Pangajaran di MTs Cisasawi Bandung Barat Dibarung Palaksanaan Dakwah tur Syiar Islamiyah

- 14 Februari 2023, 14:10 WIB
Kagiatan pangajaran di MTs Cisasawi, nu perenahna di Kampung Cisasawi, Desa Cihanjuang, Kacamatan Parongpong, Kab. Bandung Barat, Senen 13 Februari 2023/Galura/ RAMELI AGAM
Kagiatan pangajaran di MTs Cisasawi, nu perenahna di Kampung Cisasawi, Desa Cihanjuang, Kacamatan Parongpong, Kab. Bandung Barat, Senen 13 Februari 2023/Galura/ RAMELI AGAM /

GALURA – Madrasah Tsanawiyah atawa MTs Cisasawi ti mimiti ditaratas boga udagan pikeun ngagumelarkeun generasi nu parigel tur mandiri.

Eta kamandirian jeung kaparigelan nu dipiboga ku sakumna siswa MTs Cisasawi teh bari didasaran ku ajen-inajen Islami.

Ngadeg dina lahan wakaf, MTs Cisasawi nempatan lahan lega kira 405 meter pasagi, katut kiwari diwengku 80 siswa-siswi.

Baca Juga: Simulasi Nyanghareupan Bencana Alam keur Budak Sakola Digelar di Garut

Baca Juga: Ekskul Literasi jeung Jurnalistik SMK Roudlotul Ulum, Ngokolakeun Mading PENA RU jeung Buletin Sakola

Baca Juga: Tandes, Bupati Garut Rudy Gunawan Miharep ka Para Kapala Sakola, Tong Ngabeungbeurat Masarakat!

Ieu madrasah nu ditaratas kawit taun 2010 teh dikokolakeun ku Yayasan Baitun Nidzom, perenahna di Kampung Cisasawi, Desa Cihanjuang, Kacamatan Parongpong, Kabupaten Bandung Barat.

Waktu dikolongan di kantorna, Senen, 13 Februari 2023, Kepala MTs Cisasawi, Ahmad Jaelani, ngeceskeun, meh sakumna aktivitas pangajaran diwangun dina kagiatan nu matak pikagumbiraeun.

Ajen-inajen agama, budaya lokal katut budaya bangsa, ngadumanis jeung tujuan ngaronjatna hasil pangajaran siswa luyu jeung standar nu dipiharep.

Baca Juga: Najan Ombak Ngagalura, Teu Jadi Hahalang Babinsa Sertu Heri Ngalaksanakeun Tugas Pembinaan Desa

“Kaparigelan jeung kamandirian siswa MTs Cisasawi satekah polah dilimpud ku pangawasaan elmu pangaweruh nu didasaran kaimanan tur katakwaan,” ceuk Ahmad Jaelani.

Laju manehna ngebrehkeun, yen di MTs Cisasawi ge aya ekstrakurikuler saperti Pramuka, futsal, sepakbola, penca silat, jurnalistik, PMR, sarta Pusat Informasi Konseling (PIK-R).

Rupa-rupa prestasi nu dihontal ku MTs Cisasawi kayaning Juara I Futsal Porseni KKM 2012, Juara I Gelegar Pramuka Bina Essa 2018, Juara II Gladi Tangkas Jawa Barat 2018, sarta Juara III Kompetisi Sains Madrasah Bandung Barat 2019.

Baca Juga: Karajaan Rajagaluh Jaman Prabu Cakraningrat Dipedar dina Babad Cirebon

Ajen-inajen kaimanan jeung katakwaan nu digederkeun di MTs Cisasawi teh dipiharep bisa numuwuhkeun sikep ahlakul karimah.

Tah, palakiah nu dilarapkeun di ieu madrasah geusan ngawujudkeun tujuanana teh antarana ngalaksanakeun pangatikan nu unggul enggoning ngagumelarkeun generasi cerdas nu mandiri kalawan dilimpud kaimanan.

“Pangajaran nu dilakonan di MTs Cisasawi oge tumali jeung palaksanaan dakwah jeung syiar Islamiah, sarta ngaronjatna ketak pangabdian pikeun umat,” pok Ahmad Jaelani.

Baca Juga: Karajaan Ragaluh nu Diadegkeun ku Dewa Niskala, ceuk Kuncen Leuweung Prabu Siliwangi, Lain Dongeng

Sajeroning kitu, guru pembina Pramuka MTs Cisasawi, Bagja, mertelakeun, kiwari regu Pramuka ieu madrasah keur tatan-tatan nyanghareupan Lomba Tingkat 3 Pramuka Kabupaten Bandung Barat nu baris digelar ping 24-26 Februari 2023.
“Ku kituna, nyungkeun dorong du’ana muga wae regu Pramuka MTs Cisasawi bisa ngahontal prestasi sahade-hadena kalawan laju makalangan kana lomba tingkat satuluyna,” ceuk Bagja. ***

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah