"Mas, uing mah mayarna rék nyihcil ku béas ketan kaci?" ceuk Mang Encon ka Ceu Imas basa ngantay daptar rék milu piknik. Teu ditarima, da cenah mayar ku béas mah engkéna bakal makan tempat dina neundeunna. Angot Mang Acé mah rék nyihcil ku meri babaya lima. Rasa manéh loba merina.
"Hayang atuh, Mas tukang ngangon meri ogé sakali-kalieun mah piknik ka laut." ceuk Mang Acé ka Mas Sohib basa daptar. Ngomong kituna téh alatan digeunggeureuhkeun ku Kang Uir, majar merina bisa laleungitan mun ditinggalkeun piknik. Rada méndéléng, da rarasaanana asa dicarék milu piknik. Angot basa diheureuyan ku Mang Lamri mah, "Bawa wé merina kabéh, Cé, ambéh anan mah, angon di laut!" cenah.
"Bool sia!" témbal Mang Acé bari ngabéngbéos ambek. Eukeur mah rék nyihcil ku merina ditolak ku Mas Sohib.
"Nteu aya khandhangna Mang Acéh di ngabdina. Kejabina téh modholna barau pisan," ceuk Mas Sohib teu euleum-euleum.
RT Jonih ngayakeun rapat deui bulan Oktober. Ngabadamikeun tanggal piinditeun, tempat anu dijugjug, jeung ngitung jumlah warga RT 04 nu marilu.
"Ké mun geus puguh jumlah nu mariluna, tinggal urang nyarter beusnac" ceuk RT Jonih. Kabuktian basa mimiti narima daptar nu marilu téh nepi ka leuwih ti dua ratus urang. Tapi saminggu saenggeusna bet loba nu ngabarolaykeun.
Néng Zahrah Azizah mah alesanana dicaram ku mitohana. Cenah najan keur kakandungan bakal kuat di jalan ogé, angger hariwang bisi ngajuru di laut. Mang Dacim bantrok jeung hajat nyundatan Si Odih. Padahal Si Odihna mah mani géréméngméngan hayang milu piknik ka laut.
"Heueuh atuh, Ieuh urang milu wé!
Karunya Si Sodih, itung-itung nyenangkeun budak karia," ceuk indung Si Odih semu ngalimba.
"Pék waé tinggal milih!" walon Mang Dacim, "Tuh, embé téh rék dipeuncit keur nyundatan anak manéh, atawa mending dijual keur ongkos piknik?" pokna deui bari teu lésot nangkeup tuur di golodog.