Kabayan Ngalanglang Jaman (27): Nagri nu Pinuh ku Pepedut Getih

6 Juni 2023, 05:00 WIB
/Desain: REA/

"RAYI Prabu," ceuk Kreon sanggeus sajongjongan teu nyoara, "aya katetepan Déwa anu ku urang kudu disorang. Ceuk iber nu katampa ti Orakel di Delfi, cenah urang kudu meresihan ieu nagri tina kokotor nu geus ngotoranana. Ieu nagri téh pinuh ku pepedut tina getih jalma nu dipaténi bari teu tuah teu dosa. Ku kituna, pikeun meresihanana, urang kudu manggihan jalma nu geus kumawani maténi, bari satuluyna éta jalma kudu dipaténi ogé. Cohagna mah, hutang getih bayar ku getih, hutang nyawa bayar ku nyawa!"

"Ké heula! Saha nu dipaténi, nu dimaksud ku Orakel téh?"

"Raja nu maréntah ieu nagri saméméh diparéntah ku Rayi Prabu." 

"Raja Laius?"

"Enya. Déwa maréntahkeun, mun hayang salamet tina musibat nu karandapan ku urang, urang kudu geuwat-geuwat méré hukuman ka si nu maténina téa."

Baca Juga: Head Line Galura Cetak I Juni 2023, Kabupaten Ciamis Jadi Kabupaten Galuh Ulah Ngikis Jati Diri Tatar Ciamis

"Kakang Prabu, sing inget..., kumaha urang rék méré hukuman ka nu maténina, kapan mangkelukna gé teu kanyahoan?! Jaba éta kajadian téh geus kawilang lila, bangga dipaluruhna."

"Moal aya perkara nu bangga satungtung urang usaha satekah polah mah, Rayi Prabu. Bebeneran bisa tetep nyamuni lamun urangna henteu enya-enya néanganana."

Leng, Oidipus ngahuleng.

Ari dipikir dibulak-balik mah, bener ogé tah omongan Kreon téh.

Tapi, kumaha rék maluruhna, kapan boh anu maténina boh anu dipaténina gé, manéhna mah teu nyaho kana beubeungeutanana.

Enya, salila ieu manéhna ngan saukur ngadéngé béja, yén Raja Laius téh aya nu maténi, bari jeung teu nyaho di rupa Raja Laius.

Baca Juga: Nu Milu Uji Kompetensi Wartawan Angkatan 62-63 di Karawang, 88% Hasilna Nyugemakeun  

Manéhna gé ngadéngé béja deuih, yén anu maténi Raja Laius téh gorombolan rampog, bari jeung teu nyaho rampog mana nu geus kumawani tur gagabah maténi raja nu keur kumawasa di Thebes.

Mun nilik ka dinya mah asa hésé dipaluruhna.

Tapi, manéhna kudu tetep usaha pikeun maluruh saha nu jadi ulon-ulonna éta kajadian. Minangka raja nu kumawasa ngagenti kalungguhan Raja Laius, manéhna teu bisa cicing kitu baé. Manéhna teu bisa ngantep nagri jeung pangeusina kaancam ancur burakrakan lantaran katarajang musibat nu rohaka.

Enya, mun hayang nagri jeung rayatna salamet tina musibat gedé, nu maténi Raja Laius téh kudu ditéangan laju dipaténi. Kapan kitu kahayang déwa téh. Goréng kasebutna mun manéhna ngantep mah. Piraku jeneng jadi raja bet ngantep rahayatna nandangan tunggara?!

Atuh lila-lila diantep mah, kaburu ancur ieu nagri téh! Piraku jeneng raja teu walakaya ngungkulan éta masalah?!

Atuh teu geuwat-geuwat diungkulan mah, wirang manéhna jadi raja! Meureun ceuk paragegedén katut rahayat téh, tong jadi raja ari teu becus mémérés masalah mah!

Baca Juga: Ti 1 Juni 2023 Kareta Api nu Eureun di Stasiun Ciamis Leuwih Loba

Teu hésé saenyana mah, ceuk pikirna deui, lamun seug nu jahatna kanyahoan. Tinggal nyerek wé. Tinggal gusur wé ka dieu. Tinggal jagragkeun wé ka hareupeun. Geus teu kudu ditalék deui ku naon manéhna bet maténi nu jadi raja, tinggal hiet wé ngaheumbatkeun pedang. Tuman!

Tuh pan, mungguh babari, teu hésé!

Tapi kapan masalahna lain éta.

Nu jadi masalah téh, boh Oidipus boh paragegedén, komo rahayat mah, teu nyaho samasapisan kana kajadianana. Naon nu rék dijadikeun bukti? Saha nu bisa dijadikeun saksi?

Salila-lila ngahuleng, Oidipus can baé manggih pijalaneun.

"Di mana Raja Laius téh dipaténina?" ceuk Oidipus tuluyna, sanggeus ngaheneng salila-lila.

"Di satengahing lalampahan rék ka Orakel-keun, Rayi," témbal Kreon.

Baca Juga: Ti 1 Juni 2023 Kareta Api nu Eureun di Stasiun Ciamis Leuwih Loba

"Rék ka Orakel-keun? Naha mémang harita téh Raja Laius aya tanyakeuneun ka Orakel?" Oidipus mencrong seukeut ka lanceuk dahuanana.

"Teu nyalahan, Rayi. Harita téh Raja Laius rék nanyakeun cara ngabébaskeun nagri tina pangancam Sphinks."

"Ti harita teu kungsi témbong-témbong deui jirimna?"

"Cohagna mah teu kungsi balik deui ka dieu. Nu matak, kakawasaan di ieu nagri kosong. Keur kosong kitu téh, Rayi Prabu datang ka ieu nagri bari mawa béja pikabungaheun keur sakumna pangeusi nagri. Rayi Prabu dianggap pahlawan ku sakumna rayat Thebes da geus hasil maéhan Sphinks téa. Nya, ahirna sakumaha nu kaalaman ku Rayi ayeuna, Rayi Prabu kaselir ngagantikeun Raja Laius nu palastra alatan dirogahala ku rampog."

Ngadéngé jawaban Kreon nu sakitu merélé ngabéjér-beasna, leng deui Oidipus ngahuleng. Tapi teu sabaraha lila, pok deui nanya.

"Harita miangna dibarengan ku ponggawa?"

Baca Juga: Kepala Kemenag KBB: Calon Haji Asal KBB nu Batal Miang ka Tanah Suci 36 Urang

"Mémang dibarengan, Rayi, tapi kabéhanana milu tiwas. Ngan saurang anu henteu téh da tuluyna bisa jicir. Kitu gé, tina pangakuanana ngan saeutik anu bisa dipaluruh."

"Tah, tah, tah!" ceuk Oidipus rada aya harepan. "Najan saeutik ogé, sugan wé nyay-nyayan, Kakang. Kumaha cenah ceuk éta ponggawa téh?"

"Cenah anu geus maténi Raja Laius téh gorombolan rampog, Rayi. Enya, gorombolan da lobaan, lain ngan saurang."

“Sual éta mah kaula gé nyaho atuh, Kakang, najan ceuk béja nu hawar-hawar gé!” omong Oidipus semu nu teugeug.

“Da ngan sakitu-kituna, Rayi, anu kedal ti ponggawa nu salamet téh.”

“Taya deui kekecapan séjénna nu bisa dipaké maluruh éta kajadian?"

"Ngan sakitu-kituna, Rayi."

Leng deui Oidipus ngahuleng.

Baca Juga: Panganteur: Carita Nyambung (Carnyam) “Kabayan Ngalanglang Jaman”

"Duh, hésé dipaluruhna ari kitu mah, Kakang," pokna deui semu nu ngagerentes.

Kreon gé teu némbalan nanaon, kalah tuluyna milu ngahuleng.    

"Tapi, Kakang…," ceuk Oidipus tuluyna.

Kreon anu keur anteng ngalamun tangka ngarasa kagebah.

"Tapi kumaha, Rayi?"

"Kaula mah ngarasa hémeng, Kakang…"

"Hémeng téh hémeng kumaha, Rayi?"

"Ceuk béja…, enya ceuk béja, da kaula mah kaasup jalma anyaran di ieu nagri. Tah, ceuk béja, ka Raja Laius mah tara aya nu wani-wani cucungah, komo tepi ka ngarogahala atawa maténi mah. Kaharti kituna mah, da dihenteu-henteu gé Laius téh raja nu keur kumawasa.”

“Enya, terus?”

“Tong boro kasebutna rampog, dalah pangawasa nagri musuh gé kudu mikir sababaraha balikan rék maténi raja mah. Ari ieu, pantar rampog geus sakitu kumawanina ngarogahala raja, aya alesan naon di satukangeun éta kajadian?!"

Baca Juga: Calon Jamaah Haji ti Majalengka nu Pangsepuhna Umurna Saabad Kurang Lima Taun

Meunang pananya kitu ti Oidipus, Kreon ukur unggut-unggutan, da mémang éta pananya téh lain ditujulkeun ka manéhna tapi ditujulkeun ka diri Oidipus-na sorangan.

"Puguh, Rayi, kami gé geus boga kacurigaan ka dinya. Kami gé kungsi masualkeun éta masalah, tapi harita kaayaan nagara mungguh teu puguh lantaran ditinggalkeun maot ku nu jadi raja. Kami jeung paragegedén di ieu nagri teu kungsi maluruh kajadian nu sabenerna, lantaran puseur perhatian kami saréréa leuwih kasedot ku ayana teror ti Sphinks téa. Ku kituna, Rayi, ayeuna mangsa nu hadé pikeun urang maluruh kajadian nu saenyana."

"Bener, Kakang. Urang teu bisa cicingeun. Komo deui ieu téh paréntah déwa nu teu bisa diantep kitu baé. Kaula rék usaha satékah polah ngungkab lalangsé nu salila ieu mindingan éta kajadian. Ieu paniatan téh éstu tumorojog tina haté nu pangjerona, lain baé pédah geus jadi kawajiban kaula ka nu jadi korban, tapi ogé pikeun kapentingan kaula sorangan. Lantaran saha nu nyaho, jalma nu geus maténi Raja Laius téh hiji waktu mah bisa baé maéhan kaula.”

“Enya… Bener, kitu pisan, Rayi.” Kreon unggut-unggutan.

“Ku kituna, Kakang, geura paréntahkeun utusan sangkan ngumpulkeun sakumna rahayat di dieu. Keun, ieu pasualan mah pasrahkeun baé ka kaula. Kaula percaya kana pitulung Apolo, yén urang saréréa baris salamet. Tapi dina teu salametna, tong teuing nyalahkeun takdir, éta mah samata-mata ku lantaran Hyang Widi geus ngersakeun kitu."*** (Lajengkeuneun)

Baca Juga: HPN Jabar di Karawang, Hajat Rongkah Insan Pers Jawa Barat, Ngagederkeun Seni Budaya Sunda 

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler