Kabayan Ngalanglang Jaman (29): Supata Raja Oidipus

- 11 Juni 2023, 05:00 WIB
/Desain: REA/

NAMPA isarah kitu, Kreon geuwat unggeuk sanggeus saméméhna cong nyembah. Tuluy nyanghareup ka balaréa.

“Bener, kaula geus nepungan pandita Dewa Apollo, nanyakeun ka Orakel di Delfi ngeunaan…”

“Ulah bulat-beulit nyarita téh, Kreon,” tempas salasaurang sesepuh.

“Enya, perkara andika indit ka Orakel mah pan kami saréréa gé geus nyaho. Apanan tadi gé geus sakitu jéntréna didadarkeun ku Gusti Prabu. Ayeuna mah kami saréréa hayang nyaho, kumaha tah jawaban Dewa Apollo ngeunaan sasalad anu ayeuna keur tumiba di nagri urang téh?!” ceuk sesepuh séjénna anu langsung dienyakeun ku nu araya dina éta gempungan.

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (28) : Gempungan di Karaton  

“Ceuk jawaban Dewa Apollo nu ditepikeun ku panditana, cenah urang téh kudu meresihan kota tina sagala rupa rurujit jeung werejit…”

“Naon maksudna? Apan unggal poé gé urang téh teu weléh beberesih. Aya runtah satambru di juru, kami giat ngalaksanakeun pancén demi kaberesihan kota,” ceuk patugas kaberesihan.

“Enya, tong boro runtah satambru, aya kalakay garing wé salambar, ku kami mah langsung dialungkeun kana wadahna,” ceuk salasaurang warga.

“Nu dimaksud mah lain éta,” témbal Kreon.

“Ari geus naon atuh? Oh, enya… maksudna mah meureun kami sasaréréa ulah miceun kokotor di mana bae. Kitu, nya? Kapan kami mah miceun kokotor gé sok di walungan!” ceuk nu séjénna.

“Lain. Lain éta!”

Baca Juga: Panganteur: Carita Nyambung (Carnyam) “Kabayan Ngalanglang Jaman”

“Itu lain, ieu lain! Sagala-gala lain! Ari heug naon atuh?” Nu séjén muncereng.

“Nu matak, ari kaula keur cacarita téh regepkeun heula tepi ka kaula anggeus cacarita.”

“Tuda andika mah nyarita téh sok bulat-beulit. Langsung wé ka nu ditujul, ulah ngalieurkeun kami saréréa.”

“Kieu saenyana mah…,” omong Kreon bari ngarénghap. “Kahayang Dewa Apollo téh, urang kudu nalungtik perkara rajapati téa.“

“Rajapati?” ceuk salasaurang sesepuh, kerung. “Rajapati anu tumiba ka Raja Laius téa?”

“Bener. Najan kumaha baé, memang urang ulah cicingeun! Kabéh-kabéh kudu néangan anu boga dosa maténina. Geus kitu, urang jagragkeun ka pangadilan. Béré hukuman anu sabanding ka manéhna. Malah kudu leuwih ti kitu, lantaran anu dipaténina gé lain si itu-si ieu, tapi raja anu salila ieu dipisérab ku urang, raja anu ngayoman sakumna rahayat Kota Thebes!” ceuk Kreon.

Omongan Kreon téh tandes naker, ngahudang amarah keur sakumna jalma anu araya di dinya.

Baca Juga: Head Line Galura Cetak II Juni 2023, Ngaguar Kabupaten Majalengka nu Dijulukan Kota Pensiunan jeung Kota Angin

Puguh baé antukna mah kabéh-kabéh padaréang nyaluyuan kana kekecapan anu bieu dikedalkeun ku Kreon.

Mireungeuh kitu, Oidipus geuwat ngulangkeun leungeun, méré isarah supaya saréréa teu nyoara.

“Najan kaula lain urang dieu, jeung éta rajapati téh kajadian saméméh datangna kaula ka dieu, jadi kaula teu mungkin kabaud dina éta perkara, tapi kaula boga kawajiban pikeun nyusud anu boga dosana,” omong Oidipus, leuwih ngagedur batan kekecapan anu tadi dikedalkeun ku Kreon. Saréréa taya nu kecét.

“Jadi…,” Oidipus nuluykeun omonganana, “kaula maréntahkeun ka sakumna warga Thebes, lamun sakirana aya nu nganyahoankeun saha mangkelukna nu geus wani-wani maténi Raja Laius, tong sieun, balaka baé ka kaula. Kaula bakal ngajamin kasalametanana. Ka manéhna ogé kaula bakal méré hadiah anu kacida lobana. Atuh sakumna warga Kota Thebes bakal nganuhunkeun nu taya hinggana. Jadi, sakali deui, tong sieun, geuwat nyarita ka kaula.” Oidipus ngarénghap, mencrong seukeut ka sakumna jalma nu araya. Jalma-jalma nu araya dina éta riungan, ngareluk tungkul. Kasima ku pencrongna Oidipus.

Baca Juga: Perang Bubat dina Carita Lisan di Desa Luragung Landeuh, Aya Putri nu Teu Milu ka Majapahit

“Malah, lamun sakirana nu boga dosana téh aya di dieu, sarta ngarasa sieun pikeun ngaku kana dosa nu geus dipilampahna, kaula miharep, tong sieun nyanghareupan hukuman. Lantaran kaula moal ngahukum sabeurat-beuratna. Dina beuratna gé, paling saukur kudu nyorang hukuman buang!”

Deui-deui Oidipus ngarénghap.

Deui-deui mencrong seukeut ka wargana nu ngareluk jiga bueuk meunang mabuk.

Saurang gé taya nu nyoara.     

“Tapi…,” ceuk Oidipus sanggeus ngarénghap deui, “lamun sakirana aya nu nyaho saha nu boga dosana sarta nyoba-nyoba ngarusiahkeunana, ulah sambat kaniaya, kaula bakal nyupata manéhna supaya sakumna jalma ngamusuhan ka manéhna. Keun manéhna sina diusir ti ieu kota, sarta di kota mana wae gé euweuh jalma nu haat nulunganana. Muga-muga baé jalma nu nyaho tapi ngarusiahkeun ieu perkara, dina panungtung hirupna kudu nandangan hirup nu pinalangsaeun tur hina, teu dipaliré ku sasama….!”

Reg Oidipus nyaritana ngarandeg, ngarénghap jero naker.

Paneuteupna angger mencrong seukeut ka nu araya di dinya.

Baca Juga: Nu Milu Uji Kompetensi Wartawan Angkatan 62-63 di Karawang, 88% Hasilna Nyugemakeun  

“Ngeunaan kaula…,” omong Oidipus sanggeus ngarénghap jero naker. “lamun sakirana si anu boga dosana datang nepungan kaula di mana kaula keur nyorangan, sarta kaula ngarusiahkeunana ka balaréa tur henteu méré hukuman ka manéhna, mangka muga-muga baé supata nu dikedalkeun ku kaula téh malik tumiba ka kaula. Kaula ménta-ménta ka paradéwa pikeun ngahukum maranéhna anu henteu ngalaksanakeun paréntah kaula ku hukuman anu sabeurat-beuratna. Ka maranéhna anu tuhu kana paréntah kaula, sarta mantuan mangnéangankeun anu boga dosana, muga-muga kurnia déwa marengan hirupna.”

Ngadéngé omongan Oidipus kitu, salasaurang sesepuh nu dipikasérab di éta kota maju ka hareupeun Oidipus.

“Gusti Prabu…,” pokna sanggeus cong sumembah.

“Aya naon, Mamang? Naha aya nu rék diomongkeun ku Mamang?”

“Gusti Prabu…, Gusti bieu geus ngedalkeun supata bari jeung kami teu nyaho saha jalmana anu disupata ku Gusti Prabu téh… Kami teu nyaho saha anu milampah dosana. Hiji-hijina anu nyahoeun mangkelukna mah taya lian iwal ti Apollo. Tapi urang minangka manusa teu bisa maksa déwa ngungkabkeun hal-hal anu ku déwa sorangan teu hayang diungkabkeunana. Jadi lebah dieu, aya hadéna lamun urang tumanya ka hiji peramal nu ngaranna Tiresias. Najan panonna lolong, manéhna bisa nénjo ku mata batinna, sarta leuwih nyaho kana sagala rupa nu urang henteu nyaho.”     

“Ngeunaan éta, kaula lain teu eungeuh. Tadi kaula geus maréntahkeun utusan sangkan ngadatangkeun Tiresias ka dieu. Tapi naha nya wayah kieu can ka dieu kénéh baé?” tembal Oidipus kerung, bari tuluy rarat-rérét ka sakurilingna.*** (Lajengkeuneun)

Baca Juga: Milangkala ka 381 Pindahna Puseur Pamarentah Kabupaten Galuh, Bupati Ciamis Jaroh ka Makam Luluhur Galuh

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x