Asa bénjol binti genyur ieu sirah, ”Geus cukup bekel kitu, keur nyalopa di kuburan?”
Haduh, kuring ngabirigidig. “Chattingan puluhan jam, maenya sholat anu pira lima menit teu kapaliré.”
Cundang, peuting ieu mah chattingan téh. Kuring ngabelepbep total. Kuring ngoléséd ka toilet. Saha sih Romihah téh? Sholat jelas ébat. Lima menit ti rohang pangshalatan, telenjeng deui ka hareupeun komputer. Bray, “Gué katé jugé apé!” ceuk manéhna ngajibrutan. Sabodo, kuring langsung narajang.
“U geus aya nu boga, acan?”
Jempling. Sok lah kuring ayeuna di atas angin, Sa_Trya Gwan_tenk téa atuh. Urusan perayuan umum mah moal aya tandinganana. “Héy, U geus aya nu boga teu? Awas diitung tepi ka tilu nya!”
“Teu acan!”
“Bener?”
“Leres!”
“Geus wé kieu, kumaha mun U jadi kabogoh Ay? Satuju?” Asa gagah kuring ayeuna mah tapi layar nambleg alias euweuh balesan. Lila-lila, ”Ay anti bobogohan!” Wah boa lain anak Batawi meureun. Piraku teu wawuh jeung nu ngaranna bobogohan dina jaman now. “Harom!”
“Harom?”