Tur de Laut Kidul

- 12 Desember 2023, 12:24 WIB
ilustrasi carpon Tur de Laut Kidul
ilustrasi carpon Tur de Laut Kidul /Budi Riyanto/galura.co.id

Carpon Budi Riyanto

RT Jonih ngajak rapat setap-setapna. Ceu Imas nu sok jadi lulugu di Pos Yandu Ka­na­nga, Basir Lak­beud Ketua Ka­rang Taruna RT, meunang ngahaja ngabentuk sangkilang euweuh aturanana, Mas Sohib Sekertaris RT, Bi Épon Bendahara RT, jeung Mang Sapdi Hansip RT.

"Jam tujuh tréng kituh, Sir!" ceuk RT Jonih ka Basir Lakbeud nutup talatahna, nitah ngondangan nu rék diajak rapatna.

"Okéh!" walon Basir Lakbeud, tuluy ngaléos dituturkeun ku Si Onod, batur caturna hiji-hijina.

Rapat nu cenah jam tujuh tréng téh béhna mah karék prung jam salapan kurang opatlas menit. Nu pangheulana datang ogé Hansip Sapdi jam tujuh leuwih sawelas. Kuncung-kuncung téh jug cur waé ninyuh kopi nu geus ngajagrag di téras, nya­dia­an nu rék rarapat. Ceu Imas geus rék jam dalapan ngurunyungna téh. Poho yén aya rapat balas jongjon lalajo sinétron. Basir Lakbeud haruhah-haréhoh jam satengah salapan. Kajong­jonan maén catur di Pos Ronda RT 05.

Mun teu ngadéngé Mas Sohib ngalobrol jeung Bi Épon mah aya bahan nepi ka janari maraén caturna téh. Inget kana rapat di imah RT Jonih, cengkat, berengbeng waé lumpat miheu­laan Sekertaris jeung Bendahara RT 04 nu arolohok, katut Si Onod nu teu lemék teu nyarék jongjon ngéntépan siki catur nu pabalatak.

Éta téh kajadian minggu ka­opat bulan Séptémber. Ari nu dirapatkeunana, RT Jonih hayang ngajak wargana pariknik ka laut dina ahir taun. Tadina mah rék dina ahir bulan Agustus rapatna téh, ngan harita téh riweuh kénéh ku acara Agustusan nu diayakeun dina minggu kadua bulan Sép­tém­ber.

"Atuh ieu mah lain agustusan, Té," ceuk Wa Olim ka RT Jonih nu keur nyaksian barudak Karang Taruna RT 04 darangdan panggung. Teu pati dipiroséa, kalah ka api-api tutuduh nitah itu-ieu ka nu keur baranggawé, bari enya keur diparigawé.

Hasil rapatna dicatet ku Mas Sohib.

  1. Warga RT 04 nu rék marilu piknik kudu nyéngcéléngan keur ongkos-ongkos jeung karcis ma­suk katut kaperluan séjénna.
  2. Warga RT 04 nu rék marilu piknik daptarna bisa ka Ceu Imas, Mas Sohib, jeung ka Basir Lak­beud.
  3. Nu nungtut mayar keur piknik duitna ditampung ku Bi Épon.
  4. Bi Épon kudu dijaga ku Hansip Sapdi 24 jam, sangkan duit nu dikumpulkeunana eu­weuh nu pirajeunan ngarampog.
  5. Su'al waktu jeung tempat nu rék ditujuna rék dirapatkeun deui.
  6. Tutup.

Barang émbaran acara piknik ditapel-tapelkeun di warung Mang Arda, warung Haji Omat, béngkél sapédah Kang Tasdim, jeung héleran Pa Umay ogé jug breg wé nu dalaptar. Noyék di unggal buruan imah Setap RT 04. Sihoréng loba nu nyarangka keur aya nu ngabagikeun sumbangan atawa pengobatan haratis cara ari lembur keur kacaahan. Tapi teu matak karukulutus pédah nyalahan, malah loba nu langsung nyaréngcéléngan tanda daptar rék marilu piknik.

"Mas, uing mah mayarna rék nyihcil ku béas ketan kaci?" ceuk Mang Encon ka Ceu Imas basa ngantay  daptar rék milu piknik. Teu ditarima, da cenah mayar ku béas mah engkéna bakal makan tempat dina neundeunna. Angot Mang Acé mah rék nyihcil ku meri babaya lima. Rasa manéh loba merina.

"Hayang atuh, Mas tukang ngangon meri ogé sakali-kalieun mah piknik ka laut." ceuk Mang Acé ka Mas Sohib basa daptar. Ngomong kituna téh alatan di­geunggeureuhkeun ku Kang Uir, majar merina bisa laleungitan mun ditinggalkeun piknik. Rada méndéléng, da rarasaanana asa dicarék milu piknik. Angot basa diheureuyan ku Mang Lamri mah, "Bawa wé merina kabéh, Cé, am­béh anan mah, angon di laut!" cenah.

"Bool sia!" témbal Mang Acé bari ngabéngbéos ambek. Eukeur mah rék nyihcil ku merina ditolak ku Mas Sohib.

"Nteu aya khandhangna Mang Acéh di ngabdina. Kejabina téh modholna barau pisan," ceuk Mas Sohib teu euleum-euleum.

RT Jonih ngayakeun rapat deui bulan Oktober. Ngabada­mikeun tanggal piinditeun, tempat anu dijugjug, jeung ngitung jumlah warga RT 04 nu marilu.

"Ké mun geus puguh jumlah nu mariluna, tinggal urang nyar­ter beusnac" ceuk RT Jonih. Kabuktian basa mimiti narima daptar nu marilu téh nepi ka leuwih ti dua ratus urang. Tapi saminggu saenggeusna bet loba nu ngabarolaykeun.

Néng Zahrah Azizah mah alesanana dicaram ku mitohana. Cenah najan keur kakandungan bakal kuat di jalan ogé, angger hariwang bisi ngajuru di laut. Mang Dacim bantrok jeung hajat nyundatan Si Odih. Padahal Si Odihna mah mani géréméngméngan hayang milu piknik ka laut.

"Heueuh atuh, Ieuh urang milu wé!

Karunya Si Sodih, itung-itung nyenangkeun budak karia," ceuk indung Si Odih semu ngalimba.

"Pék waé tinggal milih!" walon Mang Dacim, "Tuh, embé téh rék dipeuncit keur nyundatan anak manéh, atawa mending dijual keur ongkos piknik?" pokna deui bari teu lésot nangkeup tuur di golodog.

Bep waé indung Si Odih jempé dikitukeun téh. Minangka tuluyna ngadon nginghak di dapur, cita-citana hayang piknik ka laut moal laksana.

Dina rapat bulan Novémber mah geus cindek, tina rék nyarter beus saopat-opat téh tulusna mah ngan rék nyéwa elf hiji. Bari geus aya kasanggupan yén Basri Lakbeud diukna di deukeut la­wang dina jojodog bawa ti imah, Hansip Sapdi nangkél di lawang ti indit nepi ka balik, kajaba mun aya nu turun ngadon nyimpang ka lemburna. Piknik warga RT 04 nu dingaranan Tur dé Laut Kidul téh nu mariluna ngan dua puluh dua urang. Dalapan awéwé, opat welas lalaki. Tina jumlah sakitu téh barudakna aya genepan.

Si Asép anak Kang Uir jeung babaturanana nu rék marilu pik­nik hideng méntaan ban jero mobil urut ti béngkél tambal ban Bang Karmel jeung ti Pa Haji Jajuli nu bogaeun treuk paranti ngakut kentang.

Rapat panungtung rék dilaksanakeun opat poé méméh indit piknik. Tapi batal, lantaran hujan ngecrek ti beurang kénéh. Isukna RT Jonih maksa sangkan kudu rarapat. Ngan Bi Épon jeung Basir Lakbeud teu miluan lantaran keur ééntép barang-barang di imahna nu nampeu ka wahangan, hariwang isuk-pagéto cai ngeléb.

Teu nyalahan, hujan kalah ka tuluy ngayer. Wahangan caah, lantaran cai ti gunung langsung bahé ka walungan bari ngirid leutak taneuh beureum. Akibat tina pepelakanana hayoh ditaluaran. Cai ti kota pon kitu deui, geus teu boga geusan nyerep lantaran taneuh-taneuh geus di heum­pikan beton jeung aspal.

Dina poéan  indit piknikna "Tur dé Laut Kidul" RT Jonih kalah ka karokojajayan jeung Si Asép sabatur-batur di lapang bal nu kakeueum semet cangkéng.*** (Dimuat di Galura cetak edisi I Juni 2020)

   

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Hiji Peuting di Bulan Ramadan

13 April 2024, 12:10 WIB

Minantu

20 Februari 2024, 12:51 WIB

Sempalan Ahir Désémber

5 Februari 2024, 15:22 WIB

Gonjak Asmara

30 Januari 2024, 14:00 WIB

Potret Aki-Aki Tumpak Munding

22 Januari 2024, 11:22 WIB

Terpopuler

Kabar Daerah

x