Pacaduan Uyut

16 Oktober 2023, 09:03 WIB
Ilustarsi carpon /Budi Riyanto/galura.co.id

Ku: Usep Romli H.M

LAIN sakali dua kali, Aki Amid cacarita ka anakna, ka incuna. Boh bari ngawangkong nyalse pasosore, boh ari ngahaja-haja ngariung. Nu jadi buku catur taya lian ti wasiat jeung amanat bapana, Uyut Uham, nu ngomat-ngomatan, sangkan anak, incu, buyut, bao, jeung saterusna tujuh turunan teu meunang ula-ilu kana kagiatan partey politik. Partey naon bae. Komo nu pahamna komunis.

“Kaalaman ku aing, lara balangsak dikerem tilu bulan. Bari jeung teu puguh kasalahan naon nu nyata,” kitu Aki Amid nyaritakeun deui omongan Uyut Uham. Minangka anak cikal, manehna ngarasa bogab tanggungjawab, ngariksa amanat jeung wasiat bapa, sarta nangtayungan anak-incuna tina supata pacaduan nu jadi kolot . “Heueuh apan aki atawa uyut maneh teh geus kedal ucap “Sing saha anak incu jeung turunan kami, pipilueun dina partey, bakal nongtot bo-ol Saumur-umur”. Daraek nyaraneh nongtot bo-ol saumur-umur?”

“Iyyy, ararembung teuing!” Nyi Onah anak Aki Amid nu bungsu ngabirigidig. Dituturkeun ku sejen-sejenna.

“Sudi najis!” Dulah, salah saurang incu Aki Amid, ngecrot nyiduh. “Barina ge naon untungna ula-ilu ngadukung partey. Usum kampanyeu, paling-paling ukur meunang kaos carang sasiki jeung kuah beukah baleuy sabungkus.”

“Naha kumaha kitu lalakon Uyut nepi ka kedal ucap kitu?” Mimin, incu Aki Amid pangleutikna, panasaran.

Atuh derekdek Aki Amid medar riwayat baheula, mangsa bapana, Uyut Uham, jagjag belejag. Terus ngalaman cilaka, nepi ka kedal supata.

“Kabeneran Aki harita geus sakola di STM. Jadi rada apa gekgekanna jeung moal poho. Sabab mindeng dititah besuk bari nganteuran dahareun ka Uyut maraneh nu diberok di Kodim. Tah harita teh, samemeh uyut maneh diberok, kaayaan harengheng pisan. Partai Komunis Indonesia, PKI, keur meujeuhna jaya. Kumawasa di nagara, lantaran Bung Karno, presiden, nyieun aturan nagara nu kudu diiluan ku tilu golongan: nasional, agama, komunis. Nasakom. Unggal ruing-riung kudu ngucapkeun yel-yel :     

“Hidup Nasakom !”

“Nasakom Bersatu !”

“Nasakom jiwa ragaku!”

 “Ganyang Malaysia!”  

Pangaktipna nya PKI tea. Dalah di pakampungan, PKI tara eureun ngagerakkeun massa. Ngayakeun acara-acara apěl jeung rarameěn, nu ngandung kampanye “Nasakom”. Rayat, kaasup barudak sakola, dikeprak kudu latihan baris. Jeung ngawihkeun lagu “Nasakom” unggal waktu.                          

“Saban  peuting tara towong pagelaran hiburan. Mintonkeun rupa-rupa kasenian: rěog, calung, baděng, angklung, kendang penca. Diselapan kakawihan rayat ti saban daěrah. Kayaning ‘Jaleuleu Ja’, ‘Tokeěang’, ‘Sasalimpetan’, ‘Gěnjěr-Gěnjěr’, ‘Gundul Pacul’, jsb. Diraěh boh dina kekecapan, boh dina gerakan, sangkan luyu jeung jiwa revolusi katut Nasakom jeung Ganyang Malaysia. Para seniman Lekra ti puseur dayeuh, rěa nu riab ka daěrah, ngarojong pintonan. Disebutna turba atawa turun ke bawah.

“Atuh rěa “seniman” pakampungan nu asa ngadadak kapakě. Hojih. Grup rěog pimpinan Bapa Kuwu nu kabeneran Ketua PKI tingkat desa, nu pamaěnna urang lembur samoděl  Kang Jamhur, Mang Kosim, Jang Maman, Cěp Ědi, katut nayagana, bareukah irungna. Sabab kapeto maěn di kabupatěn jeung di děsa sějěn. Komo lamun keur  maěn,  teu eureun-eureun ngagorowokkeun ‘Hidup Nasakom’ jeung ‘Ganyang Malaysia’, bayaranana sok ditambahan. Minangka bonus.

“Ampir sataun kaayaan kitu těh. Dunya politik harěnghěng. Bulan Séptémber 1965, der kajadian Gerakan 30 September. Běja ngeunaan “G-30-S gancang sumebar. Tina berita radio, surat kabar jeung běja paběja-běja. Jalma-jalma nu kungsi kanyahoan aktip di PKI sanajan ukur ula-ilu, geus teu ngareunah cicing. Kuwu mangrupa kekentong PKI , gancang ngereles. Ninggalkeun imahna, nu sawatara minggu ti tas kajadian G-30-S didaruruk teuing ku saha.

“Atuh para pamaěn rěog nu ditulis tonggong minangga anggota Lekra, ditěwakan. Dibawa ka kantor Koramil. Najan ukur mimingguan, teu wudu matak geumpeur salelembur. Papada mangwatirkeun ka anak pamajikanana. Bari jeung salakina kitu téh ukur ilu-iluan. Teu nyaho nanaon soal politik. Ukur milu ngarěog, ngagorowokkeun Nasakom jeung Ganyang Malaysia.

“Uyut Uham, pědah sok narompět jeung ngigel dina grup kendang penca akuan Lekra ditahan tilu bulan  di Kodim jeung Korem. Lantaran teu nyaho nanaon těa, komo sual maěhan jěndral di Lubang Buaya,dileupaskeun deui. Sadatang-datang ka imah, sanggeus rerep capě jeung baluas, diceungceurikan pamajikan katut anak incu, Uyut Uham nitah Aki, nuar awi bitung. Tujuh ruas dicecebkeun di buruan. Sina di riung ku sakaběh anak incuna.

“Ti semet ieu, kami cadu mungkuk haram dempak ula-ilu kana partěy. Partěy naon baě. Komo PKI katut nu sawarna jeung ěta mah. Lamun aya anak incu ngarempak ieu pacaduan, disupata nongtot bo-ol saumur-umur!”  hěat Uyut Uham ngulangkeun parang badag. Bres, awi bitung sagedě pingping, beulah sapisan. Terus ěta parang dipakě ngagurat taneuh, bari nyarita tarik. “Neukteuk leukeur meulah jantung cas pancas paria jawa. Sing saha anak incu aing anu asup partěy, nongtot bo-ol saumur-umur. Saksian ku sarěrěa!”

“Nyaksěni!” těmbal Aki sadudulur, jeung tatangga nu kabeneran ngariung di dinya.

“Untung bapa uing nolak basa ditawaran nyaleg ku salah sahiji partéy. Sakitu diolo-olo. Apaleun meureun kana pacaduan Uyut,” salah saurang incu Aki Emid nyelengkeung.

“Leuh mun daék narima, meureun bapa manéh nongtot bo-ol saumur-umur,“ incu nu séjén ngagonjak.*** (dimuat dina Galura, IV Oktober 2023)

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Hiji Peuting di Bulan Ramadan

Minantu

Sempalan Ahir Désémber

Gonjak Asmara

Potret Aki-Aki Tumpak Munding

Terpopuler