“25/Jkt.”
Beu, sasama jeung kuring atuh. Tapi piraku ah, aya ngaran Romihan di Jakarta. Sabodo kétang.
“Sok arék dilanjut?”cenah ngagebray ujug-ujug.
“Ok!”
“U”, chatter biasa nyingget you ku ‘U’. ”U, Ti jam sabaraha chattingan?”
“Bada Isya, kira-kira tabuh 19.10.” Cék kuring sakeunana wé, nanaohaon sih nanya-nanya jam sagala. “Geus isya-an acan?” Beu, indung ogé tara natanyakeun nu karitu. Tara ngagerejud maksa kudu ka cai barina ogé. Saha sih manéhna téh. Wawuh gé acan geus kumawani tutah-titah sholat. “Geus Isya-an acan?”
Ah, enyaan maksa. Kakara ayeuna chattingan tepi ka geregeteun kieu yeuh. Biasana kuring anu jadi manukna ngaheureuyan para chatter awéwé. “Pasti encan nya? Mun enggeus mah pasti ngajawab yés ké, muhun ké, tangtu ké, off course ké….”
“Mun acan kumaha? Pan janari ogé bisa kénéh!”
“Hé nu kasép, mémang u yakin bisa kénéh hirup tepi ka janari?”
Hadduh, punduk asa kapepeg. “Kiamat bisa waé kajadianana lima menit deui, nyaho!”