Kabayan Ngalanglang Jaman (22): Takdir Geus Kalakonan, Kadar Geus Teu Bisa Disinglar  

- 28 Mei 2023, 05:00 WIB
/Desain: REA/

Sabot kitu, hiuk, hiuk... Raja Laius ngaheumbatkeun pecutna kana beungeut Oidipus.

"Bangkawarah, siah! Kalah ngabandel!" ceuk Raja Laius bari tuluy-tuluyan ngaheumbatkeun pecutna kana beungeut Oidipus.

Kanyeri geus teu dirasa. Béhna mah éta kanyeri téh geus ngabatu jadi amarah anu ngagugudag. Héak..., Oidipus sataker kebek ngaheumbatkeun tongkatna kana dada Raja Laius, tangka Raja Laius tijengkang teu bisa ngajaga kasaimbangan. Gebru baé labuh, sirahna ninggang pisan kana batu. Les baé nyawana teu katulungan deui.

Baca Juga: HPN Jabar di Karawang, Hajat Rongkah Insan Pers Jawa Barat, Ngagederkeun Seni Budaya Sunda

Mireungeuh rajana geus perlaya, badégana anu tiluan lain gimir, kalah amarahna beuki ngagugudag.

Éta badéga anu tiluan téh geuwat taki-taki ngepung Oidipus, sorot panonna mungguh beureum baruringas.

Kalawan ngagunakeun pakarang pedang jeung tumbak, maranéhna narajang ka Oidipus. Tapi saurang gé euweuh nu bisa nandingan kakuatan jeung kamahéran Oidipus dina ngulinkeun tongkatna, éta nu tiluan téh saurang-saurang pating ngajurahroh teu nyawaan.

Ponggawa Raja Laius nu harita ukur ngawaskeun parabadégana ngarempug Oidipus, nénjo kitu mah ngarempod, terus jicir teu ngalieuk-lieuk deui ka tukang.

Anapon Oidipus teu boga niat ngaberik éta jalma, tuluy baé neruskeun lalampahanana ka Thebes, teu misadar yén anu bieu perlaya ku manéhna téh Raja Thebes jeung rombonganana.

Enya, Raja Thebes, anu saenyana mah bapa tegesna pisan.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x