Kepala Kemenag KBB: Calon Haji Asal KBB nu Batal Miang ka Tanah Suci 36 Urang

- 30 Mei 2023, 11:19 WIB
calon haji asal KBB nu ngagabung dina Kelompok Terbang (Kloter) 9, Jumaah (26/5), di Pusdikav Kota Baru Parahyangan dijurung laku ku Bupati KBB, Hengky Kurniawan nuju ka Asrama Haji Bekasi. Kepala Kemenag KBB nyebutkeun calon haji asal KBB nu batal miang ka Tanah Suci lobana 36 urang.*
calon haji asal KBB nu ngagabung dina Kelompok Terbang (Kloter) 9, Jumaah (26/5), di Pusdikav Kota Baru Parahyangan dijurung laku ku Bupati KBB, Hengky Kurniawan nuju ka Asrama Haji Bekasi. Kepala Kemenag KBB nyebutkeun calon haji asal KBB nu batal miang ka Tanah Suci lobana 36 urang.* /

GALURA -Plt Kepala Kemenag KBB (Kabupaten Bandung Barat), H. Sopian, S.PdI., M.Si dijejeran Kepala Seksi Penyelenggaraan Haji & Umroh, Fuad Lutfi, netelakeun, jamaah calon haji asal KBB, nu batal miang ka Tanah Suci taun 2023 ayeuna, jumlahna 36 urang.

Nu jadi marga batalna calon haji asal KBB miang ka Tanah Suci, ceuk Plt Kepala Kemenag KBB, ku lantaran tepi ka batas waktu nu geus ditangtukeun, teu ngalunasan ongkos Biaya Perjalanan Ibadah Haji (Bipih), tilar dunya samemeh miang, umur nu kawilang sepuh jeung alesan sejenna.

Plt Kepala Kemenag KBB nyebutkeun calhaj asal KBB nu teu bisa miang ka Tanah Suci quotana diganti ku calhaj cadangan. Jamaah calon haji cadangan asal KBB, jumlahna ngahontal 369 urang. Ari calon jamaah haji asal KBB jumlahna 1.147 urang.

Baca Juga: Miangkeun Jemaah Calon Haji Asal Ciamis Kloter Munggaran, Bupati Ciamis: Niat Ibadah Haji Karana Alloh

“Mung, nu tos ngalunasan Bipih, ngawengku quota cadangan, quota lansia, sareng quota lunas murni aya 1.111 urang,” ceuk Fuad. Nyambungkeun obrolanna, Fuad, netelakeun, pihakna geus koordinasi jeung KUA katut KBIH, nataan calon haji nu can ngalunasan Bipih. Husus calhaj nu asup kana kategori lansia, ti KBB jumlahna 197 urang.

Sajumlah 392 urang jamaah calon haji asal KBB nu ngagabung dina Kelompok Terbang (Kloter) 9, Jumaah (26/5), di Pusdikav Kota Baru Parahyangan dijurung laku ku Bupati KBB, Hengky Kurniawan nuju ka Asrama Haji Bekasi. Luyu jeung jadwal, Saptuna (27/5/2023) jam 20.30 miang ka Madinah.

Waktu berita ieu dimuat, rombongan Kloter 9 KBB nu dijejeran 8 patugas haji geus cunduk ka Madinah, langsung ngalaksanakeun saniskara ritual ibadah jeung sawarehna jamaah aya nu ngalaksanakeun shalat arbain bari ngadagoan jadwal miang ka Tanah Suci Makkah pikeun ngalaksanakeun Wukuf katut ritual ibadah sejenna.

Samemehna, Salasa (23/5/2023) Kepala Kanwil Kemenag Jabar, Ajam Mustajam dijejeran Kepala Bidang Penyelenggaraan Haji dan Umroh, Boy Hari Novian, netelakeun, jumlah sagemblengna jamaah calon haji asal Jabar nu baris miang ka Tanah Suci taun 2023, jumlahna 38. 723 urang.

Baca Juga: Ngaraketkeun Ukhuwah, DPD PKS Kabupaten Majalengka Halal Bilhalal, Siap Tandang tur Unggul dina Pemilu 2024

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x