna mah teu diajén Hadiah Sastra Rancagé 2023 alatan ukur aya dua karya sastra Madura nu medal, sarta sastra Banjar euweuh sama sakali nu medal.

Pon kitu deui taya nu medal buku carita barudak basa Sunda keur Hadiah Samsudi.

Baca Juga: Haji Hasan Mustapa; Birokrat, Sastrawan Sufistik, jeung Ulama “Mahiwal” nu Sosobatan jeung Snouck Hurgronje

Baca Juga: Haji Prawatasari Teureuh Panjalu nu Mimiti Bajuang di Cianjur Mibanda Pasukan nu Bisa Lus-Les Laleungi

Sajero taun 2022, Yayasan Kebudayaan Rancagé nampa 53 judul buku, wincikanana: sastra Sunda (10 judul), sastra Jawa (23 judul), sastra Bali (10 judul), sastra Batak (6 judul), katut sastra Lampung (4 judul).

Husus karya sastra Sunda nu medal taun 2022, aya tilu nominasi, nyaéta Surat ti Palmira karya Hadi AKS, Sangkakala karya Cecep Burdansyah, sarta Sawangan kana Carita Pantun karya Wahyu Wibisana.

Pikeun karya sastra Sunda, Surat ti Palmira (kumpulan carpon) karya Hadi AKS dilélér Hadiah Sastra Rancagé 2023.

Baca Juga: Milu Makalangan dina Serial ‘The Last of Us’, Christine Hakim Kapeto Jadi Ilmuwan Indonesia

Anapon arinyana nu nampa Hadiah Sastra Rancagé 2023 pikeun sastra daérah séjénna nyaéta : sastra Jawa, Suro Agul-Agul (kumpulan carpon) karya Narko Sodrun Budiman, sastra Bali, Kali Sengara (Masa Anomali) kumpulan puisi I Wayan Dibia, sastra Batak, Boan Ahu Mulak (Bawalah Aku Pulang)” karya Saut Poltak Tambunan.

Sedengkeun pikeun sastra Lampung, nu meunang Hadiah Sastra Rancagé 2023 téh nyaéta Singkapan karya Zabidi Yakub.

Éta nu narampa Hadiah Sastra Rancagé 2023 téh baris meunang piagem katut duit 7,5 juta rupia nu bakal dipasrahkeun 29 Juli 2023, ari tempatna mah engké bakal dibéwarakeun.

Dina Hadiah Sastra Rancagé 2023, nu jadi jurina pikeun sastra Sunda nyaéta Hawe Setiawan jeung Tedi Muhtadin, Sri Widati Pradopo (sastra Jawa), Dhanu Priyo Prabowo (sastra Jawa), I Nyoman Darma Putra (sastra Bali), Farida Aryani (sastra Lampung), Rita Sihite (sastra Batak), Hairus Salim (sastra Banjar), katut D. Zawawi Imron (sastra Madura). ***

Baca Juga: Konsep Tri Tangtu di Sunda, Beda jeung Trias Politika Mantesquieu

 

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler