Baca Juga: Panganteur: Carita Nyambung (Carnyam) “Kabayan Ngalanglang Jaman”
Oidipus anu harita aya di jajalaneun muru ka Thebes gé, geuwat dicegat ku éta mahluk.
"Hé, manusa!” ceuk éta mahluk pikasieuneun téh, sorana semu nu ngosom tapi handaruan. “Moal samata-mata andika ngalanto ka dieu lamun teu wani nyanghareupan kaula!"
"Naon anu kudu dipikasieun? Saha anu kudu dipikagimir ku Oidipus? Andika? Ke heulaanan kaula kudu gimir nyanghareupan mahluk anu teu ngawujud siga andika mah?" ceuk Oidipus, tatag naker.
"Lakadalah, éta sungut mani hipu kitu nyebut kaula mahluk nu teu ngawujud. Na andika teu nyaho, saha ari kaula?"
"Nyaho, matak kaula wani gé. Andika téh Sphinks téa, lain? Anu gawéna ngaririwaan pangeusi nagri, nyingsieunan jalma-jalma anu teu walakaya?"
"Wuahahaha... sukur, sukur andika nyaho ngeunaan kaula,” si Sphinks téh ngagakgak bungah naker, némbongkeun huntuna nu ranggéténg.
“Ku lantaran andika geus nyaho ka kaula, kaula moal loba catur,” ceuk si Sphinks deui. “Ayeuna kari milih baé, mending hirup mending modar, hah?"
"Saha mangkelukna anu rido milih modar bari teu ngalawan?!" témbal Oidipus teuneung.